Zarkasih sarimbit (Foto: Dhipa Galuh Purba) |
Catetan DHIPA GALUH PURBA
(Taun 2006)
ARI dileukeunan kalayan soson-soson tur daria mah, usaha nanaon baé ogé moal burung pinanggih jeung kasuksésan. Keuna kana piwejang para sepuh anus sok nyebutkeun: lamun keyeng tangtu bakal pareng, sakaligus aya paribasa: cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok.
Saperti lalampahan Zarkasih dina ngambah usaha dina widang tahu, ti mimiti ider-ideran ngeusian tahu ka warung-warung tug nepi ka kiwari geus boga pabrik tahu sorangan, anu katelah “Sari Kedelai”.
Éta lalampahan Zarkasih téh tangtu baé dibarung ku pait-paheur, henteu ujug-ujug suksés saperti kiwari. Nyaritakeun perkara tahu, tangtu pikiran urang bakal dibawa nyaba ka Sumedang. Lantaran Sumedang kakoncara ku produk tahu.
Zarkasih, lahir di Sumedang. 13 Méi 1968, di lingkungan kulawarga anu pacabakanana ngokolakeun tahu. Ku ayana kitu, ti bubudak ogé Zarkasih geus mikawanoh kana unak-anik tahu. Lantaran pagilinggisik sapopoé jeung perkara tahu, ngalantarankeun kahudangna rasa kataji Zarkasih kana tahu. Malah ti kelas lima SD ogé, Zarkasih geus bias ngabantuan kolotna. Harita Zarkasih nyuprih pangarti di SDN Tegalkalong 1 Sumedang.
Lain sakadar bunta-bantu ngolah tahu, Zarkasih ogé mibanda patékadan hayang milu masarkeun tahu. Pangna kitu, Zarkasih mibanda kayakinan yén maju atawa mundurna usaha mah kacida ditangtukeun ku pasar.
Éta patékadan téh henteu saukur diguratkeun dina kereteg haté, da bari dibuktikeun. Sabada Zarkasih ngaréngsékeun sakolana di SMPN 3 Sumedang jeung SMA Petang Sumedang, Zarkasih nuluykeun kuliah ka Jurusan Pertanian Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung.
Nya, dina mangsa kuliah, Zarkasih mimiti ngiderkeun tahu ka warung-warung jeung kantin di sawatara kampus. Puguh baé jajauheun ngagugu kangaranan “géngsi’, pédah kasebutna mahasiswa. Batan géngsi mah, kalah ngarasa reueus tur sugema bisa ngajalankeun amanat ramana.
“Basa nuju jumeneng kénéh, pun bapa téh sering amanat ka abdi, yén abdi kedah tiasa dagang sareng tatanén…” Zarkasih ngumbar panineungan. Mémang kitu amanatna, henteu nitah Zarkasih jadi PNS atawa digawé di kantor anu, éstuning pilihanana téh tatanén atawa dagang.
“Pun bapa ogé sering mekelan abdi ku rupaning papatah, utamina ngeunaan falsafah balong…” saur Zarkasih bari ngadadarkeun yén anu dimaksad falsafah balong téh nyaéta upama cai anu dikocorkeun ka balong sagedé curuk, poma ka laurna ulah sagedé curuk deui, tapi sakurang-kurangna sagedé cingir.
Komo upama anu ngocorna kalah sagedé jempol mah, palangsiang caina saat jeung laukna ogé pararaéh. Mémang ramana henteu miwarang dagang tahu, tapi apan Zarkasih tos weruh kana unak-anik tahu, ladang atikan ti bubudak. Antukna Zarkasih ogé milu ngamumulé pakasaban warisan ti rama. Lanceukna ngokolakeun pabrik tahu, Zarkasih milu masarkeun. Malah lalampahan ngalebetan tahu ka warung-warung téh kaitung panjang.
“Basa nuju masarkeun tahu, kantos gaduh anak buah tur dipasihan pasilitas sapédah. Hanjakal aya di antarana anu henteu jujur…” kitu ceuk Zarkasih bari tuluy nyaritakeun pagawéna anu mawa kabur setoran jeung sapédah. Kilang kitu, Zarkasih henteu undur sasiku ngejat satunjang béas ku ayana dodoja siga kitu.
Malah leuwih sumanget ngalegaan pasar. Lain baé di kantin-kantin sabudeureun Unpad, tapi bisa ngaranjah kantin STPDN (Sekolah Tinggi Pendidikan Dalam Negeri). Malah di STPDN mah, tahu Zarkasih dijamin laris. Pangna kitu, tahu Zarkasih jadi salahsahij menu katuangan anu diajangkeunkeur para mahasiswa STPDN. Tina ladang angkaag-ingkig masarkeun tahu, Zarkasih ngabiayaan kuliahna tug nepi ka réngsé taun 1992.
Sabada nyangking gelar insinyur pertanian, Zarkasih digawé di salahsaihiji pausahaan swasta. Sajeroning kitu, ari masarkeun tahu mah henteu eureun, da boga anak buah téa. Jadi, mancén di kantor jalan, dagang tahu ogé jalan. Kaayaan siga kitu téh henteu lila. Lantaran pikiranna manteng baé kana tahu, anu antukna Zarkasih milih eureun digawé, sabab hayang mokus kana tahu.
Écésna bulan Oktober 1994, Zarkasih ngalalanyahan nyieun pabrik tahu di wewengkon Jatinangor. Puguh baé henteu langsung suksés, da loba nyorang lalampahan pait peuheur. Malah kakara nincak sataun, Zarkasih mimiti kagémbang deui ku ngantor. Antukna, Zarkasih ider-ideran ngalamar gawé.
Sanajan lamaran gawé mah taya nu nyanggut, tapi hikmah anu kacida gedé. Sakali mangsa, basa Zarkasih nuju kukurilingan ngalamar pagawéan, tepung jeung Iis Asyiah, mahasiswi STKS Bandung. Tina wawanohan, saterusna katarik ati kapentang asmara, tug dugi ka pasini jangji, unggah ka balé nyungcung.
Sabada nikah, Zarkasih milih neuleuman usaha tahu kalayan leuwih daria. Ku ayana keyeng, pinuh sumanget, antukna usaha Zarkasih mimiti menyat. “Alhamdulillah, nembé dua taun ogé, tos tiasa gaduh tempat icalan di sisi jalan.” Kitu saur Zarkasih. Tina rarabi sareng Iis, kiwari Zarkasih tos dipaparin putra: Juniar Rizatama, Rinjani Dwi Utami, sareng Mauli Hasna Nurani.
Mimitina mah Zarkasih boga anggapan yén anu balanja tahu téh ukur pasésaan ti Sumedang. Tapi beuki dieu, Zarkasih mingkin yakin, dagang tahu di Jatinangor ogé seueur kauntunganana. Contona upama hayang nyandak tahu haneut ka Bandung, apan mending kénéh ngagaleuhna ti Jatinangor. Ari mésér di Sumedang mah bilih kabujeng tiis.
Iwal ti éta, Zarkasih ogé nyiar tarékah anu nyata, ku jalan ngical tahu ka PKL (Pedagang Kaki Lima) kalayan harga murah. Kauntunganana, tahu Zarkasih bakal leuwih dipikawanoh ku masarakat. “Dina ha lieu, kualitas tahu diutamikeun pisan, supados kaanggo ku létah masarakat,” kitu cenah. Perkara anu mangaruhan kana kualitas tahu diantarana cai, SDM, bahan baku, jeung kaberesihan. Dina hal ngokolakeun tahu, Zarkasih mah teu aya rasiah-rasiah, henteu pedit ku élmu. Mindeng pisan ngayakeun pelatihan, utamana ka masarakat anu kataji pikeun usaha ngolah tahu.
Dina kaayaan riweuh ngokolakeun pabrik tahu, Zarkasih henteu kaleungitan sumanget pikeun nyiar
pangaweruh. Kabuktian, dina taun 2004, Zarkasih ogé bisa ngaréngsékeun S-2 di MAPD STPDN. Teu anéh upama Zarkasih ogé mancén di STPDN. Kungsi jadi pelaksana budi daya, lajeng bagéan pengasuhan, tug dugi ngalatih jeung ditugaskeun di Koprasi STPDN.
Sanajan dina sapopoéna pagawé Zarkasih ditinggalkeun ngantor, tapi ieu putra bungsu ti tujuh sadulur téh henteu ngarasa melang. “Ah, tos percanten abdi mah. Katambih manajemén tahu mah da basajan atuh. Saloyangna 120 keureut. Jadi, lamun ngadamel 100 loyang, kedah jadi 1200 keureut. Tinggal dikalikeun sabaraha hargana....” kitu ceuk Zarkasih.***
Komentar