Syiar Islam Ngaliwatan Budaya Sunda

Seni Badéng, Désa Sanding, Malangbong, Kabupatén Garut.











Ku M Sudama Dipawikarta, M.Ag (Ustad Sosmed)

Bismillahirrohmannirrohiim
Assalammu’alaikum wr.wb
Alhamdulillahirobbil’alamiin
Wassolatu wassalammu ‘alaa asrofil ‘amdiyaa i walmursaliin
Wa’alaa aalihii wasohbihii ajma’iin
Amma ba’du
Allohumma robbis rohli sodri
wayasirli amri
Wahlul ukdatammillisaani yapqohu qouli
Robbi zidnii ilmawwarzuknii fahman
Amiin yaa robbal ‘alamiin

SUGRINING puji sinareng syukur ka Alloh SWT, anu parantos maparin rohmat sareng magfiroh ka urang sadaya, dugi ka dina danget ieu urang tiasa kempel ngariung dina kabingahan.

Sholawat miwah salam, pamugi didugikeun ka jungjunan urang, Nabi Muhammad SAW. Teu hilap ka para kulawargana,  kadang baraya, para sohabat, para tabi’in, para kaum muslimin wal muslimah anu satia; anu tuhu kana ajaranana tug dugi ka ahir jaman. Amiin yaa robbal ‘alamiin.

Para hadirin kaum muslimin wal muslimah, anu ku simkuring dipihormat,

Bingah anu taya papadana, wiréh dina dinten ieu, simkuring kabiruyungan nganjang ka wewengkon Garut. Utamina mah simkuring téh tos kagémbang ku salahsahiji kasenian buhun anu kakoncara di Tatar Garut. Taya sanés, namina téh seni badéng, anu écésna di désa Sanding, Malangbong, Kabupatén Garut.

Sawatara waktos kapengker, simkuring kaleresan nongton pintonan seni badéng dina acara Paméran Buku Bandung 2005. Aya di antara rumpaka tembang, anu dugi ka kiwari teu weléh émut baé. Éstuning dadangueun téh da sanés bohong atuh. Malah teu karaos, sakapeung mah simkuring sok hahariringan nyalira:

“Kiai, Dagoan Kuring, Kuring rĂ©k nuturkeun pandeuri...”
(haleuang ieu, dibelukkeun, gampil)

Kitu unina rumpaka seni badĂ©ng, anu teu welĂ©h kakuping baĂ© ku simkuring.  Tangtos baĂ© upami ditilik tina jumlah kekecapanna mah, Ă©stuning kacida pondok dibandingkeun sareng lagu Mawar Bodas mah.

Para hadirin kaum muslimin wal muslimah, anu ku simkuring dipihormat,

Upama neuleuman rumpaka anu nembé dihaleuangkeun ku suanten simkuring anu sakitu merduna, tangtos tiasa kagambar kalayan écés, yén tangtungan Kiai téh minangka hiji tangtungan anu ketak sareng paripolahna loyog dijadikeun tuladan dina kahirupan.

Anu teu kirang penting ogé, éta rumapaka téh sakaligus nuduhkkeun yén kasenian Sunda buhun, kacida raket patalina sareng agama Islam. Basa simkuring maluruh kasangtukang seni badéng, tétéla éta kasenian téh henteu tiasa dipisahkeun sareng kalumangsungan sajarah syiar Islam, hususna di Tatar Sunda.

Seni buhun, hususna Seni BadĂ©ng minangka salah sahiji mĂ©dia alternatip anu dianggap Ă©fĂ©ktip kanggo si’ar Islam mangsa kapungkur. Nu kieu rupina, anu dimaksad maca ajaran Islam ngalangkungan nalar lokal Sunda, nyatana basa sareng kasenian anu dianggap hirup sareng langkung dipikawanoh ku masarakat Sunda, mangsa kapungkur.

Para hadirin kaum muslimin wal muslimah, anu ku simkuring dipihormat,
Hatur punten anu kasuhun, wiréh ayeuna simkuring badé nganjang heula ka Cirebon, sakedap wé. Kanggo babandingan wungkul ieu mah:

Sunan Gunung Djati  atanapi Syarif Hidayatulloh, masihan warna sanĂ©s kana seni budaya Sunda, kanggo nyebarkeun agama Islam. Gamelan anu katelah skatĂ©n, mangrupi wanda seni Sunda, tutungkusan Sunan Gunung Djati.

Kalebet upacara Panjang Jimat, anu dugi ka kiwari masih kénéh dimumulé, minangka gambaran tina maca ajaran Islam ngalangkungan nalar lokal. Upacara Panjang Jimat, taya béntenna sareng muludan, pikeun miéling babarna Nabi Muhammad SAW, anu tangtos digelarna ogé, saban kaping 12 Rabiul Awal.

Para hadirin kaum muslimin wal muslimah, anu ku simkuring dipihormat,

Naha para ulama, ti jaman kapungkur aya kereteg, malih bari prakna, pikeun syi’ar Islam ngagunakeun mĂ©dia budaya Sunda? Tangtos aya alesanana. Iwal ti budaya Sunda langkung caket sareng kahiurupan masarakat, katambih Gusti Alloh ogĂ© saleresna marĂ©ntah sangkan manusa micinta budayana sĂ©wang-sĂ©wangan, anu henteu ngarempak ajaran Islam.

Hayu urang ngalenyepan Al-Qur’an, surat Al-Hujuraat, ayat 13:

Anu hartosna:
“HĂ©y manusa, satemenna Kami nyiptakeun anjeun ti antara lalaki jeung awĂ©wĂ©, sarta ngajadikeun anjeun ti rupaning bangsa jeung rupaning sĂ©lĂ©r, sangkan anjeun silih pikawanoh. Satemenna jalma pangmulyana di antara aranjeun mungguhing Alloh, nyatana jalma nu taqwa di antara aranjeun. Satemenna Alloh Maha Uninga sareng Maha Mikawanoh”

Écés tur jéntré, yén ngamumulé bangsa sareng sélér téh kacida pentingna, sangkan silih pikawanoh téa. Ku margi urang sadaya lahir di tatar Sunda, hartosna urang mah kedah miara atanapi ngamumulé naon rupa nu nyampak di tatar Sunda, di antarana miara budaya Sunda.

Di antara tujuh unsur kabudayaan Sunda, naon baé nu kiwari masih karaos dangiangna? Sanggem simkuring mah ukur basa-na.

Para hadirin kaum muslimin wal muslimah, anu ku simkuring dipihormat,

Ayeuna simkuring wangsul deui ka Garut,

Kiai, dagoan kuring, kuring rék nuturkeun pandeuri (ulah dihaleuangkeun, tapi diucapkeun sing tandes)

Karampa, aya hiji pangakuan yĂ©n tangtungan Kiai mĂ©mang kanggo “dituturkeun”. Patalina, tangtos baĂ© baĂ© pikeun muru kana ahlakul karimah, kalayan nebihan ahlakul madmumah.

Para Kiai –kalebet para santri—mĂ©mang tos ti bĂ©h ditu ngalaksanakeun dakwah syi’ar Islam ngalangkungan seni Sunda atanapi basa Sunda. Contona mah pupujian dina ngeusi waktos antara adzan jeung qomat. Upami diteuleuman kalawan daria,  pupujian anu dihaleuangkeun tĂ©h tiasa dikatĂ©gorikeun kana wanda salĂ©ndro, pĂ©log, madenda (nyorog), sareng sajabina.

Hayu geura, urang cobian dipélogkeun:

Éling-éling umat muslimin muslimah
Hayu urang berjama’ah solat subuh
Éstu kawajiban urang keur di dunya
Kanggo pibekeleun urang jaga di akhĂ©rat…

Para hadirin kaum muslimin wal muslimah, anu ku simkuring dipihormat,

Puluhan atanapi tiasa janten ratusan pupujian tos didamel ku krĂ©ativitas para ajengan atanapi para santri. 

Malah dina abad ke-20 mah, masih seueur wawacan anu populér kalayan mibanda latar carita Islam, sapertos Wawacan Ahmad Muhamad, Wawacan Ambiya, wawacan Nabi Paras, Wawacan Samaun, sareng sajabina.

Ku ayana kitu, taya lepatna , malih kacida saĂ©na upama kiwari urang ogĂ© neraskeun tapak lacak para sesepuh jaman kapungkur. Hayu syi’ar Islam ngalangkungan budaya Sunda!

Sakitu anu kapihatur. Neda agung cukup lumur jembar pangapunten tina sagala rupi kalepatan; Bilih aya catur nu teu kaukur, bilih aya basa nu teu karéka.

Dipungkas baĂ© ku do’a sapu jagat:

Robbana aatinaa pidunya hasanah
Wafil akhiroti hasanah waqina adza bannar

Billahi fi sabillil haq
Wassalammu’alaikum wr.wb


0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post