Sajak Sunda: Catetan Na Sagara Ati




Catetan Na Sagara Ati

Dhipa Galuh Purba


Apan nyorang poé téh babarengan
Méh saban léngkah dibarung sadrah
Dina carita cinta anu diwiru asih, deudeuh
Kahéman teu weléh nalaktak haté
Pasini ngagurat jangji, meulah bumi
Nyokél guruntul ati anu sayakti

Naha dumadak keueung?
Basa ngaléngkah ka buruan kahéman
Najan usap pangjajap marengan
Kadeudeuh ngaleut ngangkeuy ngabandaleut
Tungkul téh binarung bingung
Kudu kumaha ménta pangampura?

Neuteup pameunteu anjeun
Basa dipatri cingcin pasini
Bet rus-ras ngahelas
Anjeun lain Ummu Sulaim Al-Anshariyyah
Tapi anjeun ogé gunung anu teu régrog-régrog
Najan ditibanan angin lilimbungan
Najan diamuk galura motah

Jempling téh binarung éling
Hiji mangsa kudu meulah jiwa
Aya carita anu kudu dipedar
Nu lawas teu weléh waas
Ditunda dina sagara dada
Namper dina gudawang céda
Antara ketak jeung rasa
Aya nu béda, tapi sarupa

Bandung, Désémber 2005



0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post