KEUR PANUTAN ( 1 )
Dhipa Galuh Purba
Hariring dangding, kiwari geus lain nu kuring
Haleuang sora, ayeuna teu miboga
Keretas bodas, pinuh gurat mangsi beureum
Tinggeleber, tingsariak dina kongkolak panon
Nutupan paneuteup nu angkeub
Nyimbutan kadeudeuh nu laas
Panutan anu minuhan kereteg dada
Dimana atuh haréwosna rasa
Gentra kuring jadi linglung
Manuk tikukur oge jadi ngaruyung
Pikir liwung matak kasarung
Caringin, 1998
Komentar