Sajak Sunda: Carita Kasucian



Dhipa Galuh Purba
CARITA KASUCIAN

Dina hiji kasucian Ă©ta
Bet katénjo sorot mata hurung ngempur
Getih euceuy, ngalémbéréh tina séla-séla biwir
Reup geuneuk, ray pias
Mana horéng, dedemit-dedemit tingterejel
Hayang leupas
Tina sengkeran tali pameungkeut raga

Teu bisa! Da dina mangsa kasucian, diborogod!
Tapi salaku dedemit, anjeun teu éléh géléng
Najan raga teu daya, teu upaya
Tapi jiwa mah bisa kakalayangan

Mending Panceg
Ngucapkeun: Allohu Akbar…!

Banjar, 25 Oktober 2004

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post