Sajak Sunda: Patepung di Ciliwung




PATEPUNG DI CILIWUNG

Dhipa Galuh Purba


Moal laas dina pangrasa sukma
Poé munggaran patepung di Ciliwung
Moal ilang tina rasa kamelang
Ngagayuh dina haté anu iuh
Geter-geter katresna nungtutan nyorang
Apan gumelarna rasa mah teu bisa disangka
Najan ukur patepung dina huleng rasa

Sakedapan ngarandeg dina hawa cambéwék
Kadia nyawang carita kumacacang
Mangsa jaga anjeun bakal dicangcang
Kahéman anu ngadadak nalaktak sukma
Gurat katineung dina beueusna cipanon
Rék iraha jeung rék nepi ka mana?
Sirung jatining asih,
lain ngimpi dina jero ngimpi

Ciliwung, 1422 H


0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post