Lia Réfany, Guru jeung Penyanyi

Lia Refany



TI bubudak, cita-cita Lia hayang jadi guru. Sanajan kulawargana henteu pati ngarojong, tapi antukna cita-cita lia kahontal. Kiwari Lia geus jadi guru di SMA BPI Bandung, sarta cita-citana jadi penyanyi ogé geus tinekanan. Diantarana geus ngahasilkeun albeum rékaman "Saukur Cimata", anu diproduksi ku Valentino Abadi Jaya.

*

LAHIRNA mah di Tasikmalaya Lia téh. Tapi ti bubudak, dibawa ngumbara ka Bogor. Sakolana ogé di Bogor, ti mimiti SDN Cibinong II, SMPN Cibinong, jeung SMAN Cibinong. Lantaran cita-citana hayang jadi guru téa, ahirna Lia nuluykeun kuliah di Fakultas Keguruan, di Bandung. Ari kajurung ku kereteg haté tur dibarung ngagedurna sumanget, lalakon Lia kaitung lungsur-langsar. Kiwari Lia mancén di SMA BPI 1 Bandung.

Hobi kana kasenian, tapi henteu ngaluli-luli pacabakan utamana, ngajar. Lian ti éta, pikeun ngarojong kiprahna di dunya atikan, Lia geus ngaréngsékeun S3 di Pascasarjana UNINUS Bandung.

Di sakolana, Lia ngawulang PPKN. Jadi, perkara nyanyi mah, ukur karesep anu kakara dianteur ka dieunakeun. Nyawang bakatna geus ngancik ti leuleutik, lantaran asup dapur rékaman téh lain anés alatan nepotisme. Éstuning ladang tina proses anu kaitung panjang. Mimitina, taun 2002, Lia miluan jadi patandang Bintang Radio tingkat Jabar, anu digelar di RRI Bandung. Lia kapilih jadi pinunjul kadua. Sataun ti harita, Lia miluan pasanggiri pop Sunda anu diayakeun ku Yana Kermit Production jeung Asmara Record. Dina éta pasanggiri, ieu guru sakola anu soméah téh kapilih jadi pinunjul kahiji.

Jadi pinunjul dina dua kali pasanggiri, tacan bisa nganteur Lia ka dapur rekaman. Kilang kitu, Lia mah apan hobi téa, ukur nganteur karesep. Jadi, sugema baé badé kumaha ogé. Malah dina taun 2003 mah bisa jadi minangka taun hoki pikeun Lia, sabab bisa nyangking juara nyanyi dina sawatara pasanggiri. Geura, urang tataan: pinunjul 1 lomba nyanyi dina acara milangkala kota Bandung jeung kapilih jadi pinunjul 1 bintang Radio Jawa Barat 2003. Malah dina lagu dangdut ogé, Lia kungsi jadi pinunjul 1 dina acara Hardiknas.

Kakara dina taun ieu, Lia bisa nembus dapur rekaman, ngahaleuangkeun 10 lagu ciptaan Mied Lebé. Sajabana ti "Saukur Cimata", lagu-lagu séjénna ogé geus mimiti dipikalandep ku masarakat. Di antarana judul laguna téh: "Sono", "Carita Kamari", "Kasiksa", "Sésa Cinta", "Boga Deui", "Kirang Naon", "Sarébu Béntang", jeung "Kapentang Cinta". Sajabana mindeng dipidangkeun di layar kaca sawatara télévisi, lagu-lagu Lia ogé geus jadi favorit kaum dangu radio. Sakapeung, upama nuju salsé, Lia ogé sok nohonan pangulem ti sawatara radio, pikeun ngawangkong langsung di jomantara.

Sanajan Lia geus jadi artis pop Sunda, tapi henteu ninggalkeun pancén gawéna minangka guru. "Simkuring asa langkung sumanget ngajar murangkalih sakola..." kitu saur Lia, basa ditepangan di kampus BPI, Jln. Burangrang No. 8, Bandung. Hubungan Lia sareng murid kalintang raket.

Kumaha ari guru-guru? Naha ngarojong kana karir Lia di dunya nyanyi? "Tangtos ngarojong pisan, margi abdi mah da tara bolos..." kitu ceuk Lia, anu ayeuna jadi Wakil Kepala Sekolah Bidang Kehumasan. Nurutkeun pangakuanana, upama sakali mangsa aya kagiatan anu waktu béntrok antara nyanyi sareng bagéan ngajar, Lia bakal milih ngajar. "Penting kénéh ngawulang..." kitu ceuk ieu putra Lili Sutarli sareng A.R. Sumirat Dimaja.***

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post