Islam jeung Globalisasi

Masjid Kampung Mahmud



Ku  Ustad Sosmed

Bismillahirrohmannirrohiim
Assalammu’alaikum wr.wb
Alhamdulillahirobbil’alamiin
Wassolatu wassalammu ‘alaa asrofil ‘amdiyaa i walmursaliin
Wa’alaa aalihii wasohbihii ajma’iin
Amma ba’du
Allohumma robbis rohli sodri
wayasirli amri
Wahlul ukdatammillisaani yapqohu qouli
Robbi zidnii ilmawwarzuknii fahman
Amiin yaa robbal ‘alamiin


Qolallohu ta’ala fil qur’anil kariim,
A’udzubillahiminasyaitonirroziim
Innaa ‘arodnal amaanata  ‘alassamaawaati wal ardi wal zibaali pa abaena ayyahmilnahaaa wahamalahaal ingsaanu innahu kaana duluuman zahuula.

Qola Rosululloh SAW: “Saya’ti zamanun ‘Alaa Ummatii”

Sodoqollohul’adziim, wasodoqo nabiyul habibul qarim, wanahnu ‘ala dzalika minasyahiriin wasyakiriin walhamdulillahirobbil’alamiin


SUGRINING puji sinareng syukur ka Alloh SWT, anu parantos maparin rohmat sareng magfiroh ka urang sadaya, dugi ka dina danget ieu urang tiasa kempel ngariung dina kabingahan.

Sholawat miwah salam, pamugi didugikeun ka jungjunan urang, Nabi Muhammad SAW. Teu hilap ka para kulawargana,  kadang baraya, para sohabat, para tabi’in, para kaum muslimin wal muslimah anu satia; anu tuhu kana ajaranana tug dugi ka ahir jaman. Amiin yaa robbal ‘alamiin.


Para Hadirin anu dimulyakeun ku Alloh,

Rosululloh SAW tos parantos mépélingan ti anggalna ngalangkungan hadits Asy-Syarif anu nembé diaoskeun, yén urang kedah waspada permana tingal kalayan tatahar dina mayunan datangna hiji jaman, anu nunjukkeun  hiji kaayaan globalisasi.

Contona kamajuan téknologi informasi, anu ngalantarankeun deukeutna masyrik sareng maghrib, kalayan akibatna ogé Al-Haq sareng Al-Batil ogé ampir ngahiji.

Hadirin anu dimulyakeun ku Alloh,

Ajaran Islam ngécéskeun yén bumi, langit, katut sagala rupa eusina minangka “amanah” ti Alloh SWT pikeun manusa, anu kumelendangna di alam dunya téh minangka khalifah. Tangtosna ogé, naon rupa nu nyampak di langit sareng di bumi téh, pikeun digunakeun kanggo karaharjaan umat.

Islam ngarangkum sakur widang kahirupan, boh ritual (ibadah maghdah) atanapi sosial (mua’amalah). Islam téh Universal, anu ngandung hartos yén Islam tiasa dianggo saban waktu, tempat, sareng kasempatan tug dugi ka datangna ahir jaman.

Perkara ieu minangka tugas sakur umat muslim, hususna para cendekiawan muslim sapanjang jaman dina raraga khalifatullah fil ard minangka agent of development, Ngamekarkeun ajén-ajén islam sarta ngadorong dina pangwangunan masarakat. Utamina dina mangsa kiwari nyorang mayunan mangsa globalisasi

Para Hadirin anu dimulyakeun ku Alloh,
Aya lima pondasi anu tiasa dianggo pangwangunan umat, hususna dina raraga mayunan mangsa globalisasi. Di antarana:

Tauhid Uluhiyah
Tauhid Uluhiyah nyatana kayakinan Alloh Nu Maha Ésa (tunggal) sareng kasadaran masarakat islam, yén sakur nu aya di bumi jeung langit téh anging kagungan Alloh SWT. 

Dina kontéks pangwangunan manusa, kedah sadar yén otoritas anu dipibanda manusa nyatana nyepeng amanah, pikeun ngolah tur ngagunakeun naon baé anu dianugrahkeun Alloh SWT, kanggo karaharjaan umat, sanés pikeun kapentingan individu atanapi sawatara golongan.

Tauhid Rububiyah
Tauhid Rububiyah nyatana kayakinan yén ukur Alloh SWT nu nangtukeun rejeki pikeun sakur mahluk-Na, sareng deui Alloh SWT baris nungtun kana jalan kasuksésan, ka sakur manusa anu percaya ka Mantenna.

Khilafah
Maparinan kategasan ka sakur umat manusa ngeunaan pungsi sareng tujuan tina bebeneran di ieu bumi. Pamingpin umat islam di mangsa nu baris datang, mibutuh pamingpin anu gaduh aqidah kuat, kaseukeutan intéléktual, kaluhuran ahlak, sarta siap ngalaksanakeun Amar Ma’ruf Nahyi Munkar di satengahing masarakat nu tos kapangaruhan ku budaya pulitik sareng widang séjén nu ngahalalkeun sagala cara.

Dina QS 5: 55, Alloh SWT ngadawuh, anu hartina:

“Satemenna pamingpin téh nyatana Alloh jeung Rasul-Na katut Muéminin anu ngadegkeun sholat, ngaluarkeun zakat, jeung anu tumut.”


Tarékah anu perelu diundakeun ku umat islam téh, tiasa dimimitian ti diri sorangan sareng ti lingkungan séwang-séwangan. Kakuatan umat aya dina ahlaq anu dipajoangkeun sacara konsistén. Ahlak dina ajaran islam, kudu dijadikeun pedoman sangkan urang bisa ngawujudkeun rahmat pikeun alam.

Kilang kitu, umat islam ogé kudu sadar, yén harepan pembaruan politik anu idéal pikeun urang, diperelukeun:

  • Pembaruan pikiran.
  • Umat islam kudu koréktif ka diri sorangan, kondisi lingkungan, sistem anu nangtayunganana, kamekaran budaya, rumusan kawijakan anu ngarah kana kamungkaran anu temahna ngahéngkéran nasib umat.
  • Umat Islam ngawangun konsép pangwangunan anu nyoko kana dawuhan Alloh SWT, kaélmuan sarta musawarah.


Tazkiyah
Tazkiyah hartosna ngaberesihan jiwa, haté sarta diri tina kamusrikan. Ieu prosés mutlak diperlukeun saméméh manusa dipapancénan minangka agent of development.

Upama ieu prosés bisa tinekanan kalayan lungsur-langsar, mangka naon baé pangwangunan sareng kamekaran anu dilakonan, baris ngahasilekun kahadéan pikeun umat, masarakat, sarta lingkunganana.

Al-Falah

Al-Falah nyatana konsép ngeunaan kasuksésan dina islam. Dina ieu konsép, naon baé widang kasuksésan anu kahontal dina pangwangunan ku bangsa mana baé, bisa méré kontribusi pikeun kasuksésan di akhérat.

Tangtuna ogé  upama éta kasuksésan téh dihontal luyu sareng pituduh Alloh SWT. Ku ayana kitu, dina sawangan islam mah henteu aya dikotomi antara tarékah-tarékah pikeun pangwangunan di dunya, boh pangwangunan ékonomi, pulitik, jeung sosial budaya, anu sabenerna minangka tatahar pikeun nyanghareupan kahirupan jaga di akhérat.

Panutup

Salaku umat muslim, hayu urang ngalaksanakeun tarékah pangwangunan umat ku lima pondasi dina islam. Mugia Alloh SWT salawasna maparinan jalan ka urang sadayana. Ku ayana kitu, hayu urang ngado’a ka Alloh SWT, mundut ampunan tina rupaning dosa sareng pituduh jalan.

Allohumma ya Alloh, neda ampun sadaya dosa abdi sadaya, boh anu karaos atanapi anu henteu karaos.

Allohumma ya Alloh, neda ampun rupaning dosa para sepuh abdi sadaya, boh anu masih kénéh jumeneng atanapi anu tos mulih ka kalanggengan.

Allohumma inn audzubika minal kufri wal fakri
Robbanaa dzolamna an fusanaa wa in lam tagh firlanaa watar ham naa lanaa kunannaa minal khasirin.
Robbana fagfirlanaa zunubanaa waa kafir anna syaia’tinaa watasa fana maa’al abrar 
Robbana afrig alaina subhana watawa fanaa muslimin
Robbana atina fi dunya khasanah wafil akhirooti khanah waqiina adza bannar. Amiin, amiin ya robbal’aalamiin.

Wassalammu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post