Dangding Dhipa Galuh Purba
Sauyunan Gotong Royong
(Pupuh Pucung)
Réa batur tangtu bakal loba dulur
hirup sauyunan
Babarengan saban poé
Sapapait samamanis sauyunan
Sanggeus hirup réa batur réa dulur
jauh ti kasusah
Sabab loba nu sahaté
Susah senang disorang sabilulungan
Batur susah gancang singkil silih bantu
Sina jadi bagja
Omat ulah haré-haré
Sauyunan ngabantu nu keur tunggara
Lamun runtah patulayah unggal juru
Geuwat beresihan
Ulah nepi ka talangké
Gotong royong téh ngaraksa pakumbuhan
Piwuruk ti sepuh sareng ibu (bapa) guru
Gugu sing daria
Tuluy tuhu dipigawé
Ngarah urang pinanggih jeung kabagjaan
Hirup Akur
(Pupuh Pucung)
Ari jadi jalma kudu réa batur
keur hirup di dunya
Ulah hésé barang béré
Silih asuh, silih asih, silih asah
Jeung sasama kudu akur saban waktu
Tong papaséaan
Dipahing silih jejeléh
Sangkan jeung baraya taya pacéngkadan
Hirup kudu silih tulung ka nu butuh
Nalang ka nu susah
Dibarung beresih haté
Ka baraya nulung pinuh kaihlasan
Kudu akur boh jeung dulur boh jeung batur
Ku silih ajénan
Leungit dulur masing hésé
Sabalikna nambah baraya sing gampang
Lamun urang nyorang dihina ku batur
Tong malik ngahina
urang kudu hadé haté
Pasrah sumerah sanggakeun ka Pangéran
Mangsa urang hirup akur reujeung dulur
Taya pacéngkadan
Teu talangké silih béré
Bari mundut ukur ridona Pangéran
Miara Tutuwuhan
(Pupuh Kinanti)
Di buruan liuh linduh
Angin tingtrim ngadalingding
Nebak kana kekembangan
Kembang eros jeung malati
Unggal poé dicéboran
Matak resep nu ningali
Taneuh buruan téh subur
Melak tangkal jararadi
Itu geura tangkal sirsak
Buahna meni aramis
Daunna dipaké ubar
Mungguhing damelan Gusti
Miara Ingon-ingon
(Pupuh Kinanti)
Bapa ngukut domba jalu
Reujeung embé bikang hiji
Di pipir nyieun kandangna
Dihateupanna ku eurih
Tara kaliwat maraban
Siap jukut meunang ngarit
Bapa ogé siap huut
Dicampuranna ku cai
Diajangkeun parab hayam
Sami kandangna di pipir
Hayam jago hayam bikang
Dipiara nu tarapti
Éndah Pisan
(Pupuh Asmarandana)
Éndah pisan Kawah Putih
Duh Basisir Pangandaran
Mani bruh-bréh Gunung Gedé
Matak betah Ranca Upas
Matak waas Cipanas
Ras émut Situ Panjalu
Alam éndah nagri urang
Cita-cita
(Pupuh Balakbak)
Ti bubudak kudu boga cita-cita... a ayé
Jadi pilot jadi mentri jadi kuwu.... o oyé
Sing daria.... sing daria diajar ulah kalékéd... yés yés yés
Numpak Délman
(Pupuh Balakbak)
Délman maju diklaksonan mobil motor, garandéng
Di setopan loba anu ngahariring, ngaramén
Kuda lumpat bangun hampang najan panumpang limaan, baregéng
Aya ogé tukang dagang nu ngajajar, maréjéng
Nanawarkeun dagangan ka nu ngaliwat, cangkaléng
Tukang wayang gé nawarkeun tokoh wayang irung panjang, Si Garéng
Sabilulungan
(Pupuh Asmarandana)
Aya sobat urang Bugis
Aya balad urang Batak
Jeung babaturan ti Acéh
Jawa Dayak Tionghoa
Jawa jeung sajabana
Sabilulungan ngarumpul
Jadi dulur nu sabangsa
Ceurik Palestina
(Pupuh Kinanti)
Deudeuh teuing dulur-dulur
Itu mani tingjarerit
Barudak di Palestina
Dirurug tur dibombardir
Ku senjata nu rohaka
Matak kingkin nu ningali
Kembang di Cihideung
(Pupuh Sinom)
Di Cihideung seueur kembang
Rupi-rupi narik ati
Katingalna mani éndah
Komo eros jeung malati
Seungitna ngadalingding
Mawa tuus kana kalbu
Mawa hégar kana rasa
Éstu asa tiis tingtrim
Bungah pisan di Cihideung matak beutah
Ngangon Munding
(Pupuh Maskumambang)
resep pisan ningali nu ngangon munding
natrat suka bungah
najan bari guyang leutak
di sampalan anu éndah
budak angon mundut widi ka Pa Tani
hayang bari numpak
kana tonggong munding bikang
badé bari kakawihan
budak angon diuk dina tonggong munding
kacida gumbira
Tuluy munding diusapan
Binarung rasa kanyaah
réngsé ngawih budak angon tuluy nyuling
ngagelik sorana
matak genah kapirengna
tiis tingtrim paripurna
budak angon tara kingkin melas-melis
komo ngarasula
tuhu ka indung bapa
ngangon binarung tawekal
Lain saomong-omongna
(Pupuh Dangdanggula)
Sing aringet ulah salah harti
Ngomongkeun batur téh penting pisan
Ngomong-ngomong tong polontong
Kabéh ngomongkeun batur
Keur muru hirup nu walagri
Diajar ngalalampah
Napak hirup batur
Maca kana pangalaman
Léngkah nu hadé keur picontoeun diri
Nu goréng mah singkahan
Mama Haji gé ngomongkeun nabi
Pa Guru gé ngomongkeun pahlawan
Da puguh kudu diconto
Najan ngomongkeun batur
Nepi ka nu murtad kasabit
Jeung nu kungsi baruntak
Teu meunang diturut
Tétéla ning beuki natrat
Nu ulah mah geureuhan jeung sirik pidik
Ngarah, ngarinah, mitnah
Sekar Tandak:
Mulung runtah dina lanté
Dipiceun mah ka jarian
Nyonto lampah anu hade
Nu goréng mah disingkahan
Kahayang sagala ngeunah
Bru di juru, bro di panto
Ngarah ngarinah jeung mitnah
Ukur gawé jalma gélo
Ranggon Panyileukan, 1424 H
Komentar