Dua Ucing Nu Béda Kasangtukang




MASIH tina acara pamasrahan Anugrah Budaya 2004 Yayasan Daya Budaya Paguyuban Pasundan, anu direuah-reuah ku pintonan gending karesmén murangkalih anu judulna Si Ujang jeung Dora Émon. Salian ti éta, aya pintonan Sandiwara Munaran anu judulna Mobok Manggih Gorowong.

*

SDN Pagerageung Tasikmalaya kudu diacungan jempol. Lantaran ieu SD téh minangka conto nu hadé keur SD-SD séjénna dina widang ngamumulé seni budaya Sunda. Murid, kolot murid, guru, kapala sakola, masarakat, nepi ka pamaréntah daérah, rambatérata rampak gawé ngagarap pintonan Gending Karesmén Murangkalih. Atuh dina emprona, henteu matak nguciwakeun. Para penongton nu minuhan Gedong Kasenian Rumentang Siang Bandung, ngabagéakeun éta pintonan kalayan pinuh kasugemaan. Pangpangna mah nyaksian para murangkalih anu kacida tapisna ngamaénkeun gerak tari, ngombinasikeun jeung ékting katut tarik sora. Da mémang kangaranan Gending karesmén mah wanda dialoh téh, diéksprésikeun ku kawih.

Saméméh prung dimimitian, pimpinan produksi, Drs. Taufik Faturohman méré bubuka, mun yén pintonan gending karesmén anu judulna Si Ujang jeung Dora Émon téh lain pintonan anu munggaran digarap ku SDN Pagerageung. Kilang kitu, ari pamaénna mah geus sababaraha kali ganti. Saperti dina pintonan nu harita digelar, pamaénna kaasup pamaén generasi anyar, anu diwengku ku: Pribadi Yunan (merankeun Dora Émon), Candra Yudi Rahayu (merangkeun Candramawat), Rita Afriana (merankeun Si Ujang), Fauzi Syahria Zein (merankeun Nobita),  Ayu Sri Rahayu, Sifa Farida, Al Haq, Rizki Nur Komalasari, Cintya Nuraeni (merankeun Cika-Cika). Iwal ti éta, aya deui Pamaén Angklung, di antarana: Moh. Iqbal Affandi, Yayang Iqbal M, Dita Puli Putri, Yani Nuryani, Elis Syarifah, Siti Hana Halimatus Sadiah, Vina Fuspita, Nadia Salsabila, Ratna Abidatul Marhamah, Iim Irma, jeung Ai Syifa Assurur. Anu merankeun babaturan Si Ujang nyaéta Vira Résna Noviati, Putri Fatimah Azzahra, Néndén Ajeng Hujatul Islam, Vica Salza Fauziah Zein, Widia Rahmatillah, Chintia Rohata, Ayis Sayidatun Nisa, Éka Aulia, Zézén Jaélani, M. Iqbal Fauzan Azhani, Dédé Taofiqurohman, Héndi Héndriyana, Bian Dwi Ananda, Moh. Nizar Awaludin, Séptian Maulana, jeung Abdul Fazmi.

Nilik kana jumlah pamaénna, bisa disebutkeun semi kolosal. Komo deui ninggang para pamaénna barudak wungkul, M. Nana Munajat Dahlan kaitung parigel ngatur tarianana. Pon pilalagi Panata Karawitanana, Iik Setiawan, S.Kar. Si Ujang jeung Dora Émon minangka hasil karya Drs. Wahyu Wibisana, anu ditulis sawatara waktu taun katukang. Atuh dina pintonan kamari ogé Drs. Wahyu Wibisana kapeto minangka anu jadi sutradara.

Leunjeuran carita-na kurang leuwih nyaritakeun panggihna dua ucing nu béda kasangtukang; Candramawat jeung Doraémon. Doraémon datang ti Jepang, kalayan dibaturan ku Nobita. Demi Candramawat turun ti bulan ku ayana widi ti Nini Antéh. Dua ucing téh béda paham ngeunaan warna kampung Si Ujang. Ari ceuk Doraémon mah abu-abu. Demi nurutkeun Candramawat mah konéng. Ku ayana béda pamanggih téa, dua ucing téh méh baé silih cakar. Untung pisan Si Ujang geuwat misah bari ngécéskeun mun yén duanana ogé bener. Abu-abu, minangkana mah warna haseup industri. Demi rupa konéng, minangka warna emas nu aya di jero taneuh. Pang ngajawab kitu, lantaran Si Ujang inget kana uga, mun yén kampungna isuk jaganing géto baris jadi lahan tambang emas. Atuh geus kitu mah dua ucing téh arulin deui kalawan akur.***

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post