Ratna Dewi, Penari Topeng Cisalak

Ngawawancara penari Topeng Cisalak


   Najan budaya deungeun nerekab di kalangan para rumaja, tapi ieu mojang pengkuh mageuhan jeung miara kasenian warisan karuhunna. Ratna Dewi, salah sahiji penari Topeng Cisalak asuhan H. Dalih Dji'un, anu kagunturan madu meunang anugerah seni Raden Tumenggung A. Soenarja. Sabot H. Dalih keur "balangah",  kuring nyalingker ka rohangan kostum, nepungan Ratna. Taya niat goreng ieuh, ukur ngajakan ngawangkong, pikeun ngajakan ngawangkong.

***

   Harita teh malem Juma'ah, tanggal 27 Pebruari 2003, Yayasan Daya Budaya Pasundan ngayakeun acara pamasrahan Anugerah Budaya R.T.A. Soenarja, R.H. Muh. Koerdi, jeung R. Soeria di Radja. Ari anugerah R.T.A. Soenarja teh diajangkeun pikeun anu gede jasana tur salawasna mayeng miara kasenian titinggal karuhun dina  widangna sewang-sewangan, nu aya di propinsi Jawa Barat jeung Banten. Ahirna mah kapilih tilu urang praktisi seni pikeun dileler anugerah R.T.A. Soenarja. Di antarana Bapa Askadi Sastrasuganda (Praktisi Seni Wayang Babad Cirebon), Bapa Djupri (Praktisi Seni Dog-dog Kerok, Serang, Banten), jeung Bapa H. Dalih Dji'un (Praktisi Seni Topeng Cisalak, Bogor).

   Acara pamasrahan anugerah seni di Gedong Kasenian Sunan Ambu STSI Bandung teh, bari sakalian jeung mintonkeun tilu kasenian anu meunang anugerah tea. Topeng Cisalak mangrupa kasenian anu dipintonkeun dina acara puncak. Basa musik karawitan geus mimiti ditabeuh, lima penari asup ka panggung. Puguh bae anu lalajo teh mani langsung aleprak. Malah anu sarusuitan oge aya. Kawasna mah alatan para penarina anu malencrang. Mangkaning upama nilik umurna oge, asana moal leuwih ti duapuluh taunan. Memang ari heranna mah eta oge aya. Ongkoh kasenian teh ngaranna Topeng Cisalak, tapi taya saurang oge anu make kedok.

   Sarengsena pagelaran Topeng Cisalak, buru-buru nyalingker ka gigireun panggung. Kabeneran H. Dalih Dji'un mah keur aya nu ngawawancara. Puguh bae bisa laluasa nepungan para penarina di rohangan kostum.

   "Antosan di luar. Teu kenging lebet ka dieu (maksudna ka rohangan kostum)..." kitu ceuk salah sahiji personil Topeng Cisalak.

   Teu pati lila, kaluar hiji mojang, nyampeurkeun ka. Najan pakeanna geus disalin, tapi katara rarayna masih keneh pinuh keneh ku mik-ap. Moal salah, tangtu salah sahiji penari Topeng Cisalak.

   "Nepangkeun, abdi Ratna Dewi," kituna teh bari gek diuk gigireun MR.

   Teu jauh tina sangkaan, Ratna teh kakara kelas hiji SMU. Tapi ari ngakuna mah geus ti kelas genep SD mula sok milu manggung Topeng Cisalak. Sajabana ti resep teh,  Ratna oge memang kateureuhan getih seni. Sakabeh personil Topeng Cisalak mah da taya nu lian, alias sadudulur. Ieu mojang anu dilahirkeun di Bekasi, 22 Juni 1987 teh, ngarasa reueus ku lantaran bisa milu miara tur ngamumule kasenian Topeng Cisalak. Ngakuna mah nepi ka iraha oge, insyaalloh Ratna moal nepi ka gedag kaanginan pikeun eksis dina kasenian Topeng Cisalak. Malah lamun bisa mah, Ratna boga cita-cita hayang leuwih ngamekarkeun eta kasenian.

   "Ratna tos gaduh kabogoh?" ngabanyolan. Rey teh paromanna ngadadak jadi bareureuman. Tapi kituna teh bari nembongkeun imut manisna.

   Teu kebat ngawangkong teh, sabab Ratna kudu beberengkes pikeun tatahar mulang ka Bekasi. Mangkaning isukna apan kudu sakola.*** (dhista)

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post