Carita Pondok DHIPA GALUH PURBA
CARITAAN Néng Déwi
téh bangga pisan disirnakeun tina sagara pikir. Masih kénéh gantung déngéeun, tug
nepi ka mindeng kabawa ngimpi. Hanjakal pisan, nurutkeun paririmbon ogé, impian
anu kajurung ku lamunan mah, henteu kaasup ngimpi anu bisa dipaluruh pihartieunana.
Kétang, nanahaonan barina ogé maké jeung percaya kana paririmbon sagala.
“Janten, akang téh masih turunan Cikembar?” kitu pisan pananya Déwi harita,
semu anu hanjelu.
“Sumuhun, pun biang ti Cikembar. Ari pun bapa mah ti Ciamis…” témbal
kuring.
“Hanjakal pisan atuh nya… abdi mah apan ti Cianjur…” pokna deui, teu
kebat.
“Naon hubunganana?” mimitina mémang tacan ngarti, naon patalina
antara kuring jeung lembur luluhur. Kakara saminggu ti harita, kuring bisa surti
ka mana léokna maksud caritaan Déwi. Enya, mitos! Urang Cianjur dipahing
hahadéan, komo kawin jeung urang Cikembar. Nurutkeun katerangan Si Badar mah, caritana
téh Radén Astramanggala pupusna ditewek ku condré tug nepi ka kakoncara jadi ‘Dalem
Dicondré’. Demi anu boga pamolahna taya lian beubeureuh Nyai Apun Gencay, kabeneran
urang Cikembar.
Salah sahiji kahéngkéran karuhun téh mémang lebah dinya; sok
sangeunahna nyakompétdaunkeun rupaning pasualan. Abong kéna anu deleka téh lembur
matuhna di Cikembar, hayoh sakur urang Cikembar disahurun-suluhkeun. Antukna Néng
Déwi nampik cinta kuring. Cinta anu kajurung ku rasa ihlas, hayang ngajait
kahirupan Néng Déwi—bari
jeung bogoh wé pangpangna mah.
Kuring jadi korban hiji mitos. Antukna kuring henteu pati resep kana
éta carita. Malah jauh ti sagaraning haté, ujug-ujug ngananaha éta carita masih
kénéh sumebar tur digarugu dina jaman kiwari. Kaya kieu mah, mending ulah aya
carita éta di dunya téh!
Tina ijid kana carita, bet jadi malindes ka diri sorangan;
katarajang panyakit parna: teu bisa ngaréka carita. Rék kumaha mun geus kieu?
Mangkaning hirup téh éstuning ukur ngandelkeun honor tina ngaréka carita.
Cilaka. Ka mana kudu néangan ubar? Pamohalan ari los-los ka rumah sakit mah, da
piraku teuing rék diinpus sirah.
Geus adug lajer, diperejel-perejelkeun, keukeuh teu bisa. Lian ti éta,
ampir saban poé udar-ador dina raraga néangan bahan carita. Kungsi
manggihan atawa meunang béja anu tabrakan, paséa, bobogohan, kawin, salingkuh,
tatalakan, riributan dina ngareuah-reuah kamerdékaan, pro-kontra pornografi, jeung
sajabana. Tapi naon anu bisa diréka? Kitu kénéh, kitu kénéh. Kalah matak ngajangarkeun
sirah.
“Ké, ké, basa panungtungan nganjang ka si Déwi, béjana ilaing kungsi ngawangkong jeung supir treuk?” Si Badar
tumanya, sakaligus ngabuyarkeun lamunan. Geus ampir sajam ngawangkong jeung si
Badar téh. Minangkana mah tukeur pikiran, pédah baé manéhna minangka
hiji-hijina sobat kuring anu sapopoéna jadi wartawan, kalayan rada euyeub ku luang
jeung pangalaman.
“Enya, bener, uing ngobrol jeung Mang Kowi,” kuring curinghak.
“Ngobrol naon baé tah?”
“Lah… biasa baé, ngobrol sabulang-béntor. Mang Kowi nyaritakeun
pangalamanana ngakut kulit sapi ti Tanjung Priok,”
“Berarti kuli sapi impor?
Ti mana ngimporna? Tuluy, rék dijieun nanahaon kulit téh?”
“Béjana mah ti Koréa. Nya tangtu baé keur kulubeun, dijieun kikil,
dijual deui ka Jakarta ,
keur parab jalma…”
“Tapi… naha
manéhna bet ngagunakeun jalan Jonggol? Maksud téh, naha henteu maké jalan tol Cipularang?”
“Manéh mah nanya téh aclok-aclokan kitu, kawas lain wartawan baé!
Yeuh, kangaranan mawa mobil treuk, béda deui jeung mawa mobil biasa. Lamun maké
jalan tol, tangtu kudu kandel bekel…”
“Duit, maksudna? Ah, asa bakal irit kénéh ka jalan tol…”
“Ngirit nanahaon! Enya lamun sakadar bénsin mah, tapi apan kudu
ngemél ka oknum Polantas. Biasa, tradisi…”
“Oh, enya, bener, kakara inget. Tapi… naha lamun maké jalan Jonggol, tara kudu ngemél?”
“Angger ari osok mah. Tapi tara pati gedé méntana ogé, béda jeung oknum
Polantas jalan tol,”
“Tah, sayah rék méré ideu cemerlang. Éta obrolan kamu
jeung supir treuk téa, kawasna menarik lamun dijieun carita!”
“Lebah mana nyongcolangna? Geus ilahar carita siga kitu mah. Najan
ku uing ditulis ogé, moal ngadak-ngadak supir treuk bébas tina pungli…”
“Geus, kieu baé ayeuna mah,
naon anu ayeuna aya dina pikiran kamu?”
“Andéwi! Pucuk andéwi!”
“Andéwi? Naon maksudna?”
“Sabangsaning sasayuran, chicarium endivalim. Jangkungna hiji
satengah méter, warna kembangna bulao sarta daunna ngandung protéin, kalsium,
jeung zat besi,”
“Naha
bet mikiran éta?”
“Enya, keur dipikiran kénéh, kumaha carana sangkan bisa nyambung ka Néng
Déwi. Uing geus bosen ngadéngé kembang malati, eros, tanjung, komo samoja…”
“Teu kudu dijieun-jieun ari rék nyieun carita mah. Lamun hayang
nyaritakeun Déwi, teu kudu mikiran pucuk andéwi sagala. Anu réalis baé,
saujratna!”
“Kumaha carana? Ti mana ngamimitianana?”
“Har… naha
kalah nanya ka sayah? Kawas anu kakara baé ngaréka carita téh!”
Sakedapan kuring ngahuleng, bet jadi mikiran deui Mang Kowi. Harita
téh mémang ngawangkong kalayan panjang lébar di warung Néng Déwi, anu perenahna
di wewengkon Giri Jaya. Sarua jeung Mang Kowi, kuring ogé tara
maké jalan tol Cipularang (Tapi alesanana tangtu rada béda). Ti Pekayon téh
henteu asup ka gerbang tol Bekasi Barat, tapi mapay-mapay Bantar Gebang jeung
Narogong bari
nengetan sawatara aréna ronggéng nu nonggérak sisi jalan. Hanjakal, euweuh hiji
ogé anu pipanteseun pikeun diréka jadi carita. Bosen. Kitu kénéh, kitu kénéh.
Anjog ka 0 KM Cileungsi-Jonggol, méngkol ka kénca. Enya, jalan ieu
pisan anu disebut jalur alternatif téh. Ngagunakeun jalan éta mah, kari
nuturkeun jalur utama, moal kungsi manggihan macét. Bédana jeung jalan tol téh
duméh henteu lempeng, jeung nanjak-mudun. Tapi teu kudu mayar jeung bisa
reureuh heula di Giri Jaya.
Aya puluhan warung nu mapaésan sapanjang jalan. Tangtu baé warung nu
dimaksud téh, aya warung nu ilahar jeung warung mingsal. Ti mimiti lembur
Srena, Giri Jaya, Cipinang, Cimuncang tug nepi ka Tanjakan Keusik, teu saeutik
warung-warung mingsal. Ari kuring mah, geus ngalanggan reureuh di warung Néng Déwi.
Teuing saha kétang anu bogana mah. Nu écés, kuring sok diladangan ku Néng Déwi.
Anu dipesen téh biasa baé sabudeureun cikopi jeung roko. Minangka rada royal,
paling ogé cikopi campur susu.
Sakali mangsa, diparengkeun panggih jeung Mang Kowi di warung Néng Déwi. Harita, wanci geus nyedek ka tengah
peuting. Kaayaan di warung Néng Déwi mingkin haneuteun. Musik dangdut disetél
harus naker, matak rawing daun ceuli. Tingcikikik, tingcakakak, patémbalan
antara nu laladang jeung nu diladangan. Cindekna mah iwal jadi jalur jalan alternatif
téh, sakaligus nyadiakeun diskoték alternatif.
Tara-tara ti sasari, maké jeung hayang ngajak ngawangkong ka Mang
Kowi, sabot Déwi keur laladang ka tamu séjén. Kabeneran deuih Mang Kowi
ngalayanan kalawan soméah. Nanya itu, nanya ieu, sabulang-béntor., ngalér-ngidul
tug nepi ka uplek ngobrolkeun oknum polantas nu kokoro. Bras kana stiker
“KOORDINASI 898” (dipasang dina hulu mobil treuk Mang Kowi). Palebah
ngobrolkeun éta mah, Mang Kowi rada haharéwosan.
“Sabaraha mayarna éta téh?” tanya kuring.
“Tiluratus rébu sataun…” témbalna.
“Sataun? Hartina kudu aya perpanjangan?”
“Sumuhun, biasa baé siga memperpanjang STNK atanapi SIM…”
“Lamun henteu nganggo stiker,
kumaha akibatna?”
“Wah, bahaya, Cép. Anak buahna riab di mana-mendi, garalak deuih.
Réréncangan abdi ogé, kantos aya nu dicegat, digarebugan..”
“Pédah naon?”
“Sumuhun, pédah elat memperpanjang stiker…”
“Naha
atuh, sanés lapor ka pulisi?”
“Ah, teu aya gunana, Cép. Angguran langkung bahaya. Sareng deui… da
siga anu diasuh …”
“Piraku?”
“Mangga baé tengetan ku Encép …” kitu pokna semu humandeuar.
Asa jadi milu ngahelas, mangkarunyakeun nasib Mang Kowi jeung supir
treuk séjénna. Deudeuh teuing, Mang Kowi. Di satukangeun pacabakan nyupiran
treuk téh, manahoréng loba pisan reregedna. Tah, palebah dieu mah asa kalintang
pentingna pikeun dijieun carita. Pasualanana lain resep atawa teu resep, lain
nyastra atawa teu nyastra, tapi ieu téh pasualan nu kudu geuna-geuna
diréngsékeun kalayan daria.
“Geus manggih ayeuna mah! Uing geus meunang inspirasi!” cekéng téh bari ngarérét ka Si Badar
anu keur anteng ngumbar paneuteup ka luareun kamar kontrakan bari nyerebungkeun haseup roko.
“Sukur atuh ari kitu mah. Rék ngangkat carita naon?” pokna Si Badar,
meupeus simpéna peuting.
“Koordinasi 898 Pucuk Andéwi!” témbal kuring kalayan daria.
“Sok atuh, geura der nulis!” Si Badar méré sumanget.
“Enya arék. Tapi uing kudu ngobrol deui jeung Mang Kowi,”
“Iraha?”
“Ayeuna! Uing rék ka Giri Jaya heula, ayeuna,”
“Wanci kieu?” tanya si Badar, bangun anu mangwegahkeun.
“Enya, da henteu jauh ieuh. Paling ogé dua jam…” témbal téh bari ngarérét kana jam
tangan, panceg mangsa pucuk peuting.
*
ANJOG ka Giri Jaya téh kira wanci janari leutik. Kaayaan geus simpé.
Kilang kitu, di buruan warung Néng Déwi, aya mobil treuk anu parkir, ditambah
ku motor aya kana limana. Hanjakalna lain treuk anu Mang Kowi, sanajan sarua
dipasangan stiker “KOORDINASI 888”
Jrut turun, tuluy ngaléngkah muru ka lawang warung. Sakedapan
ngarandeg bari
rurut-rérét nengetan anu keur dariuk bari
nyanghareupan gelasna séwang-séwangan.
‘Mangga, calik…” kitu ceuk hiji awéwé, bari nyampeurkeun kalayan daréhdéh naker.
Apal kana rupa jeung dedeganna mah, da mindeng panggih, tapi teu apal
ngaranana.
“Néng Déwi ka mana?”
“Oh, nuju istirahat sakedap…” témbalna. Aya nu nyentug kana haté.
Tapi teu hayang loba cacarita, gék baé diuk, nyorangan.
“Badé ngaleueut naon?”
“Cikopi baé sareng roko
sabungkus…”
“Moal ngaleueut nu haneut-haneut?”
“Apan cikopi ogé langkung ti haneut…”
“Ih si Aa mah…” kituna téh bari
nyiwit pigeulang. Léos manéhna indit muru ka rohangan tukang.
Sajeroning ngadagoan pesenan,
pangangguran nengetan deui para tatamu nu keur anteng ocon jeung pelayan
warung. Karérét dina méja pangjuruna, hiji lalaki diuk nyorangan bari ngaroko bangun
nikmat naker. Upama nilik kana rupa jeung dedegan mah, umurna moal jauh ti
tilupuluh taunan. Awakna kaitung seseg, najan pendék. Manéhna unggeuk rengkuh,
basa panon pareng paadu teuteup.
Pesenan kaburu datang kalayan masih dijajapkeun ku awéwé nu bieu.
Sanggeus nyimpen gelas dina méja, gék manéhna diuk gigireun, malah siga ngahaja
nyedekkeun. Padahal korsi téh lega kénéh.
“Diréncangan ku abdi baé nya. Néng Déwi
mah sok lami…” pokna.
“Wios, nyalira baé,”
“Idih, mani somse…” kituna téh bari
cengkat. Barang manéhna rék ngaléngkah, ras inget ka Mang Kowi.
“Éh, sakedap!”
“Tuh, pan hoyong diréncangan…”
“Sanés, mung badé tumaros, manawi kenal
ka Mang Kowi, anu sok nyandak treuk…”
“Oh, biasana mah tabuh dua atanapi tabuh tilu tos aya di
dieu, tapi duka kétang, da tara unggal wengi ka dieu sih,”
“Ari ayeuna, ka dieu atanapi moal?”
“Duka atuh. Engké baé taroskeun ka Néng
Déwi,”
“Ké, naha kedah naroskeun ka Néng Déwi?”
puguh baé rada kerung.
“Nya muhun atuh, da istrina!” pokna
bangun nu héran.
Teu hayang némbalan, da ngadadak ratug tutunggulan, reuwas
kareureuhnakeun. Naha
jeung kumaha? Éta pananya minuhan kereteg dada, tapi teu hayang dikedalkeun.
Teu kaharti. Apan Mang Kowi téh geus boga anak pamajikan di lemburna? Apan…
“Har, naha janten ngalamun?” sorana
ngagareuwahkeun rupaning sawangan.
“Hen… henteu. Emh… iraha kitu
nikahna?”
“Aya panginten dua minggu mah,”
“Oh, nuhun atuh nya…”
“Si Aa itu ogé, nuju ngantosan Mang
Kowi…” pokna deui bari ngarérét ka lebah lalaki nu tatadi diuk nyanghareupan
méja pangjuruna.
“Wargina panginten, nya?” tanya téh,
pangangguran.
“His, sanés! Ka dieu geura…!” kituna
téh bari
ngadeukeutan, biwirna méh antel kana cepil. Manéhna ngaharéwos. Najan teu pati
écés, teu burung matak muringkak bulu punduk. Késang badag, késang lembut
mimiti karasa maseuhan awak. Pangpangna mah ku teu nyangka, lalaki anu sakitu
daréhdéhna pajarkeun téh salahsahiji usung-ésang KOORDINASI 898 anu kakoncara
pangganggasna; Si Kampak.
Teu hayang loba catur deui, harita
kénéh ogé jung nangtung bari
maling rérét ka lebah Si Kampak. Gap kana pésak calana, ngodok duit lambaran
limapuluh réwu.**
Komentar