Anugerah Budaya Kabupatén Bandung 2012




Pikeun anu munggaran, Pamaréntah Kabupaten Bandung ngalélér Anugerah Budaya ka lima seniman jeung budayawan. Anugerah Budaya Kabupatén Bandung Taun 2012 dipasrahkeun langsung ku Bupati Bandung, Dadang M. Naser dina acara puncak miéling Hari Ibu jeung Hari Kesetiakawanan Sosial di Lapangan Upakarti, Kompleks Pemkab Bandung, Jumaah (21/12/2012).

Lima seniman jeung budayawan anu dilélér  anugerah budaya nyaéta Asep Sunandar Sunarya (seni pedalangan), Muhammad Zaini Alif (komunitas kaulinan urang lembur), Amin Mihardja (reog), Tatang S. (kuliner), jeung Rosyid E. Abby (sastra). Limaanana meunang piagam pangajén jeung pin emas dina wanda kujang, anu beuratna  6 gram. Dina rarancangna, anugerah budaya bakal diayakeun dina saban  taun.***(DGP)

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post