Sajak Sunda: Rangkidut


Sajak DHIPA GALUH PURBA

Reumis janari mimiti tunggara 
Lempay, neundeun asih urut peuting
Léngkah leutik  nyacag jukut
haté rangkidut
Ibun kaibunan, sumirat teu némbongan                                 
Munding begang, kebo ireng ngawuluku,
sawah teu nyawaan

Budak leutik léngkahna teu ajeg  
Ngadupak sasajén haturaneun
Buta ijo  ngajodo jeung kélong wéwé
Nyisir ku garu,  ngerok janggot ku pacul
Pamidangan geus henteu maké bangbarung
Ngahuap ngandelkeun si pétét
Diuk jeung nantung, muntang ka si bulé

Domba geus salin sora, hayam geus béda cacakar
Loba mojang remen nganjangkeun tuur
Di basisir nu awor pagedor  jeung sora buta ijo
Parawan di sawah diculik,
dijieun  jeung ditukeur gambar si pétét
Jajaka di tegalan  di sumputkeun kélong wéwé…
teu nyawaan

Léngkah leutik nyacag  jukut, haté rangkidut
Ibun ka ibunan, sumirat teu némbongan      
Nénjrag  kalangkang, awong-awongan kabekem 
Saukur déhém  ku haseup si pétét  
Gigisik  kapireungpeunan si bulé       
                        
Nyi Buyut Déwi  Sri…
Kuring mapag mawa payung kabuyutan
Ngampar samak di galengan             
Pacul…singkal…Munding panghudangkeun

Léngkah leutik  nyacag jukut, haté rangkidut
Ibun kaibunan , sumirat teu nembongan                      
Saha nu rék luas nukeurkeun ranggeuyan      
Saha nu rek luluasan…?

Ranggon Panyileukan, 2001




0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post