Silaturahmi Penulis jeung Buka Bersama di KOMPAS JABAR (2006)




ÉcĂ©sna poĂ© Juma’ah, 29 SĂ©ptĂ©mber 2006, rĂ©ngrĂ©ngan pangurus Biro Kompas Jawa Barat ngulem para penulis anu kungsi midangkeun tulisanana di rubrik Forum, Kompas Jabar. Sajabana ti ngayakeun silaturahmi, ogĂ© dina raraga sukuran pindahna kantor redaksi Kompas Biro Jabar ka Graha Kompas-GramĂ©dia, Jl. RE. Martadinata No. 46, Bandung.Teu hilap, dina raraga sukuran nyorang sasih Ramadan 1427 H, puncak acarana langsung buka babarengan antara para penulis jeung staf redaksi Kompas Jabar.

**

BISA disebutkeun acara nu langka, hiji média massa ngahaja ngulem sacara husus ka para penulis anu sok ngirimkeun tulisanana. Tangtu baé sajumlah penulis nohonan kana pangulem redaksi Kompas. Pangpangna mah éta pajemuhan téh dimangpaatkeun pikeun padungdengan ngeunaan sabudeureun tulisan dina Kompas, hususna Kompas Jawa Barat.

Para penulis anu ngaluuhan éta acara diwengku ku para penulis anu mindeng nulis pasualan, budaya, ékonomi, kaséhatan, jeung sajabana. Loba di antara para penulis anu saukur wanoh kana ngaran wungkul, da langka aya acara anu nepungkeun para penulis. Ku ayana éta acara, tangtu baé anu asalna ukur wanoh ngaran jeung pikiranana, harita mah jadi wanoh jeung tangtunganna. Anu hadir téh di antarana aya H. Usép Romli HM, Érwan Juhara, Bambang Q An-nes, Atép Kurnia, Mang Jamal, Ua Sasmita, jeung réa-réa deui.

Dina acara anu lumangsung kalayan santéy tapi serius, Dédi Muhtadi (kepala Biro Kompas Jawa Barat) jeung Bambang Wahyu W ngajak ngawangkong ka para penulis anu aya patula-patalina jeung téknis katut eusi tulisan. Dédi nétélakeun yén saban poé aya sababaraha naskah anu lebet ka redaksi, boh ngaliwatan email atawa pos. Tangtu henteu sadayana tiasa dimuat, patali sareng timbang taraju ti pihak redaksi anu nyaluyukeun jeung karakteristik Kompas. Tulisan anu eusina ngahujat, tangtos moal dimuat. Aya deui tulisan anu ngawang-ngawang teuing, jejerna lega teuing, éta ogé kapaksa henteu dimuat, sabab di Kompas nasional tos disayagikeun rubrikna. Pikeun Kompas Jawa Barat mah, jejer tulisan diutamakeun anu aya patali sareng Bandung, Jawa Barat, atanapi Sunda. Kitu saur Dédi.


Salajengna Dédi jeung Bambang méré kasempetan ka para penulis kanggo maparin saran, kritik, atanapi naroskeun naon baé anu aya patalina sareng tulisan di Kompas Jabar. Méh sadaya penulis anu hadir, hayang ngedalkeun kereteg haténa. Tapi ku lantaran kawatesan ku waktu, ukur sababaraha urang baé anu kabagéan nyarita. Di antarana aya nu ngusulkeun sangkan jejer Forum Kompas Jabar henteu loba teuing ngangkat kabudayaan. Tapi éta saran, langsung meunang kritikan ti penulis séjén. Justru Kompas Jabar leuwih hadé ngundakeun kuantitas sarta kualitas jejer tulisan masalah kabudayaan, hususna kabudayaan Sunda.

Aya ogé anu ngusulkeun sangkan penulis Kompas, henteu nulis deui di média massa séjén. Tapi perkara éta ogé langsung ditampik ku penulis séjén, saperti H. Usép Romli HM. Mémang lamun penulis diwatesan ukur nulis di Kompas wungkul, tangtu bakal réa karugianana, sabab sakumaha anu dikedalkeun ku Dédi ogé, yén nulis di Kompas Jabar, henteu acan tiasa diandelkeun kanggo pacabakan. Perkara aya penulis anu rék nulis saukur di Kompas, éta mah hakna. Nu écés, Kompas Jabar henteu ngahalangan sakur penulis pikeun nulis di média massa séjénna. Lebah dieu, tangtu baé jejer anu ditulisna kudu béda. Malah ku lantaran kawatesan rohangan anu tacan pati lega, pihak Kompas Jabar kapaksa kudu ngatur para penulis, minimal hiji penulis dimuat tulisanana dina jangka waktu dua minggu sakali. Pangna kitu, pikeun méré kasempetan ka penulis séjén.


Sajabana nu ngadugikeun koméntar, saran, kritik, jeung pananya, aya ogé penulis anu ngarasa hanjelu duméh tulisanana diédit palebah anu pentingna. Éta téh didugikeun ku salahsahiji mahasiswa kedokteran anu rajin nulis masalah kaséhatan. Kilang kitu, Dédi nétélakeun yén ngédit tulisan tangtu moal ngarobah substansi tulisan. Upama aya sawatara kalimat anu kapaksa kudu dirarad, tangtu baé alatan dianggap henteu penting.

Sabenerna padungdengan  tĂ©h beuki ramĂ© kaburitnakeun. Para penulis ogĂ© mingkin sumanget ngawangkong sareng Ă©ta dua Ă©ditor Kompas Jabar. Hanjakal hiji deui Ă©ditor Kompas Jabar henteu tiasa sumping, patali aya pamengan, nyatana Élly Rosita. Mareng sareng adan Magrib, padungdengan dipungkas. Para penulis jeung staf Kompas Jabar buka saum sasarengan. Malah sabada buka saum, para penulis dihaturanan kanggo nganjang ka rohangan redaksi Kompas.





Wilujeng ka Kompas Jabar anu kalintang ngajénan ka para penulis, mugia Kompas Jabar apanjang-apunjung salawasna.***(DGP)





0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post