Anugrah Budaya 2003, Yayasan Daya Budaya Pasundan

Topeng Cisalak



Yayasan Daya Budaya Pasundan ngalélér Anugrah Budaya 2003 di Gedong Kasenian Sunan Ambu, STSI Bandung. Diajangkeun keur jurnalis Sunda pinilih (Hadiah Jurnalistik RH. Muh. Koerdie), éséis Sunda pinilih (Hadiah Jurnalistik RH. Muh. Koerdie), pangarang buku pangajaran Basa Sunda pinilih (hadiah R. Soeria di Raja), jeung para praktisi kasenian Sunda pinilih (Hadiah R.T.A Soenarja). Hanjakal pisan hadiah Sastra D.K. Ardiwinata mah henteu dipasrahkeun, sabab dina pasanggiri nulis rumpaka dangding, ukur diiluan ku opat patandang, sarta tina opat naskah téh euweuh hiji ogé nu nyumponan sarat pikeun meunang panglélér.
*

Sakumaha anu diécéskeun ku panitia ti Yayasan Daya Budaya Paguyuban Pasundan, Abdullah Mustappa, maksud ngalélér anugrah budaya 2003 téh taya lian pikeun ngaronjatkeun deui sumanget nulis dina basa Sunda jeung leuwih ngahirupkeun pers basa Sunda, ogé stimulus keur praktisi kasenian, anu teu weléh satia tur éksis dina widangna séwang-séwangan. Hadiah RH. Muh. Koerdie, taun saméméhna beunang ku Abdullah Mustappa jeung Usman Supéndi ti koran Galura. Taun ayeuna mah anu kagunturan madu téh wartawan ti Majalah Manglé. Sabada panitia nitétan laporan jeung esey jurnalistik nu dimuat dina média massa Sunda taun 2001, juri anu diwakilan ku Us Tiarsa netepkeun karya laporan jurnalistik anu kapilih pikeun dilélér hadiah téh taya lian "Ti Pasantrén ka Pasantrén"  karya Dadan Sutisna jeung Énsa Wiarna. Pikeun éséi jurnalistik, kapilih naskah anu judulna"Melak jeung Néang Hanjuang Siang" karya Hawé Setiawan (dimuat dina Majalah Manglé).

Buku pangajaran Basa Sunda anu kapilih ku panitia, nyaéta buku karangan Drs. Ahmad Hadi. Ku ayana kitu, Ahmad Hadi (Anu leuwih dipikawanoh Hadi AKS) meunang panglélér Hadiah R. Soeria di Raja 2003. Ari anu kapilih pikeun dilélér hadiah R.T.A Soenarja, nyaéta tilu praktisi kasenian daérah, H. Dalih Dji'un (nu ngamekarkeun Kasenian Topeng Cisalak), Askadi Sastrasuganda (nu ngamekarkeun Kasenian Wayang Babad), jeung Djupri (nu ngamekarkeun Kasenian Dogdog Kerok).

Acara anu dimimitian ti jam dalapan peuting téh, diluuhan ku sawatara inohong Sunda jeung para seniman, di antarana aya Wahyu Wibisana, Ginanjar Kartasasmita, Popong Otje Djunjunan, Uu Rukmana, Arthur S. Nalan, Ahmad Gibson Al-Bustomi, jeung nu séjénna. Malah anu matak kataji mah, Endang Sutari ogé, réktor IAIN Sunan Gunung Djati Bandung, milu ngahadiran acara.

Ngahaja ngaran hadiah téh ngagunakeun tokoh-tokoh Sunda jaman baheula. Pangpangna mah pikeun miéling pajoanganana. Saperti Muhamad Koerdi, anu waktu harita jadi pelopor ngadegna pérs Basa Sunda. Pon kitu deui R.T.A Soenarja, anu gedé jasana dina ngamekarkeun Kasenian Sunda. Kasundaan mémang kungsi ngalaman masa kajayaan. Aya hadéna upama ngeunteung ka tukang, pikeun ngaléngkah leuwih daria. Ulah sotéh ngalieuk katukang, bari ukur dijadikeun hiji panineungan anu éndah. Sumanget Moh. Koerdi, Sumanget R.T.A Soenarja, Sumanget  R. Soeria di Raja, Sumanget DK. Ardiwinata, muga bisa nanjeurkeun deui ajén inajén Kasundaan. Kitu diantarana anu katangkep tina maksud jeung tujuan Yayasan Daya Budaya Pasundan ngalélér Anugrah Budaya 2003. *** (DGP)

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post