Ilustrasi -- (Topeng Seni Bebegig, Panjalu, Ciamis) |
Carpon
DHIPA GALUH PURBA
RICEUW deui baé dina émprona mah.
Padahal saméméhna Kuwu Jékong geus ngawanti-wanti, sangkan ulah aya kajadian
anu teu diharepkeun. Atuh para kokolot Cigorowék ogé, geus nyanggupan –malah
ngajamin—yén hajat lembur dina raraga milih Kadés anyar di Cigorowék téh bakal
lumangsung kalayan lungsur-langsar. Ari ieu, kakara kompanyeu ogé, geus dur-der
nu démontrasi. Mémang nurutkeun katerangan Uyut Joni ogé, ti jaman mimiti
ngadegna lembur Cigorowék kira taun 1946, kayaanana teu weléh harénghéng,
pangpangna upama nyanghareupan mangsa ganti kapamingpinan lembur. Aya baé
perkara nu kudu jadi bahan piributeun téh.
Saperti dina taun ieu, sabagéan masarakat aya nu hayangeun dipingpin
ku pangsiunan hansip. Aya ogé anu hayang
dipingpin ku juru tulis manten. Tapi anu jadi pasualan mah, para nonoman
Cigorowék ngadadak buringas, basa sumebar béja yén Bah Dinta rék nyalonkeun Kadés.
Malah isukna ogé, para nonoman téh langsung ngayakeun sabangsaning démontrasi,
anu jejerna henteu nyaluyuan upama Bah Dinta nyalonkeun Kadés Cigorowék. Ari nu
jadi tinimbanganana, alatan kasangtukang Bah Dinta anu salila ieu katelah jadi
dukun sakti, utamana urusan pullut-pélét atawa asihan. Padahal upama nilik kana
pasaratan Kadés mah, taya hiji pasal anu ngahalangan tangtungan dukun pikeun
jadi balon (bakal calon) Kadés.
“Gara-gara Si Dukun Gejul, déwék kapélét ku Si Arnasih! Padahal
tadina mah déwék téh rék ngawin Néng Iis…” Mang Winta susumbar di warung Mang
Ajat. Kawasna mah hayang katangar ku barudak pamuda, anu harita keur
ngareureuhkeun kacapé, balas ti rebun-rebun kénéh geus abring-abringan dibarung
jojorowokan.
“Baruk?” Si Among semu anu rada cangcaya.
“Ih, ieu mah, sok tara percaya baé.
Piraku kudu ditanyakeun ka Néng Iis mah…” kituna téh bari ngarérét ka Jang Isud, anu ti tatadi
mula ngabandungan lalampahanana.
“Jadi beuki jelas euy! Bah Dinta téh tukang nyasabkeun haté batur!
Teu pantes jadi Kadés mangkeluk nu kitu mah!” Jang Isud beuki sumanget
ngaluluguan demontrasi.
“Satujuuu…!” saur manuk.
“Satuju naon siah?” Jang Isud muncereng, bari kop kana cai kopi.
“Enya, satuju wé pokona mah…”
“Kudu paruguh nyebut satuju téh. Ulah padu engap baé siah!” kituna
téh bari
cengkat. Tuluy ngarérét ka Si Bahro, anu keur ngalageday bari udud, bangun anu nikmat naker.
“Hayu, urang démontrasi deui! Lamun henteu didéngé baé, urang
ngayakeun mogok nyatu sakalian!” pokna Jang
Isud.
“Ulah mogok nyatu atuh, da déwék mah tara
kuat nahan lapar. Mending kénéh mogok maén kartu…” témbal Si Bahro.
“Teu bisa! Uing moal bisa saré, ari henteu maén kartu heula téh…!”
aya nu nyelengkeung.
“Meunggeus, batan mogok maén kartu mah, mending mogok meuli togél…!”
Mang Baron némbrong.
“Enya teu nanaon, tapi isukan mimitina. Sabab peuting ieu mah, uing
boga nomer jétu pamahanan ti Uyut Joni,” Si Bahro nyaluyuan.
“Tong loba teuing pidato atuh. Rék iraha inditna ari kitu mah?
Hayu…!” ceuk Jang Isud bari
miheulaan ngagidig, ninggalkeun warung Mang Ajat. Nu séjénna ogé henteu loba
catur deui, tuluy nuturkeun Jang Isud.
Bisa jadi lumangsungna démontrasi Jang Isud saparakanca téh mémang
didasaran ku sanubarina séwang-séwangan, dina harti taya anu ngabiayaan atawa muruhan. Sok sanajan
ari Bah Dinta mah keukeuh nuding yén barudak pamuda téh pasti aya nu numpakan (menunggangi, dgp) pihak katilu. Lumrah pisan
ari kituna mah, da Bah Dinta anu
didémona.
"Naon salahna sih, upama pangsiunan dukun jadi Kadés?" kitu
hohoakna Bah Dinta, basa ditepungan di
imah dinesna ku Ulis Kowi. Nurutkeun Bah Dinta, sakali-kali mah lembur téh kudu
nyobaan dipingpin ku dukun. Kalah kumaha ogé, dukun téh kudu dibéré kasempetan
pikeun nété karir, da puguh taya aturan anu nyengker atawa ngahalang-halang dukun
pikeun jadi Kadés.
"Padahal ka dewek téh loba pajabat anu daratang, ti suklakna-ti
siklukna, rék ngadon tatamba, hayang kapaké
ku balarea. Hartina Déwék téh diguruan ku para pajabat..." ceuk Bah
Dinta deui. Malah sajeroning kitu téh, Bah Dinta ogé malik “nyerang” ka nu
darémo. Ceuk Bah Dinta, Jang Isud ogé, anu ngaluluguan ngadémo manéhna, apan taun kamari mah ampir unggal mangsa, ménta
jangjawokan keur mélét Néng Lina. Naha
ari ayeuna, ngadon culangung wani-wani ngademo? Siga nulungan anjing kadempét! Untung
cenah, harita téh ukur dibéré
jangjawokan tingkat duapuluh hiji. Matak teu anéh, upama nepi ka kiwari Néng Lina
can kungsi kataji ku kelét Jang Isud.
“Urang lembur ogé saruana pisan, teu
ngajénan pisan ka dukun téh! Padahal jasa-jasa dukun keur masarakat téh, kacida
gedéna. Silaing ogé, Kowi, bisa lahir
ka alam dunya téh, apanan ku ayana jasa dukun! Da sidik jaman baheula mah can
aya doktor…” pokna Bah Dinta bari
tutunjuk kana tarang Ulis Kowi.
“Sumuhun, abdi ogé ngartos…” Ulis
Kowi teu kapangaruhan ku caritaan Bah Dinta.
“Heueuh ari ngarti mah, naha atuh ari ayeuna
kéna-kéna geus loba dokter, mani teu ngajénan pisan ka dukun téh!”
“Teu kedah bendu, Bah. Margi abah ogé kedah ngamaklum kana kaayaan
jaman kiwari,” Ulis Kowi satékah polah ngaleuleuyan Bah Dinta.
“Ngamaklum kumaha, Kowi?”
“Sumuhun, rupina mah barudak pamuda
téh sanés henteu panuju dipingpin ku dukun, tapi barudak ayeuna téa atuh…”
“Lah, naon bédana barudak ayeuna
jeung barudak baheula? Abah ogé sarua ngalaman ngora heula. Bisi hayang nyaho,
lamun euweuh abah mah silaing téh biheung salamet. Basa lembur Cigorowék
diserang ku pamuda Rancakatél, apan abah pisan anu ngayonanna téh! Dibabad ku
abah mah kabéhanana ogé…!”
“Ih, paralun, sanés henteu ngajénan
ka dukun. Ari barudak mah apan teu tiasa ngabédakeun, nu mana dukun asli,
sareng nu mana dukun palsu…”
“Aéh, aéh… na mangkeluk téh masih
cangcaya ka déwék? Bisi perelu dikaluarkeun SK-na, déwék ogé da gableg atuh.
Lain dukun dudukunan déwék mah, dilantikna ogé langsung ku pupuhu Paguyuban
Panglawungan Dukun Sakti sa-Jagat Raya!” Bah Dinta ngadadarkeun kasangtukangna
minangka dukun anu kakoncara jeung kauji salila puluhan taun. Atuh puguh Ulis
Kowi mah ngabandungan kalawan daria naker, da mémang tujuan nepungan Bah Dinta
téh apan rék ngotéktak track record Bah Dinta, pikeun kapentingan
administrasi balon Kadés.
Sanggeus meunang katerangan anu
dianggap cukup mah, Ulis Kowi tuluy amitan, bari teu poho ngawawadian Bah Dinta, sangkan
ulah kapangaruhan ku barudak pamuda anu ngayakeun demontrasi. Demi Bah Dinta teu bisa tumarima kitu baé, da
tina neuteuli alatan didémo téh, geus ngararancang pikeun marabkeun Jang Isud ka
sabangsaning dedemit. Tadina mah rék disébakeun ka Buta Héjo atawa Kélong Wéwé.
Hanjakal pisan cenah, Buta Héjo mah geus kungsi maén sinétron, jadi sok rada
cambal. Antukna Bah Dinta milih Jurig Jarian baé, anu
ceuk pamanggihna, Jurig Jarian mah asa can kungsi wawanohan jeung dunya entertainment.
Puguh baé Bi Iwah, pamajikanana, teu panuju pisan kana paniatan Bah Dinta.
“Geus puguh pangna barudak ngadémo
téh, lantaran urang sok ngalibetkeun sabangsaning mahluk gaib…!” kitu ceuk Bi
Iwah. Tapi ninggang ka Bah Dinta anu keur dilimpudan amarah, diélingan téh
kalah malik nyangangan.
“Naon salahna ieuh? Déwék ogé boga
hak, sosobatan jeung mahluk gaib! Naha
maké jeung ulah sagala rupa?!”
“Dibéjaan téh kalah ka kitu. Bisi
hayang apal, antara bangsa manusa jeung bangsa gaib téh, geus puguhan béda
alam. Urang ditu, teu meunang ikut campur urusan alam dunya, pon kitu deui
sabalikna,”
“Salah pisan pamadegan téh, belegug!
Lamun urang hayang wanoh ka Nu Maha Gaib, nya kudu wanoh heula kana gaib leutik,
kayaning bangsa jin…”
“Dasar kolot kolopétong! Na tara ningali tivi? Apan ayeuna ogé sakitu mahabuna, anu
ngadémo tayangan mistik téh! Teu ngadidik!”
“Belegug baé nu nyaram tayangan
mistik mah! Mangkeluk borangan ngaranana! Teu ngahargaan kréativitas batur nu
kitu téh, nyaho! Puguh ogé, urang téh kudu wanoh jeung alam gaib, ngarah henteu
sieun ku sabangsaning dedemit jeung ngarah urang yakin yén alam gaib téh aya,
kalayan lain ngan saukur béja, titik siah.” Kituna téh bari ngajéngkat, muru ka kamar praktékna.
Geus teu anéh deui pikeun Bi Iwah mah, upama geus asup ka kamar prakték, pasti
Bah Dinta tuluy ngonték sobat-sobatna di alam gaib. Geus kitu mah Bi Iwah ogé, tara kumawani ngaganggu.
Teu salah tina ijiran Bi Iwah, mémang Bah Dinta téh langsung ‘curhat’ ka
Jurig Jarian. Pangpangna mah ménta bantuan tanaga pikeun mulangkeun katugenah
ka Jang Isud, minangka pupuhu anu ngadémo manéhna. Atuh Jurig Jarian ogé teu
loba catur deui, da harita kénéh ogé langsung ngabelesat, muru ka padumukan
Jang Isud. Kira wanci sareureuh kolot, Jurig Jarian geus padangkrang-pédengkréng
di buruan imah Jang Isud. Sakapeung cecetrakan atawa huhuitan. Kawasna mah ngarah
Si Among ka luar ti jero imah. Maklum ari kituna mah, da puguh Jurig Jarian tara kumawani ngalacat ka imah, lantaran bareresih téa.
Ari Jurig Jarian, apan watekna téh resep di tempat anu kalotor, da sapopoéna ngancik
di jarian. Upama sakali mangsa Jurig jarian ulin ka tempat nu rada berséka téh,
balikna sok tuluy tuluy harééng atawa muriang dibarung ngéhkéh batuk,
sakurang-kurangna ararateul.
"Isuuud....! Ka luar siah...! Ilaing kudu jadi parab déwék
peuting ieu...!" antukna Jurig Jarian ngagorowok, awahing ku keuheul tayohna
téh, duméh Jang Isud henteu ka luar waé. Teu pati lila, Si Buruy, alona Jang
Isud, ka luar bari gigisik panon. Rét ka Jurig Jarian anu keur
ngabedega hareupeun wadah runtah. Puguh waé Si Buruy rada ngaranjug.
"Mana Si Isud?!" tanya Jurig Jarian bari molotot ka Si Buruy.
"Teu aya, nuju ka Jakarta..." témbalna.
"Na ti iraha inditna? "
"Nembé ogé tadi sonten. Paling uihna samingguan deui,"
Sakedapan Jurig
Jarian ngahuleng bari mencétan tarang, keur mikir kawasna mah, da teu lila téh
tumanya deui.
"Ari Si Isud, Bogaeun hand-phone?" Jurig Jarian
nanya deui.
"Gaduheun,"
"Cik déwék ménta Nomer-na. Wang
sms wéh, ngarah irit pulsa,"
"Aéh... da nomorna ogé tos hangus kétang..." témbal Si
Buruy bari
hulang-huleng.
"Euh, teu balég pisan! Geus wéh titip pesen ka Si Isud, mun
geus datang ka lembur, buru-buru ngirim e-mail ka déwék,
jurig@jarian.com. Aya penting pisan kituh!" kitu ceuk Jurig Jarian bari ngaleos, ninggalkeun
Si Buruy anu masih kénéh molohok mata simeuteun.
Jurig Jarian muru ka kamar prakték Bah Dinta, sejas ngalaporkeun
hasil pagawéanana. Puguh baé Bah Dinta ngarasa hanjelu, barang ngadéngé Jang
Isud, anu keur suwung.
“Naha henteu disusul baé sakalian ka Jakarta?” Bah Dinta rada
ngananaha ka Jurig Jarian.
“Aéh, aéh, kawas teu apal baé. Apan lalakon ka Jakarta téh sakitu jauhna. Leuheung basa
bangsa manusa, kari numpak beus. Ari bangsa aing, rék naék nanahaon?” Jurig
Jarian rada muncereng.
“Atuh kari nyulusup baé kana beus. Da moal aya nu nganyahoankeun
ieuh,”
“Boro-boro moal aya nu nganyahoankeun siah! Dasar so tahu, manéh
mah! Mangkaning aing wegah kudu urusan jeung jurig-jurig Jakarta mah…”
“Na kumaha kitu?”
“Ribet pisan birokrasina. Pasti aing kudu laporan heula ka Siluman
Hayam, Siluman Ucing, Siluman Lauk Emas, Siluman Sendal, jeung siluman-siluman
séjén. Marukana henteu pikasebeleun mangkeluk-mangkeluk siluman téh! Komo ka
Siluman Sapatu mah, mani hayang najong aing mah!”
“Ari sugan téh, sasama jurig mah, moal maké jeung kudu urusan sagala
rupa…” Bah Dinta gogodeg, ngarasa hémeng.
“His, sarua waé deuleu! Teu bangsa manusa, teu bangsa jurig,
persaingan mah tetep aya,”
“Nya, teu nanaon ari kitu mah. Mending dagoan mulangna waé,” ahirna
mah Bah Dinta léah.
“Heueuh, dagoan waé saminggu deui. Engké kari sms déwék, mun Si Isud
geus pararuguh mulang mah…” ceuk Jurig Jarian bari cengkat tina diukna.
“Lah, moal maén sms déwék mah, mending langsung ditelepon waé,”
“Kumaha manéh, ari loba pulsa mah. Tapi mun bisa, ulah nelepon aing
jam dalapan nepi ka jam sabelas beurang,”
“Na kunaon kitu?”
“Aing keur kursus basa Mandarin ka Si Vampir.” Kituna téh bari tuluy ngabelesat,
ninggalkeun Bah Dinta. Sakedapan mah Bah Dinta neuteup ka jauhna, bari hulang-huleng. Tapi
teu lila ogé, tuluy cengkat bari
nyepengan beuteungna anu geus mimiti kukurubukan, ménta dieusian.
“Hidup Bah Dinta…! Hidup Bah Dinta…! Bah Dinta calon Kadés, pilihan
urang saréréa…!” hawar-hawar aya anu jojorowokan di luareun imah. Bah Dinta
curinghak, bari
ngojéngkang muka panto. Blak, dibuka. Jep, anu jojorowokan jeung ayeuh-ayeuhan
téh ngadadak eureun. Kaayaan di luar ogé poék mongkléng buta rata, taya
kalangkang jalma nu ngulampreng hiji-hiji acan. Tiis, jempling. Ukur sora angin
halon anu nebak daun cau. Puguh baé Bah Dinta ngembang kadu bari nengetan kaayaan di sakuriling buruan
imahna. Mémang taya nanaon jeung taya sora nanaon.
Bah Dinta nutup deui panto, malah tara
ti sasarina mani langsung dikonci. Karasa bulu pundukna rada muringkak. Bah
Dinta ngarasa keueung anu lain dikieuna. Haténa tingsérédét, tingsareblak,
sari-sari nu nyidem rasa kahariwang.
“Teu kaharti…” gerentesna.***
(Ranggon
Panyileukan, 1425 H
Komentar