Kerensa Johnston, Hayang Jadi WNI Lantaran Cinta Indonésia

Kerensa Johnston, hiji peuting di Gedung Indonésia Menggugat


Catetan DHIPA GALUH PURBA

Kataji ku rupaning seni tradisi Indonésia, nu ngajurung Kerensa Johnston (l. 28 Maret 1972) lunta ti Australia pikeun neuleuman rupaning kasenian di Indonésia. Malah sanggeus nganjrek di lemah cai, Kerenesa ngarasa betah tur hayang pindah kawarnagaraan.

Kerensa geus buleud patékadanna pikeun jadi urang Indonésia. Kitu pisan anu dikedalkeun ku Kerensa sabada réngsé ngarojong pintonan téater “Kisah Perjuangan Suku Naga” di Téater Sayung Angklung Udjo sawatara waktu kaliwat. Dina éta pintonan, Kerennsa merankeun tokoh Insinyur anu rék ngukur wewengkon Suku Naga, tur kudu adu hareupan jeung masarakat Suku Naga.

Nilik kana éktingna, Kerensa kaitung nyongcolang tur kaciri geus kalatih. Kerensa neuleuman tokoh Insinyur kalayan daria. Mémang, Kerensa geus mindeng maén dina sawatara garapan téater, geus henteu asa-asa deui aub tur ngahiji jeung para pamaén téater Bandung.

Teu béda jeung pamaén téater séjénna, Kerensa ogé milu prosés latihan. Malah Kerensa kaasup pamaén téater anu disiplin milu latihan tur ngajaga kabersihan tempat latihan jeung tempat pagelaran. Lamun réngsé pagelaran, Kerensa sok milu sasapu atawa mulungan runtah di panggung jeung sabudeureunana.

Kerensa (katuhu) jeung Dhipa Galuh Purba (katuhu), basa merankeun tokoh Insinyur dina drama “Kisah Perjuangan Suku Naga” (Foto Martha Topéng)


Sakapeung, Kerensa ogé sok mépélingan ka para pamaén téater séjénna sangkan ngajaga kabersihan ku cara henteu miceun runtah pararadu. Kiwari, Kerensa geus lancar nyarita basa Indonésia. Ku kituna, ngobrol jeung sasaha ogé gampil pisan akrabna téh.

Munggaran nganjang ka Indonésia téh kira taun 1990. Harita, Kerensa hayang diajar tari Bali, anu antukna ngahaja ngajugjug ka Bali. Kerensa diajar tari Bali tug nepi ka ngarasa sugema. Saterusna mulang deui ka Australia. Tapi dina taun 1997, Kerensa meunang béasiswa pikeun sakola di Jurusan Tari STSI Padangpanjang.

Salila genep bulan, Kerensa neuleuman élmu tari di Padang. Taun 2002 Kerensa pindah ka Bandung, sarta aktivitasna réa di Bandung, komo deui sanggeus ahirna Kerensa milih kawin ka urang Indonésia, Gepeng Dewantoro. Tug nepi ka kiwari, Kerensa nyorang rumahtangga di Bandung, kalayan sapopoéna ngajar Basa Inggris.

Pangaresepna kana téater ngalantarankeun Kerensa mindeng milu aub dina rupaning garapan téater. Contona Kerensa kungsi maén jeung Téater Casanova. Sajabana ti éta, ieu wanoja nu mikaresep gamelan Bali ogé kungsi milu ngarojong pagelaran jeung Fakultas Adab UIN Sunan Gunung Djati Bandung.

Ku kituna, Kerensa bakal terus aub jeung pagelaran téater séjénna satungtung luyu situasi jeung kondisina. “Dina garapan téater, kuring bisa nambahan sobat jeung ngarasa nikmat nyorang prosés tug nepi ka réngsé garapan…” kitu ceuk Kerensa. Dunya téater mémang dunya anu ahéng.

Di Indonésia, hirup di dunya téater bener-bener henteu ngajangjikeun kabeungharan sacara pinansial. Malah sabalikna, ancrub ka dunya téater mah kudu boborot. Nya, disebutna ogé pengabdian kana kasenian. Sanajan henteu ngajangjikeun matéri, tapi ti mangsa ka mangsa, réa nonoman anu panceg kayakinan ancrub tur neuleuman dunya téater. 

Kerensa, basa maén jeung Téater Casanova (Foto Ist)


Milih matuh di Bandung lantaran ieu kota dianggap anu pangtenangna jeung kalintang ngarojong kana pangaresepna dina widang kasenian, hususna téater. Jadi, sanajan awalna Kerensa  kataji ku Bali, tapi pikeun nyorang kahirupan mah milih nganjrek di Bandung.

Basa ditanya naon motivasina pangna Kerensa hayang jadi warga nagara Indonésia? Jawabanna pondok, lantaran kuring micinta Indonésia. Kitu pokna. Micinta Indonésia tangtuna ogé kaasup micinta seni budayana.

Ayeuna Kerensa geus meunang kasinugrahan ku dipaparin putra, anu saterusna dingaranan Raphael. Sakali-kali raphael sok diajakan lamun Kerensa latihan téater. Raphael diajarkeun nyarita basa Indonésia. Boh Kerensa pon kitu deui raphael, geus bisa nyaluyukeun jeung kahirupan urang Bandung.

Ti mimiti cara nyarita, sikep, kadaharanna, jeung sajabana. Ku kituna, Kerensa beuki yakin kana niatna pikeun robah kawarnagaraan jadi WNI.***

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post