Carita Pondok: Tigin di Sasak Caringin



Carpon NURNA LARASMANA


25 Séptémber 2001:Aya rasa kaduhung anu nyaliara kana jeroning ati. Dipikiran deui kalayan teleb. Weléh, teu kaharti. Naha atuh maké jeung luluasan megatkeun simpay asih nu kebek ku kanyaah jeung kadeudeuh? Enya, naha? Abong kaduhung mah (mémang) tara tiheula. Abong gogoda jeung dodoja mah, teu weléh ngukuntit saban léngkah nu keur disorang. Abong-abong; jodo, pati, bagja, jeung cilaka, manusa mah da teu miboga.

*

25 Séptémber 2002:
Kalangkang Niar mingkin minuhan kongkolak panon hatĂ©. Mawa nyawang deui ka mangsa-mangsa anu pinuh kaĂ©ndahan. Guley dina carita katresna,  awor na jatining asih.  Harita, basa keur silih ranggeum rĂ©ma, nyorang gurilapna harepan; dipirig kacapi pamatri ati, dibeungkeut rumpaka pamageuh rasa.

**

"AKANG, naha akang téga ngantunkeun abdi?" masih kénéh nongtoréng dina dua cepil. Kituna téh bari ngarangkul mani tipepereket. Cipanonna ngalémbéréh, maseuhan kerah baju.

"Hampura Niar, lain akang teu nyaah. Tapi da ieu tĂ©h hiji-hijina jalan keur urang. Ngarah urang bisa ngalalanyahan deui kahirupan anyar, bari aya dina jalan anu bener. Meungpeung Niar ngora kĂ©nĂ©h.  Masih boga kasempetan keur nĂ©angan lalaki anu sagalana leuwih ti akang,"  kitu kecap anu kedal tĂ©h.

Sasak awi lembur Caringin nu harita natrat ngagurat misahkeun léngkah-léngkah dina enggoning nyorang lalakon, mapag mangsa nyorangan. Asa bangga ngabédakeun gupay manéhna, antara ngajurung jeung ngahulag. Sabab cimata nu reumbay maseuhan pipi, geus teu metu ngahalangan hiji paniatan. Bongan, cimatana bet dilatih nyandiwara. Anu antukna, antara kingkin jeung munapék méh taya bédana. Cimata jeung gupay, boa satata mangrupa sandiwara.

“Pileuleuyan, Niar… hampura sagala kasalahan akang…” kilang kitu, teu welĂ©h aya gerents hatĂ© nu dilimpudan tunggara. MĂ©mang, papisah tĂ©h geus jadi hukum tina patepung. Tapi… papisah jeung manĂ©hna tacan manjing kana mangsa nu ilahar. Papisah alatan teu wasa nandangan kasusah. Cirining hĂ©ngkĂ©rna dua jiwa nu henteu manggapulia nganghareupan dodoja. Kadeudeuh leyur jeung raheut nu mingkin ngandelan tur ngarumeukan satungkebing rasa.

Niar ngajajap nepi ka tungtung sasak Caringin. Sanggeus kitu, Niar malikeun awakna, terus lumpat bari nginghak. Niar teu nyahoeun lamun ieu leungeun ngagupayan. Ngageroan éstuning lain nyandiwara. Tapi teuing kumaha biwir teu wasa nyarita. Ukur haté nu ramé, silih témpas antara nu nyaram jeung nu nitah nuluykeun léngkah.

“Naha urang bet kudu papisah, Niar? Kapan urang geus nguntuy harepan tur cita-cita pikeun babarengan sapanjang mangsa?” masih di tungtung sasak, ngarandeg, asa wegah nuluykeun lalampahan. Hayang mulang deui. Mupus gudawang hatĂ© tur m]nta dipĂ©pĂ©ndĂ© ku usap asih manĂ©hna nu teu welĂ©h ngĂ©lĂ©tĂ©k sĂ©sĂ©lĂ©kĂ©t kana sĂ©la-sĂ©la hatĂ© nu kungsi maskĂ©t. Mana gupay Niar nu ngahulag lalampahan sakaparan-paran? Beu, geus ilang sakolĂ©batan.

“Niaaar…! Niaaarrr!” kunaon cepilna geus henteu ngadĂ©ngĂ© sora nu peura, balas jojorowokan nyambat ngaranna. Sapasang mata panon ukur nyaksian kalangkang niar anu keur mintonkeun tari merak. Aya imut nu natrat. Aya dilak nu natrat. Jeung aya panon nu seukeut lir hayang nyasaak sakujur awak. TĂ©tĂ©la, basa di tungtung sasak tĂ©h, lain gupay panghulag, da Ă©stuning gupay pangjajap. Sigana.

SalĂ©ngkah, dua lĂ©ngkah. Ngarandeg deui. Ngalieuk ka lebah sasak, nyawang Niar nu lumpat bari nginghak mapay sasak. Kahayang tĂ©h Niar malik deui, ngudag bari nyambat ngaran, tuluy ngajak nuluykeun lalampahan. Tapi… geus taya Niar di tungtung sasak.

Talatah. Enya, antukna talatah ka saban nu kasawang. Asa geus weudeu talatah ka angin, mĂ©nta pangampura tur ngajak deui nuluykeun lĂ©ngkah. Hanjakal, bet tĂ©ga mungkas carita. “Niar, na teu ngarasakeun ieu kasono nu ngamuk dina satungkebing dada?” Éta talatah anu ditepikeun ka layung, samĂ©mĂ©h nuluykeun lalampahan sakaparan-paran.

SalĂ©ngkah deui, dua lĂ©ngkah deui. Reg ngarandeg deui. RĂ©t ka lebah sasak. Naha jadi poĂ©k mongklĂ©ng buta rata? Peteng nyimbutan alam. Tong boro aya Niar di tungtung sasak. Tapi… hawar-hawar kadĂ©ngĂ© sora tutunggulan. KolĂ©bat na kongkolak mata panon jeung mata hatĂ©: Niar ngalanggĂ©or dikabaya sing sarwa bodas tur untunan buuk nu diadumanis jeung kembang malati.

“Anjeun tĂ©ga geuning, Niar. Tapi Ă©ta mĂ©mang hak anjeun salaku wanoja nu geus leupas tina carita lawas. Bral, muga kabagjaan marengan anjeun. Muga kabagjaan kasorang ku anjeun. Muga naon rupa nu teu nyampak dina ieu diri, bisa aya dina diri manĂ©hna…” najan hatĂ© ihlas ngajajap du’a, tapi cimata nu tara latihan nyandiwara bet tuturubun tina juru mata, mapay kana pipi nu baheula mindeng diusapan ku manĂ©hna.

SalĂ©ngkah deui, dua lĂ©ngkah deui. Gebeg. Asa kakara Ă©ling tina ngimpi. Naha enya tĂ©ga mungkas carita jeung Niar? Lamun enya, heug naha? Naha jeung naha ngalimpudan sagara rasa. Asa cangcaya papisah jeung manĂ©hna, sabada tujuh taun babarengan nyorang pirang-pirang perkara, boh kabagjaan pon kitu deui katunggaraan. “Niaaar…! Anjeun kudu mulang deui!” teu kawawa, teu katahan, bet nyelengkeung kalayan nimbulkeun sora nu tangtu kacida harus.

Niar ngarĂ©njag. Tapi ngan sakedapan. Saterusna Niar ngabalieur tur leungit tina paneuteup. Niar talatah ka bulan, “Lantaran ayeuna geus lain-lainna deui, mangka anjeun henteu perelu nĂ©mbongan, komo ngarĂ©wong ieu lalakon. HadĂ©na anjeun lunta sing jauh, teu kudu ngalieuk deui kana carita anu kungsi disorang ku urang.” Kitu ceuk Niar, basa bulan medar kecap-kecapna.

Geus écés lamun kitu mah, Niar kudu dipupus tina sakur saluran rasa jeung jiwa. Hanjakal pisan, cinta téh ukur samet nyimpang sakedapan. Padahal, talatah-talatah ka angin, panonpoé, béntang, layung, balébat, geus leuwih ti pépéling yén mungkas carita téh taya gunana.

Sabab kamelang moal welĂ©h aya, lantaran kanyaah nu geus kapalang ngalimpudan rasa. Pipisahan tĂ©h salah. Sabab ukur nundung kaduhung sababaraha waktu. Mangsa datang deui, kaduhung nu teu manggih tungtung bakal ngagantung jiwa, ngagantung rasa, ngagantung sagalana. Tapi… kapan manĂ©hna anu geus mungkas. Niar anu geus nutup sakur lawang kahĂ©man.

**


“Ayeuna mah sasak Caringin nu kapungkur tĂ©h tos teu aya…” ceuk Niar bari ngalĂ©ngkah ka lebah jandĂ©la, malĂ©dogkeun paneuteup ka jauhna.


“Kumaha atuh? Mangkaning sasak Ă©ta hiji-hijina jalan nu nyambungkeun Caringin ka Situbatu…” tanya tĂ©h bari angger merhatikeun Niar, anu geus 11 tahun henteu kungsi tepung.


“Kapan ayeuna mah tos diaspal. Bilih akang badĂ© nyandak mobil ka Caringin ogĂ©, kantun mĂ©ngkol ti Situbatu, teu kedah muter ka Citatah. Tos saĂ© ayeuna mah jalan tĂ©h…” pokna deui. Enya, tapi rĂ©k naon ka Caringin? Kapan ayeuna mah Niar geus lain-lainna deui.

“Niar, hanjakal pisan anjeun tĂ©h bet sulaya. Coba mun baheula anjeun sabar nganti akang…”

“Dangukeun heula geuranan… ulah sok ngalepatkeun heula…” Niar nĂ©mpas. Narik napas sakedapan, tuluy neruskeun deui caritaanna, “Upami teu nyaah ka sepuh, tangtos abdi moal kersa ditikahkeun. Tapi, akang kedah ngartos situasi harita. Abdi kasiksa, Kang. Numawi abdi nyoba ngabangbalĂ©rkeun kana rupaning kagiatan.

Abdi nĂ©kad kuliah di Banjarsari tug dugi ka lulusna. Saatos lulus, abdi langsung ngajar di SD. Abdi hoyong ngabdi, muga aya mangpaatna kanggo balarĂ©a. Abdi tos gagal dina hiji hal, tapi dina hal sanĂ©s, muga abdi aya mangpaatna kanggo jalmi sanĂ©s,”

“Akang bungah pisan, Niar. Akang bungah kabina-bina ningali anjeun geus jadi guru,” ukur kitu nu bisa kedal tĂ©h.

“Teras?”

“Nyaaa... naon deui atuh? Akang ngan milu bungah...”

“Mung sakitu?”

“MĂ©mangna naon deui? Naon kahayang anjeun tĂ©h?”

“Abdi... abdi... hoyong ngahiji deui, Kang...” karĂ©rĂ©t aya nu nyurucud tina juru panonna. Ah, tangtu ayeuna mah lain cimata sandiwara.

“Niar... kaayaanna ayeuna geus bĂ©da. Akang geus boga kulawarga, pon kitu deui anjeun. Malah anjeun geus boga budak. Mending ayeuna mah urang babarayaan, silih duákeun muga urang pada-pada manggih kabagjaan...”

“Tapi abdi ngan deudeuh ka akang. Teu aya deui nu dipicinta, iwal ti akang...”

“Taya salahna, Niar. Micinta jeung mikadeudeuh mah hakna saban jalma. Tapi dina kaayaan ayeuna, tangtu urang apal kana watesna jeung kumaha cara ngadalikeunana.

Komo deui anjeun guru, akang ogĂ© sarua guru, kudu mĂ©rĂ© conto hadĂ© ka masarakat. Upama aya jodona mah, tangtu urang bakal ngahiji deui. Tapi ulah ngadu’a nu gorĂ©ng. Urang tetep kudu nĂ©angan jalan yang terbaik. Tangtu jalan terbaik keur sarĂ©rĂ©a, lain keur urang wungkul. Lebah dieu, urang ulah Ă©gois.”

“Terus, naon maksudna urang tepung di ieu hotĂ©l?” tanya Niar. Gebeg. Astaghfirulloh. Enya, naha bet ngajak tepung tĂ©h di hotĂ©l? RĂ©t kana panto. Ditulakan tatadi ogĂ©. MĂ©mang sadatangna ka Banjar tĂ©h tuluy ngaboking hotĂ©l pikeun tempat tepung jeung Niar. Sabab bieu tĂ©h bingung nĂ©angan tempat pikeun tepung.

 Geus 11 taun teu tepung, hayang wĂ© ngawangkong di tempat anu henteu rĂ©a gangguan. Teu, teu boga maksud nanaon. Kakara sadar, di kamar hotĂ©l ukur paduduaan jeung Niar, sanggeusna, sakali deui, 11 taun henteu kungsi patepung.

“Niar...” lalaunan nyebut ngaranna. Ras ka mangsa lawas. Moal ilang tina tungtung sawangan, basa Niar lumpat mapay sasak bari inghak-inghakan.***

Banjar, Maret 2009 



0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post