Ku DHIPA
GALUH PURBA
PUGUH baé kendang
mah henteu milu puasa sanajan urang Sunda mikawanoh istilah “puasa kendang”.
Éta babasan téh mangrupa kritik anu rada
pikaseurieun, ditujukeun ka sing saha baé anu puasana
ukur dina poé kahiji jeung poé pamungkas di bulan Ramadhan. Kendang kaasup waditra
kasenian tradisional anu kaitung populér di kalangan masarakat Sunda, dijieun
tina kai nu buleud, tengahna gorowong, sarta dua tungtungna ditutupan ku kulit.
Upama nyukcruk kana kamus mah, di Sunda téh aya “gendang” jeung “kendang”. Gendang
mah kendang gedé nu rarawatna kénca-katuhu, sarta pageuhna disambungkeun ku
karawat jeung tengah-tengah kuluwungna saperti melendung. Demi kendang nyaéta gendang
anu ukuranna leutik (Kamus Basa Sunda RA. Danadibrata, Kiblat, 2006).
Taya nu anéh
tina waditra nu ngaranna kendang, anu
antukna sindiran “puasa kendang” moal ngalantarankeun anu disindiran kahudang
amarahna, sanajan anu disindiranna jalma anu bener-bener ukur puasa dina poé
kahiji jeung pamungkas bulan Ramadhan. Kamungkinan gedé, manéhna moal nyeri
haté, komo deui nepi ka dendam ka kendang upama dina sakali mangsa amprok jeung pintonan kasenian
anu diwaditraan ku kendang. Asana
moal ujug-ujug ngabalng-balangkeun kendang.
Mémang hésé
nyindekeun hiji jalma puasa atawa henteu, lantaran tacan kungsi diayakeun
sabangsaning razia mariksa nu teu puasa. Anu écés mah ukuran dasarna nyaéta
barang dahar jeung nginum, sanajan réa di antara ustad anu sering nétélakeun
yén puasa anu pangbabarina nyaéta nahan hanaang jeung lapar. Tapi pikeun jalma
anu tacan bisa ngadalikeun beuteung, nahan hanaang jeung lapar ogé tétéla
henteu babari. Wajar upama di tatar Sunda populér istilah “puasa kendang”.
Karuhun Sunda anu
nyiptakeun rupaning ungkapan kritik ka jalma anu tara puasa, kawasna geus
kacida surti yén dina mangsa keur puasa dipahing ngumbar amarah atawa nyarékan
lak-lak dasar. Ku kituna kritik anu dijieun ogé sari-sari bari ngabodor. Conto kritik
séjénna nyaéta “puasa ayakan” (singgetan tina: saaya-aya dihakan).
Éta ungkapan ditujukeun ka jalma anu ngaku puasa, tapi manéhna ngadahar naon
baé anu bisa didahar. Puguh baé ieu mah leuwih parna batan “puasa kendang”,
sabab anu “puasa ayakan” mah enas-enasna henteu puasa pisan.
Sigana “puasa
kendang” jeung “puasa ayakan” téh antukna jadi inspirasi pikeun sabagéan
para Kepala Daérah anu nyekel kakawasaan. Maranéhna katingali soléh malah suci dina
mangsa kompanye atawa dina poé-poé panungtungan mancén. His, puguh baé
pikeun ngondang simpati masarakat sangkan dipilih deui. Salila mancén tugas, méh
henteu kungsi ngalakukeun nanaon iwal ti kukumpul duit pikeun ngagentian modal
waragad salila kompanye tur pikeun nyiapkeun kompanye satuluyna. Kaciri soléhna
ukur di awal jeung ahir mangsa mangku jabatan, nepi ka cocok disebut “kadar kendang” (kepala daerah kendang). Untungna di tatar Sunda
mah euweuh nu siga kitu, meureun.
Pon kitu deui
aya Kepala Daerah anu méntalna “ayakan”. Puguh baé leuwih parna. Sabab manéhna
bakal “ngahuapkeun” naon baé nu katingali jeung dianggap “ngeunah”, bari teu
kudu mikiran halal atawa haram. Rupaning kasus korupsi anu ngajiret para Kepala téh geus nuduhkeun yén “kadar kendang” jeung “kadar ayakan” téh tétéla henteu saeutik. Maranéhna
satékah-polah mintonkeun dirina anu keur “puasa”, tapi dina mangsa manggih
kasempetan tur nu séjén keur malaweung, mangka dihuapkeun duit rayat jeung naon baé
nu “pingeunaheun”.
Karuhun Sunda ogé kawasna baheula téh geus rada bayeungyang nyaksian
jalma anu ngaku muslim tapi henteu puasa di bulan Ramadhan. Jeung anu leuwih
parna deui, maranéhna henteu ngajénan atawa teu paduli ka jalma di
sabudeureunana anu keur meujeuhna paruasa. Maranéhna henteu ngarasa éra sanajan
dahar, nginum, atawa ngaroko di tempat umum. Leuheung kénéh anu saukur kaciri
sukuna wungkul mah. Nya ti dinya mah kaitung lumrah lamun satuluyna aya carmina
(pantun kilat) anu nepi ka kiwari masih kénéh populer, “puasa kuda lebaran
munding/ puasa teu kaduga lebaran ginding. Hiji sindiran anu ditujukeun ka
jalma anu ngedul puasa puasa, tapi dina mangsana ngarayakeun lebaran hayang
panggindingna.
Geus lain rusiah
deui tur jadi fenomena umum yén ngarayakeun lebaran di pakampungan téh réa
diantarana nu kalah ngadu géngsi. Pangpangna pikeun anu sapopoéna ngumbara di kota-kota
gedé. Pakéan sing sarwa anyar, dahareun sagala aya, kandaraan méwah, ngecét
imah, jeung sajabana, salawasna jadi bagéan tina ngarayakeun lebaran pikeun
sawatara jalma. Malah keur ngahontal éta kaméwahan téh aya kalana maksakeun. Contona
nginjeum duit ka réntenir atawa ngagadékeun pakakas imah keur sakadar ngaréntal
kandaraan. Pokona mah rupaning cara dilakonan sangkan lebaran bisa ginding, pikeun
némbongkeun kasuksésanna ngumbara di kota gedé. Matéri beuki weweg jadi barométer
keur ngukur darajat manusia. Naha kiwari masarakat téh beuki réa nu materialistis?
Apan di payuneun Gusti Nu Maha Agung mah, jalma anu pangmulya-mulyana téh lain
jalma beunghar, lain pajabat, lain ménak, tapi jalma anu iman, anu taqwa, anu silih wasiatan dina bebeneran, anu silih wasiatan dina kasabaran.***
Dimuat di
Majalah Seni Budaya, taun 2009
Komentar