Catetan DHIPA GALUH PURBA
Wahyu Sulaeman Rendra, panyajak anu kakoncara ku susuluk “Si Burung Merak”, mulih ka jati, mulang ka asal di Jakarta, 6 Agustus 2009, dina yuswa 73 taun. Réa nu masih kénéh can terangeun, singgetan tina naon ari WS téh? WS, singgetan tina Wahyu Sulaéman. Ari basa mimiti gumelarna mah ngaran lengkepna téh Willibrordus Surendra Broto Rendra, lahir di Solo, Jawa Tengah, 7 November 1935.
Réndra téh putra pasangan R. Cyprianus Sugeng Brotoatmodjo jeung Radén Ayu Catharina Ismadillah. Bapana guru Bahasa Indonésia jeung Bahasa Jawa di sekolah Katolik, Solo, di sagédéngeun jadi dramawan tradisional. Demi indungna nyaéta penari serimpi di karaton Surakarta. Réndra sakola di TK Marsudirini, Yayasan Kanisius, SD s/d SMU Katolik, St. Yosef, Solo , terus nuluykeun ka Jurusan Sastra Inggris, Fakultas Sastra dan Kebudayaan, Universitas Gajah Mada, Yogyakarta (henteu tamat), sarta meunang béasiswa American Academy of Dramatical Art (1964 - 1967).
Bakat sastra Rendra geus natrat ti bubudak. Mangsa sakola di SMP, Réndra geus bias nulis puisi, cerpén jeung drama pikeun rupaning kagiatan di sakolana. Munggaran ngumumkeun puisina di média massa nyaéta dina taun 1952, ngaliwatan majalah Siasat. Sanggeus kitu, puisi-puisina rabul tur dimuat di rupaning media citak mangsa harita, saperti Kisah, Seni, Basis, Konfrontasi, jeung Siasat Baru.
Drama “Kaki Palsu" nyaéta drama munggaran anu dipentaskeun mangsa Réndra masih SMP. Demi drama “Orang-Orang di Tikungan Jalan” mangrupa drama munggaran anu dilélér pangajén juara kahiji ti Kantor Wilayah Departemen Pendidikan dan Kebudayaan, Yogyakarta.
Saterusna Rénda mindeng dilélér rupaning pangajén tina karya-karyana, diantarana Hadiah Sastra Nasional BMKN (1956), Anugerah Seni dari Pemerintah Republik Indonesia (1970), Hadiah Akademi Jakarta (1975), Hadiah Yayasan Buku Utama, Departemen Pendidikan dan Kebudayaan (1976), Penghargaan Adam Malik (1989), The S.E.A. Write Award (1996), Penghargaan Achmad Bakri (2006), jsté.
Karya-karya Rendra lain baé kakoncara di Indonésia, tapi ogé di luar nagri. Réa karya-karyana anu ditarjamahkeun kana basa deungeun, saperti basa Inggris, Belanda, Jerman, Jepang jeung India. Réndra ogé aktif miluan féstival-féstival di luar nagri, saperti The Rotterdam International Poetry Festival (1971 dan 1979), The Valmiki International Poetry Festival, New Delhi (1985), Berliner Horizonte Festival, Berlin (1985), The First New York Festival Of the Arts (1988), Spoleto Festival, Melbourne, Vagarth World Poetry Festival, Bhopal (1989), World Poetry Festival, Kuala Lumpur (1992), Tokyo Festival (1995), jsté.
Dina taun 1961, samulangna ti Amerika Serikat, Rendra ngadegkeun grup téater di Yogyakarta. Tapi éta grup téh mandeg, lantaran Réndra miang deui ka Amerika Serikat. Mangsa mulang ka Indonésia (1968), Réndra ngadegkeun Béngkél Téater, anu saterusna kawilang kakoncara di Indonésia tur mere suasana anyar dina kahirupan téater di lemah cai.
Profesor Harry Aveling, pakar sastra ti Australia anu titén kana kasusastraan Indonesia, geus madungdengkeun tur narjamahkeun sawatara puisi Rendra dina tulisanna “A Thematic History of Indonesian Poetry: 1920 to 1974”. Karya Réndra ogé dipadunghdengkeun ku pakar sastra ti Jerman, Profesor Rainer Carle dina disertasina anu dijudulan Rendras Gedichtsammlungen (1957—1972): Ein Beitrag Zur Kenntnis der Zeitgenossichen Indonesischen Literatur. Verlag von Dietrich Reimer in Berlin: Hamburg 1977.
Drama-drama karya Réndra diantarana Orang-orang di Tikungan Jalan (1954), Bip Bop Rambaterata (Teater Mini Kata), SEKDA (1977), Selamatan Anak Cucu Sulaiman, Mastodon dan Burung Kondor (1972), Hamlet (tarjamahan tina karya William Shakespeare), Macbeth (tarjamahan tina karya William Shakespeare), Oedipus Sang Raja (tarjamahan tina karya Sophokles, "Oedipus Rex") Lisistrata (tarjamahan), Odipus di Kolonus (Odipus Mangkat) (tarjamahan tina karya Sophokles), Antigone (tarjamahan tina karya Sophokles), Kasidah Barzanji, Perang Troya Tidak Akan Meletus (tarjamahan tina karya Jean Giraudoux, aslina dina basa Prancis: "La Guerre de Troie n'aura pas lieu"), Panembahan Reso (1986), Kisah Perjuangan Suku Naga, jsté.
Buku puisi anu kungsi ditulis ku réndra diantarana Balada Orang-Orang Tercinta, Bersatulah Pelacur-Pelacur Kota Jakarta, Blues untuk Bonnie, Empat Kumpulan Sajak, Jangan Takut Ibu, Mencari Bapak, Nyanyian Angsa, Pamphleten van een Dichter, Perjuangan Suku Naga, Pesan Pencopet kepada Pacarnya, Potret Pembangunan Dalam Puisi, Rendra: Ballads and Blues Poem (tarjamahan, Rick dari Corona, Rumpun Alang-alang, Sajak Potret Keluarga, Sajak Rajawali, Sajak Seonggok Jagung, Sajak Seorang Tua tentang Bandung Lautan Api, State of Emergency, Surat Cinta1, jsté.
Dina yuswa 24 taun, Rénda nyorang “cinta pertama” ka Sunarti Suwandi, saterusna nikah 31 Maret
1959. Rendra meunang karunia lima putra, diantarana Teddy Satya Nugraha, Andreas Wahyu Wahyana, Daniel Seta, Samuel Musa, jeung Klara Sinta.
Anu matak hémeng, lalakon pertikahan Réndra anu kadua. Mimitina aya salahsahiji di antara muridna Réndra nyaéta Bendoro Raden Ayu Sitoresmi Prabuningrat, putri getih biru Karaton Yogyakarta, anu milu icikibung di Béngkél Téater. Tugas Jeng Sito téh nyaéta ngahuapan jeung ngamandian opat putra Rendra-Sunarti. Ari saterusna, Rendra dibarengan ku Sunarti ujug-ujug ngalamar Sito pikeun jadi pamajikanna anu kadua,sarta Sito narima.
Tapi bapana Sito henteu ngidinan budakna anu ngagem Islam dikawin ku urang Katolik. Tapi hal éta lain halangan rongkah pikeun Réndra, anu kungsi nulis litani jeung mazmur, sarta kungsi merankeun tokoh Yésus Kristus dina lakon drama “Penyaliban Cinta Dalam Luka”. Réndra ngucapkeun dua kalimah syahadat dina poé pertikahanna jeung Sito, 12 Agustus 1970, kalayan siasaksian ku Taufiq Ismail jeung Ajip Rosidi. Sanggeus asup Islam, ngaranna jadi Wahyu Sulaéman Réndra.
Ti Sitoresmi, Réndra dikaruniaan opat putra, dianbtarana Yonas Salya, Sarah Drupadi, Naomi Srikandi, jeung Rachel Saraswati. Saterusna, Réndra nikah katilu kalian jeung Ken Zuraida, kalayan boga dua budak: Isaias Sadewa jeung Maryam Supraba. Teu lila sabada pertikahanna jeung Ken Zuraida, Rendra pipirakan jeung Sitoresmi dina taun 1979, sarta pipirakan ogé jeung Sunarti dina taun 1981.***
WS. Rendra (kanan) dan Dhipa Galuh Purba (kiri), di Gedung Kesenian Sunan Ambu, STSI Bandung, tahun 1998 |
Komentar