Lagu Pop Sunda Kakoncara di Mancanagara

Rika Rafika, Penyanyi Pop Sunda


Catetan DHIPA GALUH PURBA




DINA jaman téknologi internét siga kiwari, ngalantarankeun rupa-rupa informasi gancang pisan nerekabna. Informasi dina sagala widang. 

Kaasup anu patali jeung seni budaya daérah. Kiwari, anu bisa ngalenyepan kasenian daérah lain baé urang daérahna sorangan. 

Sabab, urang mamana ogé bisa milu ngaafrésiasi kalayan babari. Lagu-lagu pop Sunda diantarana. Sakumna masarakat di alam dunya kiwari bisa ngadéngékeun lagu-lagu pop Sunda di internét. Hartina bisa dimana baé ngaaksésna.

Coba ilikian di Youtube, sakitu ceuyahna lagu-lagu pop Sunda, ti mimiti Nining Méida, Detty Kurnia, Darso, Wina, Dhea Rizky, Rika Rafika, Lia Refany, Oon Bawani, Bah Dadéng, Dewi Azkia, Sulé, Aci Jessica, jeung sajabana. 

Kari tulis ngaran penyanyi atawa judulna, dijamin bakal ngabéréndél vidéona. Komo deui atuh dina wanda MP3 mah kacida gampilna dikunjal.

Sajabana ti penyanyi anu geus heubeul ancrub di dunya pop Sunda, kiwari tingpucunghul sirung-sirung anyar biduan pop Sunda anu teu éléh karancagéna. 

Rupaning kamonésan jeung torobosan anyar lumangsung dina kahirupan pop Sunda. Anu matak ngajenghok, grup musik Debu bisa digandéng ku Dose Hudaya pikeun milu ngahaleuangkeun lagu pop Sunda. 

Mustapa Debu ngarasa kataji ku pop Sunda, tug nepi ka kabawa aub ngaramékeun pop Sunda.

Rék siga kumaha baé kamonésan jeung torobosan anyar dina pop Sunda, tapi aya hiji anu teu kungsi robah. 

Nyatana: basa Sunda anu tetep dijadikeun basa rumpaka. Leupas tina kualitas basa Sundana siga kumaha, anu penting mah basa Sunda milu “kaberkahan” ku éarna lagu-lagu pop Sunda. 

Sakurang-kurangna, nepi ka kiwari basa Sunda tetep kapiara jeung diparaké jadi basa komunikasi sapopoé ku urang Sunda. 

Ku kituna, basa Sunda masih kénéh jadi basa penting kalayan mibanda kalungguhan di satengahing masarakat Sunda.

Ku gampilna ngawanohkeun lagu-lagu pop Sunda ngaliwatan dunya maya, antukna réa diantara biduan anu kabanjiran tawaran manggung, saperti dina hajatan, kampanye pulitik, promosi produk, jeung sajabana. 

Pop Sunda dianggap hiburan anu merenah pikeun ditanggap dina rupaning acara. Nilik kana témana ogé, lagu-lagu pop Sunda kaitung variatif. 

Ti mimiti téma réligi, asmara, heureuy, tug nepi ka anu memper kana cawokah.  

Anu pikabungaheun, ti waktu ka waktu afrésiasi masarakat kana rumpaka lagu-lagu pop Sunda ogé beuki undak. 

Lain baé rumpaka anu gampil kaharti anu dipikaresep téh. Sabab lagu-lagu anu ngandung rumpaka simbolik ogé bisa ditarima tur dipikaresep ku masarakat. 

Lagu “Papatong” anu dihaleuangkeun ku Bah Badéng minangka contona. Lamun dilenyepan kalayan daria, éta lagu téh sabenerna lain saukur nyaritakeun lalakon papatong. Aya harti anu kudu disurahan deui di satukangeun papatong. 

Eusining lagu “Papatong” saéstuna ngandung pesen moral kahirupan geusan lenyepaneun balaréa. Éta lagu bisa baé dikatégorikeun minangka lagu réligi.

Ku ayana pangaruh kamajuan téknologi, mémang aya ogé karugianana pikeun para praktisi lagu-lagu pop Sunda. 

Patalina jeung penjualan VCD lagu-lagu pop Sunda. Lamun diperséntasekeun (sanajan tacan aya panalungtikan anu daria), ku sabéngbatan ogé bakal loba kénéh masarakat nu ngunjal sacara gratis batan meuli ka toko. 

Hésé diakalanna da geus kitu alamna. Akibatna tina royalti penjualan VCD mah katingalina teu pati ngajangjikeun. Tapi lain baé tumiba ka para biduan pop Sunda, da kaayaan siga kieu mah lumaku keur sakumna biduan. 

Matak, anu jadi andelanna taya deui iwal ti manggung. Jadi, dipulangkeun deui ka masarakatna. Lamun hayang laguna mah kalintang babari tur gratis, ditebusna ku cara méré kasempetan ka para biduan pop Sunda pikeun minton dina rupaning acara. 

Ku cara kitu, katingalina kahirupan lagu-lagu pop Sunda bisa panjang, dina harti hirup jeung huripna.***

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post