Anugrah Budaya Paguyuban Pasundan 2004 - Ti La'nat di Jagat Ma'siat nepi ka Sandékala Tara Lila





YAYASAN Daya Budaya Paguyuban Pasundan ngalélér deui anugrah budaya 2004, anu ngawengku pangajén hadiah sastra D.K. Ardiwinata, hadiah Jurnalistik R.H. Muh. Koerdi, jeung hadiah R. Soeria di Radja.

Rupaning acara digelar pikeun ngareuah-reuah ieu acara, ti mimiti orasi budaya, gending karesmén murangkalih, nepi ka sandiwara munaran. Sakur acara anu geus dirarancang ti anggalna mula, lumangsung kalayan suksés, poé Rebo, tanggal 19 Méi 2004 di Gedong Kasenian Rumentang Siang, Jl. Baranang Siang No. 1 Bandung.

**

DINA sastra Sunda mah loba pisan hadiah téh. Ti mimiti Rancagé, LBSS, Carpon Pinilih Manglé, Carmin LKMP, jeung sajabana.

Pangpangna mah diayakeun keur ngahudang sumanget para penulis, pangarang jeung jurnalis Sunda. Yayasan Daya Budaya Paguyuban Pasundan, saban taun ngalélér pangajén.

Ngahaja dingaranan hadiah sastra D.K. Ardiwinata, hadiah Jurnalistik R.H. Muh. Koerdi, jeung hadiah R. Soeria di Radja, pikeun miéling ka jasa-jasa aranjeunna dina ngamekarkeun kabudayaan Sunda, hususna dina widang sastra.

Dina taun ieu, Yayasan Daya Budaya Paguyuban Pasundan masih terus konsistén ngajalankeun programna.

Anugrah Jurnalistik Moh. Koerdie diajangkeun pikeun penulis anu ngaguar tulisan jurnalistik, dina wangun réportase jeung ésai jurnalistik.

Demi anu diajén téh nyatana tulisan-tulisan anu geus kungsi dimuat dina média massa Sunda, saperti Manglé, Galura, Cupumanik, SB, jeung sajabana.

Dina taun ieu, anu kasinugrahan hadiah Jurnalistik Moh. Koerdie katégori réportaseu nyaéta Nanang Supriatna (Wartawan Galura).

Laporanna anu dimuat dina SKM Galura kaajén ku déwan juri pikeun narima hadiah Jurnalistik Moh. Koerdie. Demi judulna: Citanduy teu Boga Dosa kana Déétna  Sagaraanakan.

Cécép Burdansyah, anu nulis ésai Mariksa Dada jeung Dani (dimuat dina Majalah Cupumanik), marengan Nanang pikeun narima hadiah Jurnalistik Moh. Koerdie dina katégori ésai.

Nanang jeung Cécép narima piagem Jurnalistik Moh. Koerdie jeung hadiah duit anu gedéna tilujuta séwang.

Aya tilu urang anu meunang hadiah R. Soeria di Radja, nyatana diajangkeun keur para guru Basa Sunda anu nulis sarupaning pamanggih atawa pamikiran ngeunaan cara ngajar Basa Sunda di sakolaan.

Dénny Hadiansyah, nulis Ngajarkeun Basa Sunda Teu Gugon Teuing Kana Kurikulum, Buku Pangajaran, jeung LKS kapilih ku déwan juri minangka pinunjul hiji hadiah R. Soeria di Radja. Dénny Hadiansyah dilélér piagem R. Soeria di Radja jeung hadiah duit anu gedéna tilujuta.

Ngajarkeun Basa Sunda Henteu Rengkung Bari Kerung, beunang Asép Ruhimat, kapilih minangka pinunjul kadua hadiah R. Soeria di Radja.

Ku kituna Asép Ruhimat dilélér piagem R. Soeria di Radja jeung hadiah duit anu pangajina duajuta satengah.

Disusul ku piununjul katilu, nyatana Imas Rohilah, anu nulis Ti Karya Gotong Royong tepi ka Jam Pireu. Imas Rohilah dilélér piagem R. Soeria di Radja jeung hadiah duit anu gedéna duajuta.



Anu kasinugrahan hadiah sastra (pupuh) D.K. Ardiwinata, taun ieu beunang ku Dédy Windyagiri, U. Supriatna, S.Ag, jeung Dhipa Galuh Purba.

Dédy Windyagiri minangka pinunjul hiji, dina judul pupuh La'nat di Jagat Ma'siat, kalayan dilélér piagem D.K. Ardiwinata jeung hadiah duit anu pangajina tilujuta.

Disusul ku U. Supriatna S.Ag, minangka pinunjul kadua, kalayan narima piagem hadiah sastra D.K. Ardiwinata jeung hadiah duit anu gedéna duajuta satengah.

Demi Dhipa Galuh Purba nyangking pinunjul katilu, dina opat judul pupuh: Sandékala Tara Lila, Lain Saomong-Omongna, Anjeun Dina Panineungan, jeung Bedug. Dhipa narima piagem sastra D.K. Ardiwinata jeung hadiah duit anu gedéna duajuta. Dina acara pamasrahan hadiah, aya dua urang pinunjul anu teu hadir, nyaéta U. Supriatna, S.Ag, jeung Imas Rohilah.***



Tina Majalah Seni Budaya, Edisi Juni 2004

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post