NA PAJARATAN CINTA
Dhipa Galuh Purba
Bulan sapasi
Béntang sukan-sukan
Sukma kariaan
tepung na balandongan katresna
Geter-geter cinta
Lugay katompérnakeun
Sawindu piraku lali
Bulan sapasi nu nyaksi
Halabhab wahangan
Nganti hujan salaksa duriat
Rambut widadari
Beungkeutan tina leunjeuran haté
Medar asih kana bulan
Angin mawa dangding
Kacapi nganteurkeun tembang
Asih pasini, lugay dina kembang samoja
Taneuh beureum, papaés nu moal sirna
2003
Komentar