Carita Pondok - Patepung di Ciliwung



Carpon NURNA LARASMANA

SAPRAK paturay di sisi walungan Ciliwung. Taya deui laratanna. Kawas anu kabawa palid ku cai anu ngamalir. Padahal haté mah nyangsang kénéh dina akar-akar anu ngarandakah sisi walungan.

"Sataun deui, urang bakal patepung di dieu, di sisi walungan Ciliwung." Kitu ceuk manéhna. Saméméh lunta ninggalkeun kalakay sukma. Mileuleuyankeun haté anu gudawang. Ninggalkeun salaksa kamelang anu hamo bisa kaselang.

Kiwari lain geus sataun lilana kuring nganti di Ciliwung. Samalah geus aya kana lima taun. Manehna teu embol-embol baé. Kawas anu rék nyieun haté kuring beuki tagiwur. Hésé kabalur. Moal bisa lapur.

"Badé ka mana ?" aya anu nanya tukangeun kuring. Atuh buru-buru miceun sawangan anu kalah manjangan. Barang dilieuk, breh hiji mojang anu katelah bentangna Pasir Batang.

"Badé ka Ciliwung." Témbal téh heureut. Teu pati hayang lila dibawa nyarita.

"Badé ngarungrung rasa kabingung ?" tanyana deui. Kuring bingung. Naha maké jeung bisa ngararasakeun haté kuring sagala. Kawas anu apal baé. Kuring mah moal unggah balilahan. Bakal tetep nungguan manéhna di Ciliwung. Najan anu datang widadari ti langit, kuring moal kabandang. Komo saukur béntangna Pasir Batang.

"Permios, abdi badé ka Ciliwung." Kuring amitan bari ngaléos. Teu ngabohong kuring ogé, mémang rék ka Ciliwung deuih.

Anjog ka Ciliwung. Teu kadéngé sora séahna cai. Teu kareungeu aya sora manuk  anu sok patémbalan. Da puguh ieu mah jalan Ciliwung, hiji wewengkon anu aya di Bandung.

"Ciliwung nomer hiji ?" tanya supir taksi.

"Muhun." Témbal téh.

"Ieu tempatna, A" ceuk supir taksi bari ngeureunkeun mobil, palebah hareupeun wangunan imah agréng anu tohaga tur badag. Asa cangcaya lamun kurinmg diangkir ka éta imah. Bubuhan sasarina idek-liher di kontrakan.

"Badé nepangan saha ?" palebah lawang panto aya anu nanya. Kawasna tukang narima tamu.

"Bapa Didin." Tembal téh bari leungeun mani tipepereket nyepengan map.

"Perkawis naon nya ?"

"Padamelan."

"Kaleresan puguh nuju teu aya. Namung tadi téh tos titip saur ka sekertarisna. Mangga baé tepangan Ibu Dewi."

"Saha ?" kuring ngarénjag. Reuwas liwat saking.

"Ibu Déwi..." témbalna bari mencrong, semu anu hémeng.

"Déwi..." kuring ngagerendeng.

Lengkah suku kuring eureun hareupeun méja tulis anu pinuh ku buku.

"Dupi salira téh Ibu Déwi ?"

"Sumuhun. Mangga calik, abdi tos ngantosan ti tatadi."

"Lima taun kituh ?"

"Kah...? Lima taun naon ari ayi."

"Aéh hilap." Kuring kareuwasan. Bet teu bisa ngadalikeun ucapan. Naha bet asa ka Déwi anu jangji nungguan sisi Ciliwung.

Kawasna Déwi moal datang deui ka walungan Ciliwung. Tapi di Ciliwung bet aya Déwi séjén. Jeung rasa kuring ogé bet ngadadak robah. Maké jeung boga pangharepan anu anyar sagala. Sanajan aya Déwi anu nganti di Ciliwung, tapi lain hartina keur nganti gurat-gurat haté anu pangjerona. Aya kalana Déwi sok sarua jeung Déwi. Aya kalana Dewi téh tetep Déwi. Déwi béda jeung Déwi. Déwi tetep Déwi.***

Ciliwung, 2000

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post