Heureuy Bandung DHIPA GALUH PURBA
TADINA mah moal
dibéja-béja ka sasaha ogé. Ceuk paribasana mah bulu tuur ogé moal dibéré nyaho.
Hanjakal pisan, meunang saminggu mah éta kajadianna teh bet kaimpi-impi baé.
Teu kaur rék mayar hutang, pasti wé kaburu inget. Anu antukna kuring jadi léah,
éta pangalaman rék dibéjér béaskeun baé. Pangpangna mah honorna rék dipaké
mayar kopi jeung udud, tur ieu pangalaman éndah téh bakal dicatet minangka hiji
panineungan anu pangistiméwana saumur kumelendang di alam dunya. Hébat pokona
mah!
Harita téh poé Saptu, 2 Januari
2002. Di rédaksi Manglé keur aya acara pamasrahan hadiah para pinunjul ngarang
carpon jeung novélét. Sanajan kuring mah teu asup kana pinunjul nanaon, tapi
kuring ngahajakeun ngaluuhan. Disagédéngeun hayang ménta tanda-tangan ka
sabangsaning Godi Suwarna, kuring ogé hayang 'ningali' para pinunjul ngarang
rumaja (anu béjana mah awéwé kabéh). Jeung dina enyana deuih. Ti mimiti Néng
Nunung, Néng Dédéh, nepi ka Néng Hilda, kabéhanana ogé gareulis jeung maléncrang.
Nya, sanajan rupa kuring teu sabara kasép ogé, ari perkara anu ngait mah aya
pisan, baju kuring kana tulak panto.
Harita téh nyoba-nyoba ngadeukeutan Néng Nunung, sanggeus saméméhna
mémérés heula buuk di kamar mandi (teu poho mapatkeun jampé pamaké, pamahanan Bah
Dinta). Gék, diuk di gigireunana. Néng Nunung imut ngagelenyu, bari harita kénéh
ogé langsung beberengkes rék mulang ka Purwakarta. Puguh baé, kuring ngembang
kadu, bari panon mah nuturkeun Néng Nunung anu ngagidig rurusuhan semu anu
manggih kasieun. Éling-éling sotéh basa hareupeun kuring, aya hiji ibu-ibu anu
geus ngajanteng bari uluk salam.
"Badé nepangan saha, Bu?" kuring tumanya. Susuganan wé
atuh aya kaahéngan. Bisa baé apan éta téh pimitohaeun.
"Badé ngagaleuh buku bacaan Sunda. Manawi buka kénéh," témbalna.
"Kaleresan nuju aya acara ieu téh, Bu. Ibu Ai-na ogé teu aya.
Peryogi buku naon kitu ibu téh?" ceuk kuring.
"Ah, buku naon baé, anu penting mah buku bacaan basa Sunda,"
"Dupi Ibu langganan Manglé?"
"Kantenan atuh. Ibu mah resep macaan carpon-carponna. Sanaos
carponna téh asa saraé kénéh dina Manglé kapungkur," Si Ibu nyarita rada
kapapanjangan.
"Upami Ibu, resep kana carpon kénging saha?"
"Ibu mah resep pisan tah kana carpon-carpon Holisoh MÉ," témbalna
kalayan daria naker.
"Ari carpon kénging Dadan Sutisna?"
"Lumayan wé…" pokna bari ngarérét ka Dadan Sutisna, anu
kabeneran ngalalar.
"Ké, ké, ké...saha deui nya pangarang téh?" kuring
ngagerendeng rada tarik bari kerung. Hayang katangar keur mikiran ngaran-ngaran
Pangarang. Da ari anu dikedalkeun mah kieu, " Muhun émut ayeuna mah.
Dhipa, Dhipa Galuh Purba, dupi Ibu resep kana karanganana?"
"Ah, teu resep ibu mah," témbalna saharita kénéh.
"Teu resep kumaha?" tanya kuring bari satékah polah
nyumputkeun pasemon.
"Muhun, teu resep wé. Teu resep pisan. Eusina téh kararitu baé..."
Si Ibu beuki norolang nyaritakeun perkara kagoréngan karangan kuring. Didédéngékeun
ku kuring kalawan daria. Enya, asa kakara, ari aya anu ngritik bébéakan
hareupeun irung pisan mah. Tapi hikmahna kacida gedé. Kuring syukuran ka Nu
Maha Agung. Apan kakurangan hiji jalma mah bakal hésé pisan kapanggih ku diri
sorangan.
Nepi ka Si Ibu
mulang, sigana teu engeuheun lamun pangarang anu digogoréng téh nya kuring
pisan. "Duh Ibu, hatur nuhun kana sagala rupi kritikanana. Éta pisan anu
dipiharep ku abdi, minangka pangarang anu masih kénéh cacarakan. InsyaAlloh,
satékah polah, abdi baris ngalereskeun
sagala rupi kakirangan abdi." Antara rasa sedih, bungah, jeung sééleun,
pagaliwota dina dada kuring. Antara Si Ibu, Néng Nunung, Tukang Warung, jeung
Paramitha Rusady, kalangkangna ririakan piligenti minuhan kongkolak panon.***
Komentar