Catetan
DHIPA GALUH PURBA
ANJOG
ka pertélon di wewengkon Désa Rancakasumba, kapaksa kudu ngarandeg heula.
Pangna kitu, lantaran tacan apal lebah-lebahna anu rék dijugjug. Jrut, Dadan
Sutisna turun tina kandaraan. Tuluy tumanya ka tukang ojég anu keur ngetém di
pangkalan.
“Punten badé tumaros, dupi SD
Babakan Lapang palih mana nya?” tanya Dadan.
“Oh, tos caket. Kantun lempeng ti
dieu mah. Engké di palih kénca bakal mendak kantor désa. Gédéngeunana aya
jalan, lebet wé ka dinya. Di pengkereun pisan balé désa pokona mah...” kitu
témbalna kalayan soméah. Sajabana ti ngagunakeun basa Sunda téh, sikepna ogé
nyunda. Manéhna henteu hayang apal saha anu nanya jeung naon kaperluan
natanyakeun SDN Babakan Lapang.
Teu nyalahan naon rupa panuduh
tukang ojég téh. Enyaan wé, di lebah dinya pisan tempat anu rék dituju téh.
Kepala sakola jeung sawatara guru ngabagéakeun kalayan daréhdéh. Sababaraha
urang murid SD ogé geus tatahar pikeun mintonkeun kamonésan rampak sekar jeung
rampak suling, kalayan diaping ku Éni Rohaéni. Teu lila, prung acara
dimimitian.
Sebut baé ngaran acara téh “Sawala
Sastra jeung Pangarang Sunda” (Saptu, 10/ 03/ 07). Éta acara téh minangka
ladang rampak gawé Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS), Kleub Buku
Lawang Gintung, jeung Perpustakaan SDN Babakan Lawang, Désa Rancakasumba,
Kacamatan Solokanjeruk, Kabupatén Bandung. Puguh baé diluuhan ku sababaraha
urang pangarang Sunda jeung pangurus PP-SS, saperti Holisoh MÉ, Aan Merdéka
Permana, Dadan Sutisna, Ua Sas, Lin RN, jeung Ibnu Hijar Affandi. Ari anu
diajak sawalana taya lian para kepala sakola jeung guru anu aya di lingkungan
Cabang Dinas Pendidikan Kacamatan Solokan Jeruk.
Saméméh sawala dimimitian, acara
dibuka ku pintonan rampak sekar jeung rampak suling, pidangan murid-murid SDN
Babakan Lapang jeung SDN Rancakasumba I. Satuluyna Turnawan, S.Pd., kepala SDN
Babakan Lapang jeung SDN Rancakasumba I, sakaligus ketua PGRI Kacamatan
Rancakasumba, ngadugikeun biantara pamapag acara sawala sastra. Dina éta
biantara, Turnawan nétélakeun yén di pilemburan ogé geus mimiti karasa
kadéséhna kahirupan basa Sunda. Turnawan ngarasa hariwang upama basa Sunda
leungit teu pupuguh. Ku kituna, Turnawan miharep sangkan basa Sunda bisa leuwih
hirup tur diparaké ku urang Sunda, pangpangna barudak. Pikeun narékahan kalumangsungan basa Sunda di kalangan
barudak, salahsahijina ku cara ngokolakeun pabukon anu nyadiakeun buku bacaan basa
Sunda. Kitu ceuk Turnawan.
Béda deui jeung biantara Drs. Yuyu
Ruhiat, kepala Cabang Dinas Pendidikan Kacamatan Solokanjeruk, anu umajak
sangkan guru-guru leuwih daria deui diajar basa Sunda. Yuyu nandeskeun yén
sanajan geus mibanda pangalaman jadi guru atawa kepala sakola, tapi tetep baé kamekaran
basa Sunda kudu diteuleuman kalawan daria. Yuyu ogé miharep sangkan kagiatan
anu divokalan ku PP-SS téh ulah ngan saharitaeun, tapi kudu aya lajuning laku
ka hareupna.
Saméméh sawala dimimitian, para
pangarang jeung pangurus PP-SS, katut karya-karyana diwanohkeun ka nu ngaluuhan
éta acara. Holisoh MÉ minangka pangarang favorit anu ngaranana geus dipikawanoh
ku para peserta. Puguh baé réa nu ngedalkeun rasa bungah, lantaran bisa
paamprok jonghok sacara langsung jeung jalmina.
Dina émprona sawala, aya sababaraha
urang peserta anu tumanya jeung ngedalkeun bangbaluhna ngeunaan kalumangsungan
basa Sunda. Saperti Aan Abidin, guru SMP PGRI anu ngarasa hariwang ku ayana
basa Sunda anu digunakeun ku barudak jaman kiwari. Cenah mah mémang bener basa
Sunda, tapi loba anu basana kasar. Sajabana ti éta, loba anu pabeulit dina cara
ngalarapkeunana. Basa anu kuduna keur sorangan, kalah dipaké keur batur, pon
kitu deui sabalikna.
Méh sarupa jeung anu dikedalkeun ku Endang, guru SDN Patrol
III, yén basa Sunda barudak kiwari téh pabeulit jeung pasoléngkrah. Sajabana ti
éta, Endang ngarojong naon rupa nu didugikeun ku Yuyu ngeunaan pentingna
ngokolakeun perpustakaan kalayan daria. Hanjakalna, Endang ngarasa bingung,
kudu ka mana maluruh buku-buku basa Sunda. Perkara éta dihaminan ku Éli, guru
SDN Babakan Lapang, anu nganggap penting dipedalkeun deui buku-buku anu siga Taman
Pamekar. Dumasar kana pangalaman Éli basa keur jaman budak, maca buku Taman
Pamekar téh anteng, matak kataji, tur pangaruhna ogé kalintang hadé. Iwal ti
éta, Éli miharep sangkan digelar kagiatan anu leuwih munel, contona
sabangsaning panataran basa Sunda pikeun guru-guru anu diayakeun ku PP-SS. Anu
pamungkasna, Éli tumanya, ari PP-SS bisa ngabantuan guru anu hayang ngabukukeun
karya-karyana?
Ngalenyepan rupa-rupa anu
dikedalkeun ku para peserta sawala, kuring wani nyindekeun yén basa Sunda di
Rancakasumba masih dipaké dina kahirupan sapopoé, boh ku kolot atawa ku budak.
Perkara basana anu kasar (ceuk urang Priangan kasar sotéh), kawasna henteu kudu
dipikamelang teuing. Kajaba lamun tingkatna geus garihal, tangtu kudu buru-buru
dilelempeng. Conto basa garihal téh nyaéta nataan ngaran sasatoan kalayan
dilarapkeun ka jalma.
Perkara salah ngalarapkeun basa ogé,
ceuk kuring mah asa henteu perelu teuing dipasualkeun. Contona pahili
ngalarapkeun kecap “nguping” (keur sorangan) jeung “ngadangu” (keur batur).
Lamun sakali mangsa aya nu tibalik, teu kudu langsung diségag. Keun baé heula,
nyarita basa Sunda sabisana, batan henteu pisan. Sabab lamun hayuh baé disasalah,
lila-lila barudak bakal ngarasa sieun salah. Tina sieun salah téa, teu
pamohalan bakal milih henteu ngagunakeun basa Sunda. Rék “ngadangukeun” atawa
“ngupingkeun” sarua baé lamun ditarjamahkeun kana basa Indonésia hartina
“mendengarkan”. Mémang para ahli basa Sunda anu arogan jeung nganggap basa
Sunda manéhna pangbenerna, tangtu bakal nganggap cara kitu téh sarua baé jeung
ngalalanyahan tumpurna basa Sunda. Tapi lebah dieu mah dipuhit pikeun leuwih
wijaksana, yén diajar basa Sunda ogé perelu prosés.
Méh
unggal padungdengan ngeunaan basa Sunda, nu sok remen dipasualkeun téh
undak-usuk basa Sunda. Dina “Sawala Sastra & Pangarang Sunda” gé, éta
pasualan téh kungsi dikedalkeun ku sawatara peserta. Tétéla geuning, urusan
undak-usuk téh keur sawatara urang mah masih kénéh jadi ukuran hadé-goréngna
basa Sunda. Malah aya kesan yén nu henteu ngalarapkeun undak-usuk waktu
nyarita, dianggap kurang merenah.
Sawatara
kepala sakola nu milu kana éta riungan, cenah mindeng ngimeutan kumaha basa
Sunda barudak ayeuna. Teu kurang-kurang nu nyebut melang hariwang, mireng
kekecapan nu dipaké barudak téh. Tapi deuih, cenah tong boro barudak, dalah
guruna gé—ayeuna mah—réa nu titatarajong ngalarapkeun basa Sunda téh.
Perkara
undak-usuk basa Sunda, nu mairan téh di antarana Aan Merdéka Permana. Ceuk Aan,
dumasar kana panalungtikan sajarah, datangna undak-usuk basa Sunda téh ti
saprak urang Sunda “dijajah” ku Mataram. Dina sawatara naskah Sunda, sakumaha
nu kapaluruh ku Aan, nyebut “sia” ka
raja téh bisa jadi henteu dianggap kasar.
Ari
ceuk pamanggih M.B. Sasmita (Ua Sas), salila ieu nu dianggap basa Sunda lulugu
téh réréana basa Sunda ti wewengkon Priangan. Nepi ka aya kesan basa Sunda ti
wewengkon séjén mah kasar atawa kurang
merenah. Padahal perkara kasar-lemes mah gumantung di mana éta basa dipakéna.
Urang Baduy upamana, nu sapopoéna sarua maké basa Sunda, mun basana ku
wewengkon séjén disebut kasar, ceuk maranéh mah meureun lumbrah wé.
Kitu
deui di kalangan barudak, ceuk Ua Sas, ukuran kasar-lemes téh kudu ditilik ka saha
éta budak nyaritana. Mun nyarita ka kolot maké kekecapan nu garihal, komo bari
poporongos mah, bisa jadi disebut kasar. Sapanjang nyaritana jeung
papantaranana mah masih kénéh bisa dimaklum. Ceuk légégna mah lingkungan papada
barudak disebutna sub-curtural.
Sacara
pribadi, kuring henteu panuju upama undak-usuk basa Sunda dipaksakeun ka
barudak pikeun jadi aturan baku nyarita basa Sunda. Cukup baé dibagi ku lemes
jeung kasar. Sabab ku ayana undak-usuk téh ngalantarankeun panta-panta
(ngabéda-bédakeun jalma) cacah, rada cacah, ménak, ménak pisan, jeung sajabana.
Padahal Pangéran ogé ngabédakeun jalma téh ukur ditilik tina kataqwaanna, lain
tina pakayana atawa kalungguhanana. Béda deui lamun ngagunakeun basa lemes ka
sepuh atawa ka saluhureun, tujuanana ogé apan ngajénan atawa ngahormat. Ku
ayana kitu, keun baé barudak sina nyarita basa Sunda sabisana (heula). Engké
ogé manéhna bakal maluruh tur neuleuman basa Sunda anu bener.
Perlu
aya sabangsaning rawayan anu baris nganteurkeun generasi ngora micinta basa
Sunda jeung karya sastra Sunda. Dumasar kana perkara éta pisan, Aan Merdéka
nyieunan buku-buku bacaan anu—sebut baé—ngepop, pikeun jadi rawayan nu baris
ngajajapkeun kana karya anu dinggap nyastra. Sabab lamun ujug-ujug dibéré
bacaan anu “beurat”, bisi kalah olab. Aan Merdéka moal nyeri haté, sanajan
karya-karyana henteu disebut sastra. Anu penting mah dibaraca tur dipikalandep
ku nu maraca.
Tina
lalakon Aan Merdéka medalkeun buku-bukuna, sakaligus bisa ngajawab pananya Éli,
anu hayang medalkeun karya-karyana kana winangun buku. Lain baé pikeun Éli,
tapi keur sing saha baé nu hayang medalkeun buku, jaman ayeuna mah geus lain
perkara anu bangga. Ayeuna keur ngetrén buku-buku indi (dipedalkeun ku
sorangan sarta jumlahna henteu réa). Ti saméméh usum indi book, Aan
Merdéka mah geus leuwih ti heula medalkeun bukuna ku cara kitu, dicitak ku
sorangan sarta didagangkeun ku sorangan. Sakali nyitak téh paling 100 éks.
Tuluy disebarkeun ka toko-toko buku. Lamun anu 100 éks geus ledis, kakara
nyitak deui. Sanajan jumlahna ukur raratusan, tapi buku-buku karya Aan Merdéka
béjana geus aya di Walanda jeung Malaysia. Satuluyna, HU. Galamédia ogé
kataji ku carita Silalatu Gunung Salak, sarta dimuat jadi carita
nyambung.
PP-SS
bisa baé ngabantuan anu hayang medalkeun buku. Tapi PP-SS mah lain lembaga anu
nyadiakeun waragad pikeun ngabiayaan pamedalan buku. Ngabantu téh paling ogé
samet ngahubungkeun penulis jeung penerbit. Dipedalkeun atawa henteuna,
gumantung kana kawijakan penerbit. Basa PP-SS milu ngarojong medalkeun buku ogé,
apan waragadna ihtiar heula.
Ngokolakeun
Perpustakaan
Puguh
baé nyadiakeun bahan bacaan pikeun barudak téh kalintang pentingna. Di sakolaan
kudu aya nu sacara husus ngokolakeunana. Pikeun ngamajukeun basa Sunda di
sakolaan, Disdik henteu kudu asa-asa ngaluarkeun sarupaning kawijakan. Sabab
dina UUD 1945 Amandemen ogé geus diécéskeun yén “Negara menghormati dan
memelihara bahasa daerah sebagai kekayaan budaya nasional” (Pasal 32, ayat
2). Hartina pamaréntah pusat ogé geus sadar kana pentingna miara basa daérah.
Malah
lain baé di sakola, tapi di imah ogé perelu. Nurutkeun Ua Sas, anu disebut
perustakaan téh henteu kudu ngahajakeun nyieun rohangan anu lega. Najan ukur di
juru bari henteu pati lega, nu penting mah kudu aya kasapukan jeung sakur
pangeusi imah yén éta téh lahan perpustakaan. Hartina lamun aya nu hayang maca,
kari néangan ka dinya, sarta urutna simpen deui ka dinya. Saréréa kudu sapuk
pikeun miara buku kalayan apik.
Pikeun
ngeuyeuban perpustakaan, bukuna henteu kudu meuli disakaliguskeun. Nungtut baé,
saban manggih buku anu pantes dibaca tur réa mangpaatna. Lebah dieu, tangtuna
ogé kudu selektif milihan buku-bukuna, sabab rék diajangkeun keur bacaeun
sakulawarga.
Patali
jeung ngeuyeuban buku Sunda di sakola, nu jadi bangbaluh perpustakaan sakola
téh di antarana héséna néangan buku-buku Sunda. Ku ieu kagiatan, dipiharep
perpustakaan sakola bisa meunang informasi ngeunaan buku Sunda. Atuh ti PP-SS,
sapanjang kadada-kaduga mah, baris narékahan pikeun “ngadeukeutkeun” buku Sunda
ka sakola, di antarana ku nyieun sabangsaning agén buku Sunda di unggal
kacamatan.***
Tina
Harian Koran Sunda, édisi 12-13 Maret 2007
Komentar