Carita Pondok Sunda: Ririwa


Carpon  DHIPA GALUH PURBA



 “Moal eureun ngaririwaan, satungtung Nyi Enung acan pepegatan!”

Kitu kecap-kecap panungtung anu ditulis Jang sarmud, samĂ©mĂ©h manĂ©hna nelasan pati ku jalan ngagantung manĂ©h. Mutuh matak ngageunjeungkeun lembur Pasir Haur, anu sasarina adem tur ayem. MĂ©mang kakara harita pisan, di lembur Pasir Haur aya kajadian sarupa kitu. Pangpangna mah anu matak ngaguyurkeunna tĂ©h, ku ayana implik-implik surat ancaman anu eusina matak muringkak bulu punduk. 

Mang Dasim anu pangheulana manggihan layon Jang Sarmud tĂ©h. Cenah mah keretas beunang nulis Jang Sarmud tĂ©h ngagolĂ©r dina mĂ©ja rohangan tamu. Dibaraca sotĂ©h bubuhan rada anggang tina layon Jang Sarmud. Da ari kudu ngadeukeutan mah, taya hiji ogĂ© anu wanieun. Teu anĂ©h lamun waktu geus nyedek ka wanci sareupna ogĂ©, layon Jang Sarmud masih kĂ©nĂ©h ngagulantung di tengah imah. 

Sakur anu pareng nyaksian, taya anu henteu ngabirigidig. Malah Bi Cucu jeung anak-anakna mah, harita kĂ©nĂ©h ogĂ© langsung beberengkes. BĂ©jana mah rĂ©k ngungsi heula ka imah mitohana. Pantes ari kituna mah, sabab padumukan Bi Cucu tĂ©h ngarĂ©ndĂ©ng pisan jeung  padumukan Jang Sarmud. Mangkaning harita tĂ©h diparengkeun poĂ© Kemis,  nyanghareupan malem Juma’ah kaliwon pisan. 

            "Duruk baĂ© imahna sakalian!" Si Doya nyelengkeung rada tarik. Kawasna mah pĂ©dah layon Jang Sarmud tacan aya waĂ© anu daĂ©k nguruskeun. Dalah dulurna sorangan ogĂ© kalah ngabiur ka Tasik. Nyaritana mah rĂ©k ngabĂ©jaan kulawargana. Tapi nepi ka harita ogĂ©, tacan embol-embol deui. Kaasup Ajengan Suha jeung Ustad Otong, cenah mah kalahka aya kaperluan anu ngadadak tur henteu bisa ditinggalkeun.

            "Saha anu rĂ©k ngaduruk imah aing?!" Teu kanyahoan ti mana datangna, Mang Ook jol morongos ka Si Doya. Puguh baĂ© Si Doya rada ngaranjug. Kawantu sarĂ©rĂ©a ogĂ© pada apal, mun yĂ©n imah anu dicicingan ku Jang Sarmud tĂ©h apan imah Mang Ook.

            "Heureuy, Kang…" ceuk Si Doya rada bari alangah-Ă©lĂ©ngĂ©h. RĂ©t ka gigireunana. Kasampak Mang Ook molotot kĂ©nĂ©h semu anu ambekeun naker. Tapi barang rĂ©k nyarita deui, Mang Ook teu kaburu kebat, sabab Bi Iroh, pamajikanana kaburu ngurunyung bari nembongkeun pasemon baketut haseum.

“Nya, ceuk kami ogĂ© kumaha? Lamun harita teu dikontrakeun mah, moal kieu balukarna!” ceuk Bi Iroh, kawas anu ngananaha ka salakina. Da puguh Bi Iroh mah ti baheula ogĂ© mĂ©mang kurang panujueun imahna dikontrakeun ka Jang Sarmud tĂ©h. Sajabana kaayaan Jang Sarmud anu jamburaya, katambah di lembur Pasir Haur mah ngontrakeun imah tĂ©h can pati ilahar cara di kota. Hanjakalna Mang Ook keukeuh maksa. Teuing lamun pedah budakna ngagaĂ©ng baĂ© hayang dipangmeulikeun motor. Anu ngalantarankeun Bi Iroh ogĂ© antukna teu bisa majar kumaha. Batan kudu pasĂ©a jeung anu jadi salakina.

“Geus atuh gandeng! Éra ku batur. Da ayeuna mah geus kieu kaayaanana, rĂ©k kumaha deui,” Mang Ook rada ngagebes pamajikanana.

“Teu sangka Jang Sarmud tĂ©h geuningan, nya Mang,” ceuk Mang Sarkowi rada halon. Ari Mang Ookna mah teu nĂ©mbalan, ukur ngarĂ©rĂ©t bari unggeuk. Aya anu ngeyembeng dina dua panon Mang Ook.

“Sabara lila kira-kirana Jang Sarmud nyicingan imah ieu tĂ©h, Mang?”pokna deui Mang Sarkowi.

“Lamun diitung nepi ka poĂ© kamari mah, sigana jangkep pisan kana sataun…” tĂ©mbal Mang Ook bari miceun paneuteup ka jauhna. Lalakon Jang Sarmud ngadadak narĂ©mbongan deui. Bubuhan salila ngumbara di Pasir Haur, Jang Sarmud tĂ©h deukeut pisan jeung manĂ©hna. Teu anĂ©h upama Mang Ook kacida apalna kana kahirupan Jang Sarmud dina sapopoĂ©na. Prah baĂ© jeung batur, taya anu katara minculak dina dirina. Malah sarĂ©rĂ©a ogĂ© kawasna geus pada arapal, Jang Sarmud cekel gawĂ© jadi supir mobil angkutan barang. Ngabatang mobil kol-bak bogana Haji Among, urang CigorowĂ©k. Ngadatangkeun rasa cangcaya anu nyangkaruk dina hatĂ© Mang Ook. Komo lamun ras inget Jang Sarmud tĂ©h sok mindeng ngahajakeun milu solat berjamaah atawa pangajian di masigit.

            “Alhamdulillah, Mang. Abdi nuhunkeun pidu’ana…” kitu caritaan Jang Sarmud anu masih kĂ©nĂ©h nongtorĂ©ng dina ingetan Mang Ook. Harita Jang Sarmud katara bungangang naker, siga anu keur meunang kabagjaan anu taya hinggana. Atuh Mang Ook ogĂ© geus leuwih surti deui. Sanajan teu saendeng-endeng ngawaskeun Jang Sarmud, tapi bĂ©ja ngeunaan Jang Sarmud anu miharep Nyi Enung geus ngabalabar kawat di lembur Pasir Haur. Malah Mang Ook ogĂ© apal pisan lamun Jang Sarmud mindeng pisan nganjang ka imahna Nyi Enung. Nepi ka ahirna Mang Ook ngadĂ©ngĂ© omongan Jang Sarmud anu ngawakcakeun patĂ©kadan pikeun mileuleuheungkeun Nyi Enung. Moal laas dina sawangan Mang Ook, basa Jang Sarmud dadahut pikeun bekel nyorang rumah tangga jeung Nyi Enung.

            “Nyi Enung…” Mang Ook ngagerentes dina heroning hatĂ©na. Ngadadak rupa Nyi Enung kokolĂ©batan, minuhan kongkolak panon hatĂ©na. Ngaran Nyi Enung mĂ©mang teu welĂ©h jadi bukur catur balarĂ©a. Puguh deui sanggeus Jang sarmud maĂ©han manĂ©h mah. Tapi saacanna ogĂ©, ngaran Nyi Enung tĂ©h mindeng diwayangkeun. Sakur pangeusi Pasir Haur sigana geus pada apal, mun yĂ©n Nyi Enung tĂ©h kagurnita jadi hiji kembang seger anu murag di patamanan. Randa bĂ©ngsrat katelahna. Budak cikal Mang Sudinta ti tilu sadulur. Kilang kitu, ukur sabagĂ©an leutik pangeusi Pasir Haur anu apaleun kana jero-jerona Nyi Enung. Tangtu baĂ© dina sabagĂ©an leutik tĂ©h, Mang Ook mah kawasna anu pangapalna pisan kasantukang Nyi Enung.      

            Mang Ook geus apal ti anggalna mula, basa tilu poĂ© saacan Nyi Enung bĂ©bas idah, CĂ©p Dudu, popotonganna Nyi Enung datang deui ka Pasir Haur kalayan sapuk  pikeun ngajak ruju. Bisa jadi, loba urang Pasir Haur anu ngaranjug. Pang-pangna mah anu pikiranana musat ka Jang Sarmud. Lumbrah pisan upama Nyi Enung diaranggap cidra tur sulaya kana jangjina sorangan. Tapi dalah dikumaha, sarĂ©rĂ©a ogĂ© ukur ngarecewis samet tungtung biwir. Anu boga hak pikeun mutuskeun pilihan mah ukur Nyi Enung sorangan. Pasti sarĂ©rĂ©a ogĂ© bakal boga panyangka, mun yĂ©n Nyi Enung boga tinimbangan sorangan pikeun ngabandingkeun Jang Sarmud jeung CĂ©p Dudu. Upama ditilik tina rupa, atawa ditingali tina pacabakanana, antara Jang sarmud jeung Cep Dudu kalintang jauhna. KabĂ©hanana ogĂ© bakal nyangka hal Ă©ta pisan anu ngalantarankeun Nyi Enung milih balikan deui nyorang rumah tangga jeung CĂ©p Dudu. Komo deui sanggeus ibur mun yĂ©n basa pipisahan maranĂ©hna, masalahna tĂ©h datang ti kolot CĂ©p Dudu. Padahal lain Ă©ta masalahna mah. Ukur mang Ook anu apal pisan kana sagala rupana.

            "Enyaan, Si Sarmud tĂ©h kagĂ©gĂ©loan ku Si Enung…" ceuk Mang Lili bari nengetan sakur tulisan anu bacacar dina tĂ©mbok. Tulisan-tulisan anu kabĂ©hanana ditujukeun ka Nyi Enung.

            “Batur mah boga cita-cita tĂ©h hayang jadi PrĂ©sidĂ©n. Ari ieu, kalah hayang jadi ririwa!” Si Atek milu mairan. Tadina mah Si Doya ogĂ© rĂ©k nyelengkeung deui baĂ©. Tapi teu kebat, sabab rentang-rentang katingali dua urang patugas ti PolsĂ©k datang. Leumpangna mani ngingkig semu anu rurusuhan naker. Tuluy nyingray-nyingraykeun sakabĂ©h jalma anu keur meujeuhna ngaliud di sakuriling imah kontrakan Jang Sarmud.

            "Nya, pulisi di urang mah, sok tarelat baĂ© datangna tĂ©h!" Si Doya ngaharewos ka Mang Lili.

            "MĂ©mangna Pulisi apalaeun, lamun Si Sarmud rĂ©k ngagantung manĂ©h?" Mang Lili rada muncereng.

            "Kuduna mah apaleun, Mang. " pokna bari nyĂ©rĂ©ngĂ©h.

            "Geus gandĂ©ng. Bising kadĂ©ngĂ©eun manĂ©h tĂ©h!" ceuk Mang Lili. Panonna ngarĂ©rĂ©t ka Pulisi, anu geus ngamimitian nalungtik kaayaan Jang Sarmud. Jelema beuki napuk. Ti suklakna, ti siklukna pada ngadeugdeug tur pada ngadongdon. Malah teu pati lila, jol aya anu tingjaleprĂ©t motoan. Tangtuna ogĂ© wartawan daĂ©rah anu kabeneran meunang iber. Sabab ti barang datang tĂ©h, mani langsung tunyu-tanya ka sakur jalma anu kabeneran deukeut jeung manĂ©hna. Mang Ook narik napas panjang, semu anu ngarahuh, basa Pulisi jeung wartawan muru ka lebah manĂ©hna.

*

            Waktu geus nyedek ka wanci sareureuh kolot. Angin ngahiliwir, nobros kana jandĂ©la kamar anu ngahaja dikeblakeun ku CĂ©p Dudu. Tangtuna ogĂ© kulantaran kaayaan hawa anu bayeungyang tur cakueum, teu matak pikabetaheun. Langit beuki angkeub. Nandakeun sakeudeung deui ogĂ© pasti bakal aya hujan. CĂ©p Dudu lir anu anteng ngalangeu dina lawang jandĂ©la. Ngumbar lamunan bari miceun paneuteupna, nobros belegbeg poĂ©k anu beuki mongklĂ©ng, meredong nyimbutan alam. Katara paromanna semu anu marudah. Teu malirĂ© Nyi Enung, anu tatadi mula geus  gogolĂ©hĂ©an dina enggon. Najan awak Nyi Enung ukur ditutupan ku simbut samet dada, tapi teu matak narik hatĂ© CĂ©p Dudu cara peuting-peuting samĂ©mĂ©hna.

Cungungung, cungungung, anjing babaung. Sorana patĂ©mbalan mĂ©h ti saban madhab. CanĂ©omna kaayaaan mutuh matak ngadatangkeun hawa anu beuki geueuman. Lembur Pasir Haur ngadadak jadi simpĂ© kawas di pajaratan. Sasarina mah ronda ogĂ© sok nakolan kohkol. Tapi dina peuting Ă©ta mah, sakur pangeusi Pasir Haur lir anu kasirep ku kasimpĂ©. Taya hiji ogĂ© anu daĂ©keun kaluar ti imahna sĂ©wang-sĂ©wangan. Sigana salah sahijina lantaran Jang Sarmud anu maot kasarad. Matak ngabibira sakur pangeusi lembur Pasir Haur.                      

            “Kang, abdi sieun ririwa!” ceuk Nyi Enung rada halon. Panonna neuteup ka lebah CĂ©p Dudu anu masih kĂ©nĂ©h nonggongan manĂ©hna.

            “Naha makĂ© jeung sieun ku nu kararitu!” tĂ©mbal CĂ©p Dudu, bari angger teu ngobahkeun awakna.

            “Apan dina suratna ogĂ©, nyebatkeun moal eureun ngaririwaaan satungtung…” teu kebat nyaritana, sabab kaburu ditĂ©mpas ku CĂ©p Dudu.

            “Lah…tong teuing dijieun bahan pamikiran!” kitu pokna.

            “Ari akang, teu sieun ku ririwa?” Nyi Enung tetep ngarasa bangreung ku ayana bĂ©ja ngeunaan surat pamungkas Jang Sarmud, anu matak guyur salelembur jeung Ă©ar sadĂ©sa.

            “Teu! Akang mah can kungsi manggihan jurig bungkeuleukan. Barina ogĂ© asa can ngadĂ©ngĂ©, aya jalma anu paĂ©h ku ririwa!” tĂ©mbal CĂ©p Dudu teuneung tur ludeung. Taya karingrang jeung kahariwang ku ayana ibur ngeunaan bakal aya ririwa Jang Sarmud. Tapi tetep, aya anu ngaganjel dina jeroning hatĂ© CĂ©p Dudu. Hiji hal anu hĂ©sĂ© pisan dipohokeunana. Pangpangna mah tulisan anu minuhan tĂ©mbok imah kontrakan Jang Sarmud, kumalangkang baĂ© dina ingetanana. MĂ©mang teu matak ngajadikeun bahan carita, sabab kurang payus diomongkeunana. Ukur disidem dina hatĂ© sĂ©wang-sĂ©wangan. Nu Ă©cĂ©sna mah, sakabĂ©h tulisan Jang sarmud geus jadi rusiah umum.

            Lila taya nu lĂ©mĂ©k. CĂ©p Dudu ngarahuh, siga anu hanyang miceun bangbaluh anu minuhan dadana.

            “Ari akang kunaon?” Nyi Enung cengkat bari memener simbutna. Tuluy nyampeurkeun CĂ©p Dudu anu ngalangeu kĂ©nĂ©h hareupeun jandĂ©la.

            “Akang rĂ©k tumanya ka Enung. Tapi akang hayang jawaban anu jujur!” ngadadak CĂ©p Dudu malikeun awakna. Tuluy neuteup seukeut ka Nyi Enung.

            “Naros naon, Kang?” Nyi Enung tumanya, rada caleuy.

            “Euh…ari hubungan Enung jeung Si Sarmud tĂ©h geus nepi ka mana?” CĂ©p Dudu katara semu anu manteng.

            “Naha akang bet naros kitu?” Nyi Enung ngagebeg, reuwas kareureuhnakeun.

            “Akang tĂ©h nanya! Naha kalah malik ditanya?” CĂ©p Dudu ngadadak jadi rengkeng. Atuh puguh sakedapan mah Nyi Enung kalah molohok, teu waka daĂ©k nĂ©mbalan. Ukur paromanna anu cumalimba. Dituturkeun ku cimatana anu nyalagkrung, maseuhan dua pipina.

            “PoĂ© Saptu, jam dalapan peuting, di kamar kontrakan Si sarmud. Ngalakukeun naon manĂ©h tĂ©h?” CĂ©p Dudu basana jadi kasar. Malah bari jeung nulak cangkĂ©ng sagala rupa. Panonna beuki seukeut neuteup Nyi Enung, semu anu buringas.

            “Abdi, abdi, teu…” tĂ©mbal Nyi Enung, bari ceurik balilihan.

            “Dasar ungkluk!” amarah CĂ©p Dudu beuki muncak. Ras inget kana tulisan anu digutretkeun dina tĂ©mbok kamar mandi di imah kontrakanna Jang sarmud. Napsuna beuki ngagugudug. HĂ©ab amarahna beuki teu kawadahan.

            “Akang!” ukur kecap Ă©ta anu kaluar tina biwir Nyi Enung.

            “PoĂ© Kemis, jam lima burit, di kamar mandi kontrakan Si sarmud. Ngalakukeun naon manĂ©h jeung Si Sarmud?” sorana beuki tarik.

            “Akang!”

            “PoĂ© Minggu…” antukna CĂ©p Dudu nataan sakur tulisan di imah Jang Sarmud, anu kabaca ku manĂ©hna, basa milu nyaksian Pulisi nu keur nurunkeun layon Jang Sarmud.

            “Kang Dudu, sing Ă©mut…” Nyi Enung satĂ©kah polah mĂ©pĂ©lingan salakina.

            “GandĂ©ng siah ungkluk! Aing teu sudi kudu narima cĂ©da dina awak manĂ©h. Ayeuna kĂ©nĂ©h ogĂ©, aing rĂ©k indit!”

            “Akang badĂ© ngantunkeun abdi?” Nyi Enung ngagabrug awak CĂ©p Dudu. Tuluy ceurik inghak-inghakan bangun anu kanyenyerian. Cimatana maseuhan taktak CĂ©p Dudu. Mungguh matak pikawatireun. Hanjakalna hatĂ© CĂ©p Dudu geus dilimpudan ku rasa kacua anu taya hinggana. Awak Nyi Enung dikĂ©pĂ©skeun nepi ka ngagubrag kana tĂ©hel. CĂ©p Dudu tuluy beberengkes, mĂ©rĂ©san pakĂ©anana.

            “Kang, ulah ngantunkeun abdi, Kang. Abdi sieun ririwa…” Nyi Enung nyoba-nyoba mĂ©nta dipikarunya ka salakina. Ngajadikeun CĂ©p Dudu ngahuleng meunang sakedapan. Tuluy neuteup pamajikanana anteb pisan.

“Teu kudu sieun ku ririwa manĂ©h tĂ©h! Jurig nyiliwuri, sĂ©tan marakayangan, kabĂ©hanana ogĂ© moal bisa ngĂ©lĂ©hkeun manusa, nyaho!” kitu pokna CĂ©p Dudu bari ngan sakilat malikeun awakna. Taya sakecap carita deui anu dikedalkeun ku manĂ©hna. Gajleng, kana jandĂ©la. Tuluy leumpang ngagidig, meulah poĂ©kna peuting kalayan baluas pisan. Dituturkeun ku paneuteup Nyi Enung, anu ngan saukur bisa ngembang kadu. Cimatana ngalĂ©mbĂ©rĂ©h deui, basa CĂ©p Dudu geus leungit dilegleg ku poĂ©kna peuting. Cungungung, anjing babaung kalayan beuki atra kadĂ©ngĂ© ku Nyi Enung. Puguh baĂ© bulu pundukna ngadadak muringkak.

“Tong sieun ku ririwa, Nyi!” teuing ti beulah mana datangna, Mang Ook geus nangtung hareupeun Nyi Enung. MĂ©h baĂ© Nyi Enung ngocĂ©ak. Untungna Mang Ook buru-buru ngantelkeun curuk kana biwir Nyi Enung. TĂ©rĂ©kĂ©l, Mang Ook naĂ©k kana jandĂ©la. Blus, asup ka jero kamar. Sakedapan Nyi Enung ukur molohok. Nyi Enung teu sadar upama simbut anu samĂ©mĂ©hna dipakĂ© mungkus awakna,  tatadi ogĂ© geus ngalayah dina lantĂ©.

Bluk, jandĂ©la kamar ditutupkeun ti jero. Bareng pisan jeung nyĂ©akna hujan ti beulah kulon. Kilat patingburinyay, patĂ©mbalan jeung sora guludug.  Anjing beuki tarik babaung, patĂ©mbalan jeung sora bueuk.

“Moal! Moal aya ririwa! Tong sieun lah pokona mah!” hawar-hawar kadĂ©ngĂ© sora  Mang Ook ti jero kamar Nyi Enung. Tapi sora Nyi Enung mah teu kadĂ©ngĂ© pisan. Kasilep ku ngaguruhna hujan dor-dar gelap, lir anu dicicikeun sakaligus ti langit.

***

Ranggon Panyileukan, 2002



Dimuat di Majalah Mangle, 2002

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post