Pangurus AGUPENA Jawa Barat (2007)




AGUPENA téh singgetan tina Asosiasi Guru Penulis Seluruh Indonésia. Guru anu dimaksud, ngawengku guru Taman Kanak-Kanak (TK), SD, SMP, SMA, dosén Paguron Luhur, katut anu icikibung di dunya pendidikan. Ieu wadah téh diadegkeun pikeun ngundakeun produktivitas jeung kualitas karya tulis guru, anu tangtuna diajangkeun keur sing saha baé guru anu mikaresep nulis, boh dina wanda fiksi atawa non-fiksi.

AGUPENA Puseurna di Jakarta, kalayan pembinana taya lian Dirjen PMPTK (Peningkatan Mutu Pendidik dan Tenaga Kependidikan. Saha baé guru bisa ilu biung dina ieu organisasi, asal resep nulis.

Di saban provinsi, AGUPENA ngeureuyeuh diadegkeun. AGUPENA Jawa Barat minangka pangurus cabang provinsi anu pangheulana diistrénan. Dina kapangurusan munggaran, sabada ngaliwatan prosés pamilihan pangurus, antukna saréréa sapuk, Drs. Érwan Juhara, SMM (guru SMAN 10 Bandung) kapilih jadi ketua AGUPENA Jawa Barat; Dr. Tétét Cahyati, MM (Dosén STMB) jadi sekertaris umum; Rita Rochayati, S.Pd (guru SMPK Paulus Kota Bandung) jadi wakil sekertaris; Dra. Épon Kurniasih, M.Pd (guru SMA 18 Bandung) jadi bendahara umum; Rusi Hartati, S.Pd (Guru Bimbel LITAN Bandung) jadi wakil bendahara; sarta sajumlah ngaran séjénna kapilih jadi pangurus.

Ieu kapangurusan AGUPENA Jawa Barat diresmikeun tur diistrénan langsung ku Ketua AGUPENA Pusat,  Achyar Chalil, S.Pd, di Gedong GSPI (Griya Seni Popo Iskandar), Jl. Dr. Setia Budi, Bandung (11/01/2007).

Sawatara kagiatan Agupena waragadna disubsidi ku Dirjen PMPTK.  Landasan kagiatan AGUPENA dumasar kana Undang-Undang (UU) Guru dan Dosen No. 14 Taun 2005, bagian IX ngeunaan Organisasi Profési dan Kode Etik Guru, Pasal 41-44.

Para guru jeung praktisi pendidikan séjénna anu diistrénan jadi pangurus AGUPENA Jawa Barat, antarana: Tjep Dahyat, SH, M.Si (SMKN 15 Bandung), nyangking Ketua I bidang Litbang/Diklat; Rahmat Ruchyana, S.Pd (Dinas Pendidikan Kota Bandung), nyangking Wakil Ketua I bidang Litbang/Diklat; Suprianto, S.Pd (SMPN Unggulan Kabupatén Indramayu), nyangking Ketua II Bidang Informasi dan Komunikasi; Drs. Ériyandi Budiman (SMA Darmayanti Kabupatén Bandung), nyangking Wakil Ketua II Bidang Informasi dan Komunikasi; Jajang Priyatna, S.Pd (SMAN 5 Bandung), nyangking Ketua III Bidang Hubungan Antar Lembaga; M. Nasin, S.Pd (TTUC-BPG Cimahi), nyangking Wakil Ketua III Bidang Hubungan Antar Lembaga.

Sajabana ti éta, aya ogé anu bakal ngokolakeun bidang-bidang kajian élmu. Antarana: Kajian Fiksi/ Sastra (Puisi, Prosa, Drama, Esai, Film), anu bakal dikokolakeun ku Néndén Lilis A, S.Pd, M.Pd (Jurdiksatrasia FPBS UPI Bandung) jeung Acép Iwan Saidi, S.S., M. Hum (Jurtekinformatika FSRD ITB). Satuluyna aya bidang kajian bahasa (linguistik) anu bakal dikokolakeun ku Nia, S.Pd., Syariah, S.Pd., Syarif Hidayat, S.Pd., Nandang R. Pamungkas, S.Pd (sadayana ti Balai Bahasa Bandung).

Widang Kajian Non Fiksi, kayaning jurnalistik, buku pelajaran/ umum, karya tulis ilmiah jeung populér, jeung naskah sains non-fiksi, baris dikokolakeun ku Dra. Évi S. Shaléha, M.Pd (Wakil Kepala Dinas Pendidikan Kota Bandung), Bambang Q. Anes, S.Ag., M.Ag (UIN Sunan Gunung Djati Bandung), Drs. Soeria Disastra (ABA Internasional Bandung), Asikin Abraham, S.Pd (SD Majasilka 2 Palasah, Kabupatén Majalengka), Dartum Sukarsa, S.Pd., M.Pd (Dinas Pendidikan Kabupatén majalengka), Maésaroh Mansur, S.Pd (SDN Ligung 4 Kabupatén Majalengka), Drs. Mohamad Jabidi (SLB-C Pancaran Kasih Cirebon), Harizal, S.Pd (Dinas Pendidikan Kacamatan Pacét Cianjur), Komar, S.Pd (Dinas Pendidikan Kabupatén Ciamis), Ismail Kusmayadi, S.Pd (SMAN Banjaran Kabupatén Bandung), Dra. Déwi Syafriani Bachtiar (SMAN 1 Soréang, Kabupatén Bandung), jeung Drs. Euis Honiarti (SMKN 1 Kota Bandung).

Iwal ti Dirjén PMPTK, anu jadi pembina pangurus AGUPENA Jawa Barat téh nyatana Kepala  LPMP, Kepala Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat, Kepala Subdikmenti Disdik  Propinsi Jawa Barat, Kepala Seksi Kurikulum Subdikmenti  Disdik Jawa Barat, Kepala PPPG Bahasa Jakarta,  Kepala  PPPG Tertulis  Bandung, Kepala Balai Bahasa Bandung, Kepala Disdik Kota Bandung, jeung Kepala Disdik Kota/Kabupatén di Propinsi Jawa Barat.

Naon baé agénda kegiatan AGUPENA Jawa Barat sabada geus dilantik? Nurutkeun Érwan Juhara, aya sababaraha agénda umum anu geus disusun. Antarana ngayakeun Sosialisasi katut gawé bareng jeung Disdik Jabar/Kota/Kabupatén atawa lembaga terkait pemerintah/ swasta, organisasi profési kependidikan/ nonkependidikan (Féb-Maret 2007). Satuluyna rék nyieun Média Jurnal Bulanan Organisasi AGUPENA Jabar (éléktronik jeung cetak). Geus dirarancang ogé ngayakeun Lomba Karya Tulis Fiksi/ Nonfiksi pikeun Guru sa-Jabar,  saban bulan Méi jeung Oktober. AGUPENA ogé rék  ngayakeun pelatihan Basa, Sastra, Tulis-Menulis, kesenian Mingguan/ Bulanan pikeun Guru sa-Jabar. Masih kénéh nurutkeun Érwan, AGUPENA Jawa Barat ogé ngararancang Paméran jeung Pagelaran Seni Budaya karya anggota Agupena Jabar,  saban Agustus/ Désémber.

Satuluyna baris nyusun Diréktori Guru/ Dosén/ Tenaga Kependidikan Penulis/ Pengarang  di Jawa Barat. Baris ngayakeun ogé Seminar/Lokakarya Basa jeung Sastra  Bulan  Bahasa AGUPENA Jabar, saban Séptémber nepi ka Oktober. Bakal aya ogé Konsolidasi Partisipasi Guru-guru Jabar  pikeun rupaning Lomba Karya Tulis Tingkat Nasional di Jakarta (Lomba Kreativitas Guru LIPI-TVRI;  Lomba Karya Tulis Imtak; Sayembara Penulisan Naskah Buku Bacaan Fiksi/ Nonfiksi  PUSBUK Depdiknas; Lomba Karya Tulis Lingkungan Hidup; Lomba Karya Tulis Kepemudaan; Lomba Keberhasilan Guru dalam Pembelajaran: Lomba Penyusunan Model  Pembelajaran IPTEK; Lomba Menulis Sastra dan Mengulas Karya Sastra, jsté), saban bulan Méi-Juni.

Patali jeung pangalaman Dra. Évi, AGUPENA baris ngayakeun gawé bareng dina “keabsahan” jeung “keadilan penilaian” hasil karya tulis guru dina widang kanaékan pangkat/ golongan  guru  babarengan jeung Disdik katut PGRI  satempat. Aya deui rarancang pikeun ngawangun bank naskah rupaning karya tulis pikeun babarengan nulis buku-buku pelajaran/ umum anu ngadidik, kalayan gawé bareng jeung Pemkot/ Disdik satempat katut Penerbit anggota IKAPI serta Penerbitan/ Media Massa anu mibanda perhatian kana masalah Keguruan jeung Kependidikan, ti mimiti Maret 2007.

AGUPENA ogé baris ngusahakeun béasiswa pikeun siswa anu teu mampu di wilayah pendidikan Jabar. Lajeng ngarintis gawé bareng pikeun ngadegkeun perpustakaan gratis keur murid, guru, masarakat di wilayah pendidikan masarakat miskin/ mencil di Jabar, mimiti Maret 2007.

Pikeun ngamajukeun ieu organisasi, AGUPENA ogé ngararancang pikeun Studi Banding Organisasi ke Organisasi/ Tempat/ Acara anu patalina jeung ngundakeun ajén kaélmuan, seni budaya, profésionalitas guru/ dosen/ tenaga kependidikan. Pikeun ngahudang sumanget ngalahirkeun karya pinunjul, AGUPENA ngararancang rék ngalélér Anugerah Pendidikan AGUPENA Jabar, mangrupa penghargaan  ka guru-guru anu berprestasi di Jabar (lain pikeun guru teladan), perorangan anu mibanda jasa dina widang keguruan jeung pendidikan, lembaga/instansi anu intens méré perhatian serius ka guru/masalah pendidikan, penerbit/media massa/pekerja media massa anu intens méré perhatian serius ka guru/masalah pendidikan. ***(DGP)









0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post