Kaya Gimana Sih Kawih Téh?

Catetan DHIPA GALUH PURBA
(Taun 2006)

ÉTA pananya téh diasongkeun ku hiji rumaja geulis rancunit anu kabeneran keur ngajanteng di peuntaseun panto gerbang Pendopo Walikota Bandung, Jl. Dalem Kaum 56, Bandung. Pananya éta ogé sakaligus mangrupa jawaban tina pananya nu nulis. Nu nanya kalah ditanya deui, tapi teu nanaon da ABG ieuh.

Nu nulis téh ukur nanya kieu: “De, mau nonton kawih?” bari nunjuk ka lebah Pendopo. Manéhna malik nanya bari malédogkeun paneuteupna ka Pendopo kalawan siga anu panasaran. Pantu gerbang Pendopo mémang ngeblak, tapi diténjo ti kajauhan  mah moal pati katara keur aya pagelaran kawih. Jaba taya spanduk atawa baligo anu eusina wawaran pagelaran anu keur lumangsung.

“Oh… lagu Sunda ya. Pingin sih nonton, tapi lain kali aja dech…” kitu pokna deui, sanggeus nu nulis méré gambaran sabéngbatan ngeunaan kawih. Mémang heunteu ngadadarkeun harti kawih sacara detil, atawa naon bédana kawih jeung pop Sunda, komo nyabit-nyabit tembang mah.

Tina sikep jeung caritaanana, manéhna semu kataji ku nu nulis, aéh… maksud téh kataji hayang lalajo pagelaran kawih. Komo deui sanggeus dibibita ku nataan anu ngawihna réa kaum rumaja anu sapantar jeung manéhna, jaba karasép deuih. Hayangeun lalajo lah tangtuna ogé, wani taruhan!

 Perkara teu bisa lalajo harita, tangtu kudu ngamaklum. Sabab bisa baé harita mah geus boga jangji anu kacida pentingna. Nu nulis mah geus sugema ku résponna ogé, sanajan kapopohokeun henteu kaburu wawanohan atawa tukeuran nomer handphone.

Harita téh mémang keur lumangsung acara silaturahmi antara pamaréntah kota (Pemkot), seniman kawih, jeung masarakat anu micinta kawih (16/12/06). Nurutkeun ketua panitia, Yoyo TSA, éta acara téh diajangkeun keur sing saha baé anu micinta seni kawih. Dina éta acara, direuah-reuah ku pintonan pupuh jeung kawih para siswa SD, SMP, SMA, katut umum. Malah pagelaran kawih katingalina siga jadi acara anu poko tibatan silaturahmi.

Panitia leuwih ngutamakeun pintonan para siswa. Saban siswa anu ngawih, dipeunteun ku déwan juri kalayan dipilih tilu juru kawih tina saban tingkatan. Anu kapilih jadi pinunjul dilélér piala, bingkisan, jeung sajumlah duit.

Tapi salila lumangsung pintonan kawih, teu kaciri aya juri anu meunteun. Cenah mah déwan jurina aya di antara nu lalajo. Tapi nepi ka réngséna acara, panitia henteu nyebutkeun saha-sahana anu meunteun, kalayan alesanana éta mah lain pasanggiri atawa saémbara. Lain pasanggiri cenah, tapi aya juara I, II, jeung III.

Acara silaturahmi di Pendopo mibanda tujuan pikeun nampung aspirasi para praktisi jeung masarakat nu micinta kawih. Tangtuna ogé enas-enasna pikeun silih tembrakeun pikiran dina raraga miara tur ngamekarkeun seni kawih.

Harita H. Dada Rosada, walikota Bandung, henteu bisa ngaluuhan éta acara lantaran aya kapentingan anu ngadadak. Padahal ti anggalna walikota kalintang ngarojong kana éta acara tur miharep sangkan bisa hadir. Kitu nurutkeun katerangan ti Yoyo TSA.


Salah sahiji siswa tingkat SMA keur ngawih. Éta acara silaturahmi tingkat Jawa Barat, ukur dihadiran ku sababaraha sakola ti kota jeung kabupatén Bandung alatan waktuna pagedrug jeung ujian


Keun perkara walikota, da puguh kudu dima’lum patali aya kaperluan anu leuwih penting tur henteu bisa ditinggalkeun. Anu leuwih matak hanjelu mah panitia kurang strategis nangtukeun waktu. Sabab, dina poé éta téh mareng pisan jeung mangsana ujian di sakola.

Kagiatan anu pamohalan ditinggalkeun ku siswa, kajaba aya kawijakan husus ti kepala sekolah. Anu antukna targét pikeun mintonkeun siswa ti sababaraha sakola di Jawa Barat henteu tinekanan. Contona tingkat SMA, ukur dihadiran ku siswa SMKN 10 Bandung jeung SMA Pasundan 1 Bandung.

Tingkat SD, dihadiran ku salapan sakola di kota jeung kabupatén Bandung. Demi tingkat SMP, dihadiran ku lima sakola kota jeung kabupatén Bandung. Pikeun ngawangun ré-generasi seni kawih, kagiatan saperti kitu téh kaitung penting pikeun digelar rada mindeng. Tapi isuk pagéto mah panitia kudu bisa ngararancang “hari H” kalawan ngéstokeun kalénder pendidikan.

Nano. S., kungsi ngedalkeun kahariwangna ngeunaan regenerasi praktisi kawih. Salah sahiji pasualan seni kawih nyaéta krisis kréator kawih Sunda pikeun barudak. Pasca Pa Mahyar jeung Mang Koko, ampir euweuh deui kréator anu merhatikeun kakawihan pikeun barudak (Seni Budaya/ Jan/ 06). Pasualan anu sarupa jeung dina pakumbuhan sastra Sunda, patali buku bacaeun barudak anu werit (bisa diilikan tina béjér pangajén hadiah sastra Samsudi).

Nano. S. sorangan ngaku yén manéhna ogé anteng teuing ngagarap lagu-lagu pikeun tingkat déwasa, boh dina wanda kawih atawa pop Sunda. Ku ayana kitu, kiwari Nano S keur neuleuman tur nyieun lagu barudak.

Iwal ti éta, Nano. S ogé kungsi nulis artikel anu judulna “Nyaliksik Pupuh jeung Lagu Barudak” (Koran Sunda/12/5/06). Nano nyawang yén lagu Sunda barudak téh minangka agénda penting anu kudu digarap leuwih daria. Pangna kitu, réa téma kawih-kawih sanggian Mang Koko anu geus henteu luyu deui jeung kaayaan jaman kiwari.

Puguh baé ngawangun regenerasi praktisi kawih minangka agénda anu penting, sarua pentingna jeung ngawangun regenerasi masarakat anu micinta seni kawih. Sabenerna énjoy pisan ghitu lho lalajo ABG anu ngawih ngahaleuangkeun sora halimpu.

Dina acara di Pendopo téa, méh sakur siswa tingkat SMA ngahaleuangkeun kawih sanggian Mang Koko, saperti Kembang Balébat, Samoja, Kembang Impian, Salempay Sutra, Lembur Kakasih, jsté. Ceuk sawangan nu nulis, basa harita para ABG keur ngawih, ih da meni pantes tur matak tibelat, henteu kaleungitan karumajaanana. Henteu aya kesan ngolot atawa ukur cocok pikeun manggung dina acara hajatan.

Pikeun ngawangun kacintaan masarakat kana seni kawih, mémang kudu dilalanyahan ti bubudak. Satuluyna naha kawih naon anu kiwari cocok pikeun diwanohkeun ka barudak TK atawa SD? Cocok anu dimaksud, hartina kawih téh dipikaresep ku barudak lain alatan dipaksa ku guruna.

Baheula, Mang Koko (1917-1985) nyiptakeun kawih pikeun barudak, sarta éta kawih téh ditarima tur dipikaresep ku barudak. Sabab, iwal ti ngeunah dikawihkeun, katambah téma kawihna ogé bisa ngindung ka waktu ngabapa ka jaman.

Malah teu cukup ku kitu, da aya tarékah anu soson-soson pikeun ngawanohkeun kawih ka barudak, contona ku ngagiatkeun roda organisasi “Yayasan Cangkurileung” (puseurna di wewengkon Jalan Jurang, kota Bandung, sarta cabang-cabangna sumebar di saban kabupatén). Kiwari ogé mémang “Yayasan Cangkurileung” masih kénéh aktif, tapi kagiatanana henteu ngagedur siga jaman Mang Koko. Siga aya jungkrang anu misahkeun antara kawih jeung barudak jaman ayeuna. Boa alatan sekertariat di Jalan Jungkrang… aéh Jalan Jurang ukur tinggal rangrang panyawangan?

Perkara anu henteu éléh pentingna nyaéta tarékah ngagarap publikasi anu kudu leuwih optimal. Siga acara di pendopo téa, tangtu kudu dipikiran yén masih kénéh loba masarakat anu asa-asa alatan éra (boa sieun kétang) pikeun unggah ka Pendopo lamun taya uleman.

Komo deui upama acarana diajangkeun keur seniman jeung masarakat nu micinta kawih, mangka nyebarkeun informasi téh minangka garapan anu penting kabina-bina. Kudu dibuka ruang salega-legana pikeun nepungkeun seni kawih jeung masarakat.

Béjana dina waktu anu moal lila deui, baris diadegkeun “Pangauban Kawih Sunda” pikeun ngawadahan para praktisi jeung masarakat nu micinta kawih. Tapi nurutkeun anu nulis mah asa moal pati éféktif, komo deui lamun waragadna ukur ngandelkeun pamaréntah.

Naha teu leuwih hadé lamun organisasi nu geus nyampak dihirup-huripkeun deui? Saperti ku cara pada ngarojong pikeun leuwih ngagiatkeun deui program “Yayasan Cangkurileung” atawa “Yayasan gentra Madya”, atawa yayasan naon baé anu geus natrat aya tapakna.***

Bandung, 2006



0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post