Carpon Dhipa Galuh Purba
MÉH baé Sarkim ngajéngkat lamun pigeulang leungeunna henteu kaburu
dicekel ku Imas. Kawasna Sarkim teu panuju barang ngadéngé rarancang anu
dikedalkeun ku Imas.
“Pokona budak mah ulah aya hiji ogé anu dibawa!” ceuk Sarkim
bari muncereng.
“Kang, barudak kudu dibawa kabéhanana…” pokna Imas bari nyium leungeun
Sarkim. Cipanon Imas ogé milu ngumbah tonggong dampal leungeun Sarkim nu geus
jegang ku késang.
“Apan barudak téh keur sakola! Sugan wé budak urang mah
nasibna henteu siga urang. Komo si Ucu mah di sakolana ogé calakan, réngking kahiji
baé. Lebar, Imas…” Sarkim keukeuh kana pamadeganana, sanajan ayeuna mah
nyaritana rada leuleuy.
“Tapi, Kang, abdi mah melang. Piraku urang henteu watir
ka budak urang? Kumaha lamun budak urang pada ngagugujeg ku nu naragih hutang? Sok
timbang-timbang deui ku akang…” Imas semu ngalengis.
Sakedapan Sarkim ngahuleng. Liwung bingung ngalimpudan
haté nu kapahung. Ras kana nasib diri nu keur ninggang diapes. Ngumbara di satengahing
gerotna kota Bandung pikeun numbu umur ngahirupan anak
pamajikan. Sapopoé usahana muka kios roko di Jalan Déwi Sartika. Ladangna ogé
teu sabaraha, ukur cukup keur nyumponan pangabutuh sapopoé, mayar kontrakan,
jeung mayar sakola dua urang budakna. Lamun keur tiiseun, puguh baé mayar SPP
jeung kontrakan ogé pasti sok telat, kalayan jalan kaluarna taya deui iwal ti
nginjeum duit ka réntenir. Kari-kari ayeuna kiosna diringkid ku Satuan Polisi
Pamong Praja, lantaran sapanjang Jalan Déwi Sartika kudu beresih tina PKL (Pedagang
Kaki Lima). Tangtu buntu laku. Ku ayana kitu, maranéhna geus sapuk pikeun
pundung ti Bandung .
Kapikir ku Sarkim, caritaan Imas téh aya benerna.
Mangkaning budakna téh laleulik kénéh. Si Dédéh kakara naék ka kelas lima SD. Atuh Si Ucu mah
komo deui kakara rék naék ka kelas dua SD. Mana teuing tunggarana lamun
ditinggalkeun téh.
“Ari si Ucu kumaha?” tanya Sarkim.
“Hih, ari Kang Sarkim téh kumaha? Si Ucu ogé kudu
dibawa! Bawa kabéhanana!”
“Karunya budak téh. Tadina mah hayang jeujeuh sina sakola
…” pokna Sarkim bari malédogkeun paneuteup ka jauhna. Neuteup
kalangkang nu pamohalan kadongkang. Dina kalangkang, aya si Ucu anu geus salin
jinis jadi pamuda gandang, turun tina mobil sédan di buruan bank kakoncara. Cita-citana
hayang jadi pagawé bank. Kolébat, tangtungan Dédéh nu sarua geus salin jinis
jadi mojang perténtang, nangtung di jero kelas, nyanghareupan murid-murid
sakola. Mémang, Dédéh mah ti barang mimiti diajar nyarita, cita-citana téh teu
kungsi robah nepi ka ayeuna, hayang jadi guru.
“Ah, Si Ucu mah urang titipkeun wé atuh ka uwana atawa
bibina. Piraku henteu daékeun nyakolakeun mah,” ceuk Sarkim.
“Ulah ngandelkeun batur, Kang. Buktina, salila ieu
euweuh saurang ogé dulur nu miroséa kahirupan urang. Dulur geus jadi batur,
Kang!” témbal Imas semu humandeuar.
“Jadi, kumaha atuh?”
“Ulah asa-asa, Kang. Bawa kabéhanana, Si Dédéh jeung Si ucu!”
“Heug baé atuh ari keukeuh kudu kitu mah…” ahirna Sarkim
léah.
“Sok, teruskeun nulisna, Kang!” ceuk Imas bari mikeun pulpén.
“Enya, heug. Ké heula, nulis naon deui nya?” pokna
Sarkim bari
ngarérét ka lebah jandéla anu ngeblak kénéh. Rét deui ka lawang panto, anu
sarua tacan ditutupkeun. Sasarina mah saban wanci sareupna, Imas sok gura-giru tutulak.
Tapi dina poé éta, Imas lir anu hayang méré kasempetan ka angin sangkan leuwih
laluasa ngalahir hiliwir, ngajugjug gelebug, ngalingling dalingding ngusapan
haté nu kingkin. Sarkim jeung Imas ogé siga nu ngahaja hayang ngajajap panon
poé nu paturay jeung wanci beurang, miang miheulaan ka nu rék mariang.
“Isukan, urang moal neuteup deui panonpoé di buruan imah.
Moal nyeuseup hiliwirna angin…” Sarkim ngagerendeng.
“Teu kudu nineung sagala, Kan g. Panonpoé nu morérét uk ur meuleum awak ur ang sapanjang beurang. Angin nu ngahiliwir ogé
saukur racun nu saban engapan ngarangsadan umur ur ang. Angin di dieu mah geus kotor,
kacampuran ku haseup ti jalan raya jeung kebul pabrik. Naon nu matak
nineungna?”
“Enya, bener, mending tinggalkeun baé lah…”
Keur uplek ngawangkong, teu kanyahoan datangna, Bahro
geus ngajanteng di lawang panto.
“Kunaon ieu téh mani ngareblak kieu? Ngahaja?” Tanya Bahro bari kalacat ka jero imah.
“Enya, ngahaja. Asa bayeungyang pisan hawa téh…” témbal
Sarkim.
“Ih, sakieu taririsna,” ceuk Bahro bari gék diuk dina samak.
“Tiris kumaha? Tiris mah ukur milik jalma beunghar nu
masang asé atawa nu boga taman di buruan imah! Bangsa urang mah salawasna
hareudang bayeungyang, panas nyongkab nembus kana mamaras rasa,”
“His, teu menang panas baran jadi jalma mah. Urang ogé bisa
jadi jalma beunghar, asal daék usaha. Tah, kumaha isukan téh jadi rék nyaba
téa?”
“Puguh ieu ogé keur badami jeung pamajikan,”
“Lah, ti kamari ngan badami baé, mani euweuh tungtungna
badami téh. Déwék mah geus diidinan ku pamajikan ogé. Keun wé, da unggal bulan
rék mulang…”
“Justru kuring mah hayang indit jeung anak pamajikan.
Melang ditinggalkeun mah…”
“Wah, barabé ari kitu mah atuh. Mémangna rék
disenangkeun di ditu téh? Kan garanan
transmigrasi mah kudu ripuh heula, moal ujug-ujug senang. Engké mun di ditu
geus pararuguh kumaha-kumahana, kakara kuring mah rék ngajak anak pamajikan…” kitu
ceuk Bahro.
“Kuring mah rék nékad baé, Mang,” témbal Imas bari sakolébat ngiceupan
salakina.
“Oooh… teu nanaon atuh ari kitu onaman. Nu penting mah kudu
siap méntal wé,”
“His, puguh wé atuh éta mah…” méh bareng, Imas jeung Sark im.
“Nya enggeus atuh, ké isukan disampeur ku kuring. Hayu
ah rék tatahar lalajo piala dunya heula. Mangpang-meungpeung, da di ditu mah
biheung manggihan tipi. Bisi rék tumpangan deui, lalajona di imah Si Mahmud wé
ngarah ramé,” Bahro cengkat bari
tuluy ngaléngkah ka lawang panto.
“Boro-boro mikiran maénbal kuring mah. Jung wé, teu nara rapsu lah…” témbal Sark im.
“Aéh… ari barudak kama rana?
Asa teu katénjo hiji-hiji acan geuningan?”
“Apan geus arindit, rék ngaraji di Mama Iking. Ké marulangna
ogé wanci Isya,” kitu ceuk Imas.
“Heueuh silaing mah boga budak téh saroléh pisa n. Budak kuring mah mumul
pisan kana ngaji téh. Hayu ah bisi kaburu magrib…” ceuk Bahro bari ngaléngkah ninggalkeun lawang imah. Bareng
jeung ngaléosna Bahro, ngong kadéngé adan magrib ti lebah munara masjid. Semu
nu wegah, Imas ngaléngkah muru ka lawang-lawang imah. Nutupkeun panto,
nutupkeun jandéla. Ngahurungkeun listrik. Geus kitu mah, Imas nyampeurkeun deui
Sark im.
Sasarina wanci Magrib téh Imas jeung Sark im
gura-giru wudu, sarta berjamaah solat. Tapi harita mah leungeun Sarkim kalah cég
deui kan a
pulpén. Gutret nuliskeun naon rupa nu aya dina kereteg haténa, ditambah ku omongan
Imas. Sakapeung padungdengan heula saméméh dituliskeun. Nepi ka teu karasa nyérélékna
waktu. Nulis tacan aya tungtungna. Adan Isya geus henteu dipaliré. Eureun sotéh
sanggeus kadéngé sora Dédéh uluk salam.
“Geuning ngan sorangan? Mana ari Si Ucu?” tanya Imas bari nuteup anakna.
“Si Ucu mah dipiwarang ngéndong di bumi Mama Iking.
Mmmm… dipiwarang ngaréncangan Cép Aday. Margi… Ibu Hajina pan nuju angkat ka Padalarang,
ngalongok sepuhna anu teu damang…” témbal Dédéh.
“Haaar… lain bébéja heula atuh! Nyaho rék diajak ind it, kalah hayoh
meuting di imah ajengan!” Imas muncereng.
“Apan abdi dipiwarang wawartos ka ema sareng ka bapa. Mali h… upami
diwidian mah abdi ogé badé ngéndong di bumi Mama Iking, ngaréncangan…” teu
kebat nyaritana, kaburu ditémpas ku Imas.
“Mont ong
meuting sagala rupa! Angguran Si Ucu ogé ayeuna kénéh papagkeun deui! Hayoh
indit! Papagkeun Si Ucu! Béjakeun ka Mama Ajengan, rék nyaba kituh!” pokna
Imas.
“Badé nyaba kamana kitu, Ma?”
“Tong loba tatanya, hayoh geura ind it, téang Si Ucu!”
“Ih si ema mah mani ambek-ambekan waé…” kituna téh bari ngaléos ka lebah
panto, sarta ngaléngkah ninggalkeun imah.
“Tong suntuk-sentak teuing ka budak téh, karunya…” ceuk
Sarkim bari
rada muncereng.
“Keuheul atuda, teu ngahargaan pisa n Mama Iking téh, abong-abong guru ngaji,
mani sangeunahna pisan ngajak budak batur téh. Pantesna mah manéhna nu datang
kadieu, bébéja ka ur ang…”
témbal Imas.
“Apan lain sakali-dua kali Si Ucu diajakan meuting téh.
Biasana ogé didinya tara ngambek. Malah…
sakapeung mah apan didinya anu sok nitah meuting di Mama Iking, ngarah… dibéré
dahar nu ngeunah,”
“Ayeuna mah béda deui situasina, Kan g. Apan urang rék indit!” témbal Imas bari rada jamotrot.
Geus leuwih ti sajam, Dédéh tacan mulang kénéh. Imas
geus lengo deui-lengo deui kan a
jandéla. Ari Sarkim mah beuki anteng nulis surat ,
bari
dadapangan.
“Kudu disusul sigana mah budak téh! Kalah ngalelep
duanana,” ceuk Imas.
“Rék disusul mah kari susul wé atuh!” témbal Sark im.
“Piraku disusul ku kuring? Pantesna ogé akang nu
nyusulan mah…”
“Enya heug atuh,” ceuk Sarkim bari cengkat, jung nangtung, sarta ngoloyong
ka lebah lawang panto. Léos ind it
muru ka imah Mama Iking.
Anjog ka buruan imah Mama Iking, tuluy ngaléngkah ka
lebah panto. Sarkim keketrok bari
uluk salam. Kolotrak, panto dibuka. Mama Iking ngabagéakeun dibarung paroman
marahmay.
“Aéh, Jang Sarkim geuning, bagéa teuing. Sok ka jero…”
kitu saur Mama Iking.
“Hatur nuhun, Mama. Sawios di dieu baé, da moal lami. Mung
badé… mapagkeun pun anak,” pokna Sark im.
“Haaar… naha
mani dipapagkeun sagala? Apan sasarina ogé tara
dicaram ieuh meuting di dieu mah. Puguh pamajikan keur ngalongok ind ungna. Jadi wé Si Ata
euweuh baturna…”
“Euuuh… numawi énjing téh abdi badé mios, Mama…”
“Rék kamana kitu?”
“Badé… euuuh… ngiring trasmigrasi…”
“Trasmigrasi? Ké… ké… rék luluasan waé ieu téh?” Mama
Iking neuteup seukeut ka Sark im.
“Da kumaha deui atuh, Mama,” témbalna bari ngeluk tungkul.
“Nya ari kitu mah heug waé. Mama mah ukur sambung du’a wé.
Tapi ari barudak mah keun wé sina mareuting didieu, itung-itung sosonoan jeung
babaturanana. Ké bada subuh, ku mama dianteurkeun ka ditu,”
“Euuuh… mangga, Mama. Aéh… ari Dédéh mah badé diacandak
wangsul wé ayeuna…”
“Enya sok teu nanaon. Si Ucu wé anu meuting didieu mah. Ngahaja
bieu si Dédéh téh diandeg, da melang geus peuting. Ari sugan téh moal disusulan…”
saur Mama Iking bari
tuluy nyalukan Dédéh. Anu digeroan norojol ti lawang patengahan.
“Éh… aya bapa geuning? Abdi hoyong ngéndong di dieu,
Pa,” pokna Dédéh.
“Ih, itu saur ema bantosan bébérés. Keun wé Si Ucu
wungkul anu maturan Cép Ata mah,” ceuk Sarkim bari nyepeng pigeulang leungeun Dédéh
satengah dipencét.
“Nya ari dititah babantu ku kolot mah ulah baha. Kadé wé
di jalanna bisi…” Mama Iking teu kebat nyarita, sabab teuing ti lebah mana
jolna, dua ucing silih udag bari
silih herengan.
“… Astaghfirulloh…
na ucing téh bet paraséa atuh! Hus hus hus…! Kudu dibanjur hadéna mah…” kitu
saur Mama Iking. Ucing birat duanana, bari
angger silih herengan. Beuki lila, sorana beuki laun, tug nepi ka ngilesna.
“Mangga atuh Mama, abdi badé permios heula. Assalammuálaikum…”Sarkim amitan bari nungtun Dédéh.
“Waálaikum salam
warohmatullohi wabarokatuh…” témbal
Mama Iking bari
tetep ngajanteng dina lawang panto, panonna ngajajapkeun Sarkim jeung Dédéh tug
nepi ka ngilesna di lebah péngkolan. Hawar-hawar kadéngé sora anjing babaung
patémbalan. Asa karareueung. Jep sora anjing. Peuting simpé mépéndé nu tibra saré.
Peuting jempling ngalingling saban haté nu masih éling.
**
Isukna, rebun-rebun kénéh, di buruan imah Sark im geus ngaliud jelema, kolot-budak, lalaki-awéwé. Méh
kabéhanana tingbirigidig dibarung paroman nu nyidem kasieun. Komo Bahro mah
nepi ka harita ogé tacan bisa diajak nyarita. Beungeutna pias konéas, awakna
lungsé naker. Pantes ana kitu mah, da Bahro pisa n
anu pangheulana manggihan mayit Sark im jeung
Imas, katut Dédéh. Mayit Dédéh nyangsaya di sisi ranjang, awakna pinuh ku tatu siga
tapak ngarogahala. Ari mayit Sark im jeung Imas
mah ngagawing kalawan beuheungna digantung ku tali tambang.
“Bener-bener telenges manusa téh. Taya ras-rasan, nepi
ka sakulawarga dipaéhan. Duh Gusti… muga-muga mangkeluk dolim téh sing
buru-buru kacerek!”
“His… ulah waka
suudon ka batur. Tuh, Mama Iking manggihan keretas…”
Nu tingkecewis téh eureun bari panonna tamplok ka Mama Iking nu keur
nengetan runtuyan tulisan dina salambar keretas.***
Ranggon Panyileukan, 7 Juli
2008
Komentar