Ku Dhipa Galuh Purba
ATUDA Ratna anu teu sabaran téa mah. Cacak upama henteu
maksa hayang mulang ka Cianjur, kawasna moal nepi ka kudu ngalaman balangsak di
satengahing lalakon. Mangkaning kaayaan wanci geus liwat mangsa tengah peuting.
Kaayaan tiis jempling, da kandaraan geus langka nu lalar-liwat. Kétang, sanajan
loba kandaraan ogé, da pamohalan aya nu
bisa dipuntangan tulung barina ogé. Anu diarep-arep mah taya deui iwal
ti susuganan aya kénéh tukang tambal ban anu muka.
Geus ampir
sakilo méter nyurung motor, tacan manggih kios-kios acan. Maksud téh hayang
reureuh heula bari udud jeung ngopi, sakalian nanyakeun tukang nambal ban téa. Upama
sakira-kirana geus pamohalan aya anu muka mah, moal kapalang rék milu ngadagoan
beurang sakalian. Ratna ogé kapaksa leumpang, kéncaeun kuring, kalayan teu
lésot muntang kana cangkéng.
“Capé, A?” sora Ratna meupeus simpé.
“Henteu,
tenang baé. Ratna capé?” témbal téh, malik nanya.
“Raos kénéh mapah, da numpak motor
baé tatadi, cangkeul...” teu kebat nyaritana, pédah aya mobil anu nyebrut ti
beulah hareup. Lampuna mani nyebrot kana beungeut, sérab. Kuring ngarérét
sabéngbatan ka Ratna. Bréh, paroman Ratna anu semu nyidem kahanjelu; teu luyu
jeung anu dikedalkeunana. Enya, tangtuna ogé Ratna ngarasa kaduhung duméh
mamaksa ngajak mulang. Tapi lamun henteu balik, kumaha teuing pibalukareunana.
“Ieu téh daérah naon, Rat?”
pangangguran nanya téh, bari jeung mémang henteu apal deuih.
“Duka. Tagog Apu, kitu?” témbalna.
Kawasna mah Ratna ogé henteu pati apaleun.
“Tagog Apu? Sanés Cipatat ieu téh?”
“Ah,
duka teuing, da sanaos sering ngalangkung ogé, tara turas-taros...” témbalna,
bangun anu hayang méngkolkeun jejer wangkongan. Enya, barina ogé naon pentingna
madungdengkeun ngaran wewengkon? Wartawan lain. Nu écés mah dina jalan anu
simpé, mudun, tur pépéngkolan. Untung kénéh henteu nanjak, sanajan upama bisa
nawar mah bocor ban téh mending di Padalarang atawa Ciburuy kénéh, ngarah
henteu keueung teuing. Atawa sakurang-kurangna di wewengkon nu masih kénéh ramé
ku nu daragang peuyeum jeung rupaning arca sasatoan.
“Ké, sakedap deui ogé di payun bakal
aya anu aricalan peuyeum deui...” Ratna siga anu bisa ngabadé kereteg kuring.
Kétang, kabeneran paling ogé, duméh samar-samar katingali aya anu caraang,
kurang-leuwih limaratus méter deui.
“Muhun, mudah-mudahan baé aya tukang
tambal ban...” cekéng téh, sakalian ngabeberah Ratna, kaasup ngabeberah diri
sorangan.
Warung ngajajar sisi jalan, baruka
kénéh jeung kaitung ramé. Malah aya sawatara urang nu ngajaranteng sisi jalan,
awéwé atawa lalaki. Hanjakalna kuring teu hayang eureun, boh sakadar tumanya,
komo ngadon milu reureuh mah. Tonggoy baé nyurung motor, api-api teu titén ka
sabudeureun jalan anu keur disorang. Karasa ramo-ramo Ratna beuki pageuh
muntang kana cangkéng.
“Nuju rarusuh, A?” aya nu
pangangguran tumanya. Najan henteu ditémbalan, tapi karérét ku juru panon, nu
nanya téh tangtungan hiji wanoja camperenik, kalayan pakéanana papalimpang
pisan jeung Ratna.
“Tos, teu kedah dilayanan, A...”
Ratna ngaharéwos. Sakedapan ramona leupas tina cangkéng, menerkeun tiungna.
“Har... na atuh kawas kana domba
baé, mani ditungtun sagala!” éta mah sora lalaki, disusul ku tingcakakakna
sakur nu keur nalangkring di hareupeun warung.
“His, kan takut leupas, belum
dijinakkan...”
“Mending
kantunkeun baé, Néng! Mangga ka dieu heula geura, seueur leueuteun di lebet
mah. Tapi... husus kanggo Enéng wungkul nyalira!” aya nu mairan deui, masih
kénéh balad-baladna nu bieu sigana mah.
“Sumangga bilih badé ditambal,
candak baé ka dieu! Sawios teu kedah mayar, nambal nu geulis mah!”
“Suér, Néng, tapi ditambal
étana... ha ha ha...!”
“Karunya teuing rahayat urang! BBM
naék, motor ogé didarorong...”
Aya nu nyéak dina dada kuring.
Amarah motah nu pamohalan bedah, ambek kapegung. Dina maksakeun ngalawanan ogé,
da geus kairong moal nguntup. Dasar tukang ngublag wungkul! Ungkluk malulu! Teu
bikangna, teu jaluna, saruana pisan pikaresepeun peureup! Mangkeluk bejad
wungkul!
“Astaghfirullohal’adziim...”
Ratna ngagerendeng basa ngadéngé nu nyorowok rada harus. Kekecapan anu teu uni
tur matak nyigeung. Sakedapan ramo-ramo Ratna ogé leupas deui tina cangkéng,
dipaké ngusap beungeut.
Teuing sabaraha puluh panon nu
eunteup ka kuring jeung Ratna. Panon lalaki nu hanaang ku wanoja jeung panon
wanoja nu kokoro ku eusi pésak.
“Wartosna mah ieu téh kantos didémo
ku masarakat, malah aya sababaraha
warung anu
diduruk. Tapi duka kumaha, ayeuna kalah langkung maraceuh...” pokna Ratna, rada
halon.
“Kedah dibom pantesna ogé!” najan kajurung amarah nu mingkin rosa, tapi
sora kuring leuwih halon batan Ratna.
“A, punten nya Ratna, manawi téh
moal...”
“Teu nanaon, Rat, da atos ieuh
ayeuna mah. Solusina sanés hanjakal, tapi
milarian tukang
tambal,” kuring némpas Ratna, da geus kabaca rék ka lebah mana léokna caritaan Ratna.
Enya, da puguh sanajan ngarasa kaduhung atawa hanjakal ogé, moal aya gunana
ieuh.
Sajeroning
nyepeng setang motor, bet kasawang deui basa tadi beurang, munggaran
ngaranggeum ramo-ramo Ratna di Terminal Leuwi Panjang. Barang jrut turun tina
beus, Ratna langsung dipapag binarung rasa bungah. Cacak mun lain di terminal,
mani geus hayang ngarangkul jeung ngagaléntoran, nyacapkeun rasa sono nu geus
sakitu lilana amuk-amukan dina dada.
“A, pasti kesel ngantosan Ratna nya?”
kecap éta pisan anu munggaran dikedalkeunana. Teu robah, angger baé palebah
nikukurna téh.
“Henteu...” témbal téh, teu hayang
kapapanjangan. Padahal ari nyaritakeun
kesel mah, tangtu baé leuwih ti kesel. Jempol ogé mani geus cangkeul, urut
mencétan keypad handphone. Teuing sabaraha kali, kuring ngirim SMS
(Short Messages Service) anu unina: “Tos dugi ka mana, Rat?” Padahal
sanajan teu hayoh baé di-SMS ogé,
asa moal matak mugagkeun lalampahan Ratna ka Bandung.
“A, ari itu saha? Naha siga nu
ningalikeun baé ka aa?” tanya Ratna bari ngarérét ka hiji lalaki nu keur
nyarandé kana tonggong beus.
Gebeg,
jantung ratug tutunggulan. Atra katingali, hiji lalaki jangkung luhur simbar
dada, sakujur awakna pinuh ku tato. Enya baé manéhna téh siga anu keur nyidik-nyidik
kuring. Kacida wanohna ka manéhna, da puguh kungsi sagulung-sagalang. Kilang
kitu, lain hartina sosobatan. Malah sabalikna ti éta, ceuceub, rujit, geuleuh,
teu hayang neuleu-neuleu acan.
Inggis kaburu ingeteun, kuring
buru-buru nungtun Ratna, muru ka tempat parkir.
“Lumayan, tos tiasa ngiridit motor
ayeuna mah...” cekéng téh, ngarasa reueus jeung agul bisa némbongkeun motor
weuteuh ka Ratna. Leuwih reueus deui, sanggeus Ratna diuk dina jok motor,
diboncéng kalawan leungeun Ratna muntang pageuh naker. Taya deui anu dituju,
iwal ti imah kontrakan.
Basa motor geus anjog ka pakarangan,
teu wudu Ratna siga nu hémeng. Malah bangun cangcaya upama kuring matuh di hiji
imah anu perenahna di wewengkon komplék élit.
“Bumi Aa ieu téh?”
“Nu saha deui atuh. Hayu ka
lebet...!” témbal téh, kapaksa ngabohong, keur ngayakinkeun Ratna yén kuring
ayeuna, geus lain kuring baheula.
“Hébat Aa...”
“Sumuhun, tapi sadayana ogé nu urang
duaan, Rat. Apan Ratna téh bojo Aa!”
“Aa...” teu kebat nyaritana, da lawang sorana kaburu dipengpekan. Regeyeng
dipangku, blus ka jero kamar. Panto kamar diantep sina muka, ngemplong taya
hahalang; Teu béda jeung kaayaan kuring jeung Ratna, sawatara kedapan ti
harita. Cacap rasa sono nu lawas nganteng méh saban mangsa, sabada leuwih ti
opat taun nganti-nganti mangsana oléng pangantén.
Pamohalan ilang tina tungtung
sawangan. Kajadian opat taun kaliwat, bet narémbongan deui. Harita, basa kuring
jeung Ratna unggah ka balé nyungcung, teu sirikna ubyag salembur Buni Ayu.
Hajat gedéan, kalayan direuah-reuah ku tatanggapan kasenian wayang golék,
dalang petingan. Rarancangna mah tangtu baé baris lumangsung sapeuting jeput.
Hanjakal pisan, kakara ogé nyedek ka wanci sareureuh kolot, pintonan wayang
golék kudu dieureunkeun. Lain aya pasualan nu patali jeung wayang golék, tapi
ninggang apes diri kuring. Wiwirang di kolong catang!
Kuring dipapagkeun ku Briptu Tisna
Ramdani, pulisi résérse kriminal. Geunjleungna kasus kuring, bisa ngéléhkeun
géhgérna palagan bratayuda dina carita wayang golék. Peuting panganténan
kuring, sakaligus minangka peuting kabokérna rupaning rusiah kuring. Ratna
jeung kulawargana méh cangcaya, upama kuring téh taya lian... gegedug bangsat handphone.
Deudeuh teuing, Ratna. Kuring geus
nguciwakeun tur ngawiwirang manéhna. Tapi kuring ogé apan leuwih deudeuh
teuing, tacan kaburu nyorang mangsa panganténan. Peuting nu disawang baris
pinuh kaéndahan téh, antukna kalah ngawiru kidung kulawu. Cindekna kuring
didakwa ku pasal 363 KUHP, ngeunaan pencurian dengan pemberatan. Narima
atawa teu narima, kapaksa kudu unggeuk, basa hakim monis pikeun ngabérok kuring
salila lima taun.
Rumpaka lagu Dalam Témbok Derita,
teu méncog jeung anu kasorang ku kuring salila di pangbérokan. Malah leuwih
tunggara, basa bulan kahiji Ratna jeung bapana ngabesuk kuring. Lain, lain rék
ngalongok dibarung simpay katineung. Bapana Ratna téh maksa, sangkan kuring
ngaragragkeun talak tilu. Demi Ratna, teu bisa kukumaha deui, teu wasa ngalawan
ka kolot, sanajan kiceup deudeuh masih natrat dina juru panonna. Kuring yakin,
Ratna masih gedé duriat ka kuring. Perkara éta pisan anu jadi kakuatan dina
diri.
Karasa
pisan pait peuheurna disengker jaruji beusi. Utamana mah dina nyanghareupan
kacodékaan Si Gopar, batur di pangbérokan. Si éta mah jailna moal aya dua,
pikasebeleun, pikaijideun. Asa aing pangjagona. Asa aing pangpinuhna tato. Tapi
kuring satékah-polah sabar. Teu anéh upama salila di pangbérokan, kalakuan
kuring dianggap hadé. Ku ayana kitu, kuring meunang rémisi, hukuman dikurangan
sataun.
*
“Nuhun
pisan, Mang...” cekéng téh bari ngasongkeun duit lambaran sapuluh réwu.
“Sami-sami, Pa. Emh... engké deui
mah upami bocor téh, parios heula banna, bilih aya pakuan deui. Cabut wé heula
pakuna, supados ban lebetna henteu rangsak...” témbalna bari tuluy mérésan
parabot paranti tambal.
“Hayu, Rat!” cekéng téh bari
ngalacat kana motor. Cékékés, motor di-start.
Teu talangké deui, Ratna ogé
ngalacat kana jok motor. Barang rék ngoper kana gigi hiji, tukang tambal ban ngageroan
rada harus, “Aéh, itu HP bapa kakantun!”
kitu pokna bari nunjuk kana korsi dipan. Enya baé, handphone kuring
ngagolér. Poho, henteu dipésakan deui, urut bieu nga-SMS ka barudak nu isukan
bagéan ngajaga counter.
“Punten,
pangnyandakkeun, Mang!” cekéng téh bari ngodok duit saréwu pérak. Anu dititah,
teu talangké deui harita kénéh cengkat, mangnyokotkeun handphone. Minangka buruh ngabéjaan jeung mangnyokotkeun
handphone, duit anu saréwu pérak téh dibikeun ka tukang tambal. Mimitina
mah nampik, tapi ari dipaksa mah teu burung ditarima.
Sanggeus
mésakan handphone, tuluy baé ngabiur. Tina gigi hiji, dioper kana gigi
dua, tilu, jeung opat. Motor beuki nyemprung muru ka Cianjur. Ratna muntang
kana cangkéng, pageuh naker.
“Badé dugi ka mana dijajapkeunana?”
“Lungsur di pangkalan ojég Cipeuyeum
baé, A!”
“Naha? Naha henteu sakantenan di
pangkalan ojég Buni Ayu?”
“A, di dinya mah seueur ojég nu
kenaleun ka Kang Yusuf!”
Motor beuki nyebrut, meulah
mongkléngna peuting. Ratna tipepereket nangkeup kuring. Rajamandala jeung sasak
Citarum, geus kaliwat sakotépat.***
Komentar