Ajip Rosidi (Foto: Agus Bebeng Hadyana) |
Urang Sunda hadéna ngartasa reueus ku ayana hiji tokoh
sastrrawan, budayawan, kritikus: Ajip Rosidi. Anu miang ti Jatiwangi, ngukir préstasi
di tingkat nasional, malah internasional. Rupaning ketakna ngahudang sumanget tur
gairah kagiatan sastra jeung budaya Sunda hususna, jeung umumna kabudayaan
bangsa. Tanggal 31 Januari 2008 anu kaliwat, yuswa Ajip Rosidi panceg 70 taun. Dina
poé éta, Universitas Padjadjaran (Unpad) gawé bareng jeung “Panitia 70 Tahun
Ajip Rosidi”, ngagelar acara monuméntal kalayan ngasongkeun jejer “Jejak
Langkah Urang Sunda, 70 Tahun Ajip Rosidi”, anu digelar di Graha Sanusi
Hardjadinata (Aula Unpad), Jl. Dipatiukur No. 35, Bandung.
**
PUGUH baé lain
sakadar ngareuah-reuah ulang taun. Jajauheun pisan lamun nyawang ulang taun
Ajip Rosidi siga nyawang ulang taun barudak rumaja jaman kiwari. Dina
milangkala Ajip Rosidi mah, digelar rupaning acara monuméntal gelar pustaka atawa
peluncuran buku otobiografi Ajip Rosidi anu judulna Hidup Tanpa Ijazah (Pustaka
Jaya, jakarta, 2008), anu kandelna 1.364 kaca. Minangka buku oto biografi anu
pangkandel-kandelna di Indonésia. Éta buku téh béak pada ngaborong, teu nyésa
jilid-jilidna acan, malah réa nu teu
kabagéan.
Najan acara baris dimimitian tabuh 09.00 WIB, tapi ti
jam 08.00 tamu téh geus mimiti
ngagimbung. Nu ti luar kota mah, réa anu mondok heula di Bandung,
meureun bisi kaporotan. Méméh prung acara, para tamu disayagikeun heula leueuteun,
aya cikopi jeung jus jambu, katut
lalawuhna. Aya deuih nu pogot nengetan paméran karya-karya Ajip Rosidi.
Jam 09.00 WIB, basa acara dibuka, tamu geus
pinuh. Ari nu ditaksir ku panitia mah tamu anu datang téh 400-an. Atuh réa nu henteu
kabagéan tempat calik. Tapi henteu nepi ka pundung, réréana mah tagen wé najan kudu ngajanteng.
Acara dibuka ku MC, diteruskeun ku maca kalam
Illahi. Saritilawahna dihaharingkeun,
tarjamahan surat Al-Ashr, dumasar
kana kawih anu disanggi ku Atang Warsita, anu unina:
Demi wanci Satemenna jalma aya dina rugi
Demi wanci, Satemenna jalma aya dina rugi
Iwal anu iman, iwal anu soléh
Nu silih wasiatan dina
bebeneran
Iwal anu iman, iwal anu soléh
Nu silih wasiatan dina
kasabaran.
Rérés nu ngagalindengkeun kalam Illahi, diteruskeun
kana pangbagéa. Mimiti ti pupuhu panitia,
Prof. Dr. A. Chaédar Alwasilah, diteruskeun ku Réktor Unpad, Prof. Dr.
Ganjar Kurnia, DEA minangka nu jadi pribumi.
Gubernur nu tadina mah rék hadir, pidatona
diwakilan ku Dra. Wiana Sunari, Kaubdin Kebudayaan Disbudpar Jawa Barat.
Ti dinya nincak kana “Peluncuran Buku dan Website” anu dipirig prosési Karesmén Gelar
Pustaka, pintonan Tim kasenian Unpad, anu disutradaraan ku Ganjar Kurnia. Aya
kana 15 judulna buku Ajip Rosidi nu
medal téh, boh karya anyar, boh nu citak ulang. Sajabana ti buku Hidup Tanpa Ijazah, diluncurkeun
ogé buku pikeun ngahormat Ajip Rosidi, anu judulna Jejak Langkah Urang Sunda:
Ajip Rosidi 70 Tahun (Panitia 70 Tahun Ajip Rosidi jeung Kiblat Buku Utama, Bandung , 2008). Editor éta
buku diwungku ku A. Chaedar Alwasilah, Hawe Setiawan, jeung Rachmat Taufik
Hidayat. Buku-buku séjénna karya Ajip Rosidi anu diloncing jeung ré-lonching, aya
buku anu dipedalkeun ku Kiblat Buku Utama, Nuansa Cendekia, jeung Kepustakaan
populer Gramedia. Buku anu dipedalkeun ku Kiblat Buku Utama, diantarana: Si Cepot Hayangeun Kawin, Bagal Buntung
Hayangeun Walagri, Dorna Ngabasmi Komunisme, Seuri Leutik, Janté Arkidam,
Pésta, Kisah Si Éméd (karya Samsudi ditarjamahkeun kana basa Indonésia ku Ajip
Rosidi), Sajak Sunda (antologi Sajak
Sunda), jeung Urang Sunda jeung Basa
Sunda. Demi buku-buku karya Ajip Rosidi anu dipedalkeun ku Nuansa Cendekia,
di antarana: Roro Mendut, Badak Pamalang,
Candra Kirana, Sang Kuriang Kesiangan, Jalan Ke Surga Atawa Si kabayan,
Mundinglaya Di Kusumah, Pelukis Affandi, Purbasari Ayu Wangi atawa Lutung
Kasarung, Pelukis S, Sudjojono, jeung Ciung
Wanara. Buku anu dipedalkeun ku Kepustakaan Populer Gramedia nyaéta Yang Datang Telanjang (Surat-surat Ajip
Rosidi dari Jepang 1980-2002).
Ganjar Kurnia jeung Ajip Rosisi (Foto: Agus Bebeng Hadyana) |
“Karesmén Gelar
Pustaka” téh diracik dina kombinasi seni Sunda karawitan, ibing, jaipongan,
kawih, tarawangsa, jsté. Ti mimiti dur
panjak, tatabeuhan nayaga midangkeun suasana nu hégar. Kurunyung jajaka tujuhan, marawa gugunung. Geus kitu
langgéor mojang, maraké kabaya héjo, ngibing rampak marengan para jajaka. Ngong
juru catur maca sajak, nu kekecapan
beunang nyambung-nyarungsum judul-judul buku karya Ajip Rosidi.
Dina bagian séjénna, waditra ditaékkeun kana ketuk
tilu. Nyi mojang nu ngaribing téh malih
warni jadi ronggéng, da bagian éta mah nyaritakeun cutatan sajak populér Ajip Rosidi, anu judulna “Janté Arkidam”. Saréngséna
“Janté Arkidam”, nayaga eureun. Hawar-hawar kadéngé sora nu ngését
tarawangsa, gelak-gelik matak nyuitan
haté. Kurunyung nu marawa deui gugunungan. Juru catur mimiti nyoara deui, beuki harus, beuki harus, nepi
ka eureunna bareng jeung mojang-jajaka
nu malikkeun gugunungan, janggélék buku-buku karya Ajip Rosidi.
Pidangan “Karesmén Gelar Pustaka” dipungkas ku masrahkeun buku ti Ajip Rosidi ka tokoh ti
sawatara lembaga, di antarana ka Gubernur Jawa Barat H. Danny Setiawan (anu
diwakilan ku Dra. Wiyana Sunari). Satuluyna, Ajip Rosidi ogé masrahkeun buku ka
Prof. Dr. Ganjar Kurnia (Réktor UNPAD), Prof. Dr. HE. Saefullah Wiradi (Rektor
UNISBA), Prof. Dr. Didi Turmuzi (Rektor UNPAS), Dsr. H. Wahyu Hidayat K, M.Si
(Ketua BAPUSDA, anu diwakilan ku Drs. Yudi Ridwan), Drs. H, Anwarudin (Ketua
IKAPI Jawa Barat), Prof. Dr. H.A. Himendra Wargahadibrata, H. Syafik Umar
(Direktur Utama Pikiran Rakyat),
Prof. Dr. Dadang Kahmad (Ketua Pusat Studi Sunda), Drs. Gugun Gunardi, M. Hum
(Ketua Badan Pengurus YPK), Dra. Etty RS, M.Hum (Ketua Paguyuban Panglawungan
sastra Sunda), Us Tiarsa (Ketua Lembaga Basa jeung Sastra Sunda), Direktur Bank
Jabar, dan Prof. Dr. Muchtar Kusumaatmadja.
Aya ogé acara
diskusi buku Hidup tanpa Ijazah, kalayan panyaturna Dr. (HC) Rosihan Anwar. Najan
tos sepuh tapi nyaritana mah tatag kénéh. Panyatur séjénna, Drs. H. Setia Permana. Prof. Dr. Bambang
Hidayat nu tadina rék jadi panyatur, teu tiasa sumping. Acara diskusi
dimoderatoran ku Ahmad Syubanuddin Alwy.
W.S Rendra (Foto: Agus Bebeng Hadyana) |
Masih dina éta
acara, digelar ogé pidangan maca sajak. Aya limaan nu maca sajak téh. Nu hiji
deuih mah méméhna teu kasabit-sabit, nya éta incuna Ajip Rosidi, Real Azmy
Izzatillah, maca sajak Siki Sasawi. Anu opatan deui, sakumaha nu geus direncanakeun ti anggalna, kabéh gé hadir,
nyaéta Taufiq Ismail, W.S. Réndra, Ganjar
Kurnia, jeung Godi Suwarna. Nu mimiti maca sajak téh Taufiq Ismail.
Méméh prung, Taufiq ngawilujengkeun heula
ka Ajip Rosidi nu poé éta nincak mangsa 70 taun. Dua sajak nu dibaca ku
Taufiq eusina patali jeung umur. Sajak
nu kahiji, nyaritakeun hiji jalma nu ditanya ku
hiji budak, naha “kita yang mengejar umur” atawa “umur yang mengejar kita”: éta pertanyaan téh nepi
ka waktu 40 taun teu bisa kajawab. Tungtungna,
basa umur éta jalma geus tunggang gunung, pareng milu ngurebkeun babaturanana nu maot, panggih deui jeung
budak nu ti heula nanya téa. Geus jadi
jelema jugala éta budak téh, bari méré jawaban kana pertanyaanana baheula. Pokna: “Jawabanana téh kuburan”.
Demi sajak nu kadua mangrupa pananya
panyajak kana hartining ulang taun. Naha bet kudu méré lilin? Naha bet kudu
méré kado ka nu ulang taun? Padahal cenah, ulang taun mah teuleumaneun saréréa.
Ganjar Kurnia méméh maca sajak téh sanduk-sanduk
heula. Pokna, dititah maca sajak sotéh
boa lantaran anjeunna keur jadi réktor, da baheula mah cenah tara aya nu
ngéngkén nitah maca sajak. Ari sajak nu
dibacakeun ku Ganjar mah parondok, tapi patri.
Godi Suwarna (Foto: Agus Bebeng Hadyana) |
Ari Godi Suwarna, bangun nu teu sabar. Can ogé
digeroan, geus nelenyeng ka hareup. Puguh
wé “disentak” ku MC, da dianggap hihidenganan. Bungah teuing tayohna,
pédah meunang béja Godi dilélér Hadiah
Rancagé. Siga sasari, ieu “raja panyajak
Sunda” téh teu weléh matak hookeun nu lalajo. Ari sajak nu dibacana téh
“Blues
Kéré Lauk”, “Grand Frix”, jeung
“Sajak Dongéng Si Ujang”
Acara maca sajak
dipungkas ku W.S. Réndra. Geus papada terang kumaha kamampuh Réndra dina maca sajak mah. Ngan méméhna Réndra
nyebutkeun, pangna inyana bisa siga
ayeuna téh teu leupas tina peran Ajip Rosidi. Réndra maca sajak anu
judulna “Sajak Seorang Tua Untuk Istrinya”.
Acara ditutup ku
biantara Ajip Rosidi dina Renungan 70
Tahun. Acara kakara lekasan jam
14.00 WIB. Renungan 70 taun nu dibaca ku Ajip Rosidi téh leuwih ti satengah
jam. Eusina gunem catur jeung dirina
pribadi. Ngan sabada Kang Ajip ngucapkeun
salam keur mungkas biantara, anjeunna ngarenggog. Rék turun ti panggung
kadéngé sora nu tatabeuhan mani séah. Sora tarompét nérétét, kurunyung nu
ngagotong jampana, dituturkeun ku nu
ngibing, nu tatabeuhan, jeung nu mawa umbul.
Rombongan nu
tatababeuhan ngajajar di panggung. Ajip Rosidi masih kénéh kerung, malah ngaharéwos ka nu ngagotong jampana, “Naon éta
téh?”
“Tumpeng, Kang!” walon nu ngagotong jampana bari angger
ngéngklak. Kakara geus kitu mah Kang
Ajip “tenang”. singhoréng acara pamungkas téh motong tumpeng. Bérés nu tatabeuhan, Ajip motong éta tumpeng,
dibaturan ku Ganjar Kurnia jeung Chaédar
Alwasilah. Tumpeng meunang motong téh terus dipasrahkeun ka Dr. (HC) Rosihan
Anwar jeung H. Soekanto S.A. Geus kitu acara ditutup ku do’a.
Nu boga gagasan “ngareureuwas” Kang Ajip téh
saenyana Kang Ganjar. Dina rapat panitia
méméhna, Ganjar nyebutkeun yén rék nyieun “surprise” ka Ajip. Da apan
dina susunan acara mah teu kasabit-sabit
rék aya nu ngagotong tumpeng bari ditabeuhan. Dina acara éta ogé diluuhan ku
Agum Gumelar, salahsahiji cagub Jawa Barat. Agum nu ngarasa simpati ka Yayasan
Rancagé, nyuumbang duit Rp 100 juta pikeun kagiatan Yayasan Rancagé.***(DGP)
Dimuat di Majalah Seni Budaya, Edisi Januari 2008
Rapat persiapan acara 70 taun Ajip Rosidi |
(Foto: Agus Bebeng Hadyana) |
(Foto: Agus Bebeng Hadyana) |
(Foto: Agus Bebeng Hadyana) |
(Foto: Agus Bebeng Hadyana) |
(Foto: Agus Bebeng Hadyana) |
(Foto: Agus Bebeng Hadyana) |
(Foto: Agus Bebeng Hadyana) |
(Foto: Agus Bebeng Hadyana) |
(Foto: Agus Bebeng Hadyana) |
(Foto: Agus Bebeng Hadyana) |
(Foto: Agus Bebeng Hadyana) |
(Foto: Agus Bebeng Hadyana) |
Komentar