Ali Sadikin (kanan) dan Dhipa Galuh Purba (kiri), Foto: Lien NR |
Catetan DHIPA GALUH PURBA
MOAL bireuk deui ngadangu nami Ali Sadikin mah; Gubernur DKI Jakarta Raya (1966-1977), nu langkung dipikawanoh “Bang Ali”.
Najan sebutan “Bang” sasarina sok dipaké ku urang Batawi, tapi Bang Ali mah urang Sunda. Écésna urang Sumedang.
Nepi ka kiwari, Bang Ali masih ngarasa reueus jadi urang Sunda, sanaos sadidintenna matuh di Jakarta. Poé Kemis (21/7/2005), nepangan Bang Ali ka palinggihanana, di Jl. Borobudur No.2, Jakarta.
**
KRITIS jeung disiplin. Kecap éta nu sok dikantétkeun sareng nami Ali Sadikin atanapi bang Ali. Apan Bung Karno ogé kantos nyarios yén “Ali Sadikin orang keras kepala (kopping)”.
Tangtos heuras anu dimaksad téh sanés hartosna négatif, da puguh Bang Ali mah heuras sotéh dina merjoangkeun bebeneran anu luyu sareng kereteg sanubarina. Kacida loyogna, basa taun 1977, Ali Sadikin dilélér hadiah “Magsaysay” ti Philipina.
Nyabit nami Ali Sadikin, bakal émut ogé kana “Petisi 50”. Kumaha sasakala “Petisi 50” téh? Tangtosna ogé pada uninga.
Namung étang-étang ngémutan ka nu hilap sareng masihan terang ka nu teu acan uning, urang guar deui sabéngbatan ngeunaan “Petisi 50” téa.
Ari anu dimaksad “Petisi 50” téh taya sanés minangka puncak tina rempugan 50 jéndral, nu ngaraos prihatin ku ayana pidato Présidén Soeharto taun 1980, anu eusina semu ngandung “ancaman” ka sawatara perwira tinggi Angkatan Darat (AD).
Aya limapuluh urang nu néken “Pernyataan Keprihatinan” kana rupaning kabijakan Soeharto. Anu antukna katelah jadi “Petisi 50”.
“Petisi 50” saterusna nempatkeun diri jadi sabangsaning “oposisi” anu teu bosen-bosen nyieun “pernyataan” anu ngritik kana kawijakan Présidén Soeharto, anu dianggap méngpar tina UUD 1945 jeung ngarugikeun rahayat.
Tangtos kacida lumrahna upama pajoangan Ali Sadikin satékah polah dihalang-halang ku rézim orde baru. Pers ogé teu meunang ngamuat warta ngeunaan Ali Sadikin jeung naon baé anu patali sareng “Petisi 50”. Tug nepi ka runtagna rezim Soeharto, “Petisi 50” tetep panceg dina tangtunganana.
Basa ditepangan, Ali Sadikin masih tetep cangker tur tandes dina ngedalkeun pamadeganana. Numutkeun Bang Ali, kiwari urang Sunda beuki kadéséh ku urang deungeun.
Anu diuk dina korsi législatif, anu jadi pamingpin, arang pisan urang Sunda mah. Malah di lemah cai Sunda sorangan, urang Sunda mah kaéléhkeun ku sélér séjén. Kitu saur Bang Ali, kalawan gaduh harepan sangkan para nonoman Sunda hojah tur mibanda sumanget nu ngagedur.
Ali Sadikin ogé teu hilap, nyawang deui mangsa katukang, basa masih kénéh mingpin Jakarta Raya. Numutkeun Bang Ali, harita téh pajoanganana dirojong pisan ku Letjen Mashudi (alm) jeung sawatara nonoman ti ITB.
Bang Ali kacida reueusna, seueur nonoman percéka anu jol-na ti Tatar Sunda. Kumaha ari ayeuna? Asa beuki nyirorot baé kualitas para nonoman téh, saur Bang Ali.
Bang Ali nataan pausahaan sabangsaning pabrik-pabrik anu ngajajar sapanjang Jakarta-Bandung. Saur Bang Ali, éta téh lain bogana urang Sunda.
Ari Urang Sunda mah ukur jadi kuli, kaéléhkeun ku urang deungeun. Strategi “Jabotabék” anu dirancang ku Bang Ali téh, minangkana mah pikeun ngamajukeun urang Sunda, sangkan henteu kaéléhkeun ku urang Ibukota (Jakarta).
Cindekna mah urang Sunda kudu hojah! Kitu rupina anu dipiharep ku Bang Ali téh. Sanaos Bang Ali icikibung di Jakarta, tapi henteu ngarasa eureun jadi urang Sunda.
Kareueus sakaligus kamelangna ka lemah cai Sunda, tetep ngancik dina satungkebing atina. Ieu pajoang anu lahir di Sumedang, 7 Juli 1926, tétéla henteu mopohokeun ka bali geusan ngajadina.
Rupaning sawangan tur pikiran Ali Sadikin dina merjoangkeun rahayat, ébréh dina sawatara buku anu tos dipedalkeun ti béh ditu mula.
Saperti buku anu judulna “Bang Ali, Demi Jakarta; Auto Biografi (diserat ku Ramadhan KH, 1992), Tantangan Demokrasi (1995), Wartawan Bertanya, Bang Ali menjawab (1996).
Nilik kana lalakon dina widang atikanana, Ali Sadikin téh kapungkurna kantos sakola di HIS (1970), Mulo; Sekolah Tékhnik (1940-1953), Sekolah Pelayaran Tinggi (1943), KUTIP-KKO Angkatan 1 (1952), Sekolah Korps Marinir Amérika Serikat (USMC School) jeung Amphibious K.C. Belanda (1953-1954), SESKOAL Kahormatan (1970).
Sateuacan jeneng jadi gubernur DKI Jakarta Raya, Ali Sadikin kantos jadi Kastal “A” (OPS) Résimén Samudra (1948-1949), Komandan Séktor SWK.S-V Résimén Samudra (1949-1950), Wakil Komandan KKO-AL (1950-1954), Komandan PUSDIKKO ngarangkep jeung Komandan PASINKO Surabaya (1954-1959), tug dugi ka jadi Menko Perhubungan Laut ngarangkep Menko Maritim (1963-1966).
*
KALINTANG betah paguneman sareng Ali Sadikin téh. Henteu asa ngawangkong sareng Gubernur manten, da sikepna soméah tur reumbeuy ku sempal guyon. “Kamu ngerti perkataan saya?” saur Bang Ali, basa mungkas paguneman.
“Mengerti,” témbal téh.
Tapi Bang Ali naros deui langkung tandes, bari neunggeul loma, “Kamu ngerti apa tidak?” kitu cenah.
“Iya, mengerti…” témbal téh.
Ali Sadikin ngajajap dugi ka buruan, kalayan gugupay paturay. Sabéngbatan ogé kabaca, upama Bang Ali ngaraos bingah kaunggahan ku urang Sunda.
Mugia Bang Ali diperenahkeun di tempat mulya mungguhing Allah SWT, aamiin.***
Komentar