Carpon - Mandahong Kahot - Pinunjul Harepan Hadiah Sastra Bujangga Maya 2008



Carpon ADITIA GUNAWAN

Pinunjul Harepan Hadiah Sastra Bujangga Maya 2008

Kieu ari digawé jadi wartawan mah, urang sabisa-bisa maok waktu atawa waktu urang nu dipaok. Kiwari karandapanana téh, meunang réspondén anu liatna audzubiullahimindzalik.

Geus mangbulan-bulan pihak rédaksi hayang ngawawancara anjeuna téh, meunangkeun warta nu pinasti matak geunjleung, ana pék karék diparengkeun ayeuna.

Heug téh kuring deuih nu kapapancénan, atuh mobok manggih gorowong manggih jalan komo meuntas.

Keur mah eukeur meunang hayang ngawawancara manéhna, turug-turug bonusna nu rada lumayan deuih da hasil wawancara téh bakal asup rubrik utama dina majalah Icikimpring, rubrik “mandahong kahot”.

Meunang alamat katut nomer kontakna ti dunungan. Teu talangké, laju ditelepon harita kénéh. Sakali, dua kali nada sambung kareungeu, diangkat… tuluy aya nu ngaharéwos: “Nuju ngawulang..” Tuuuut,, ditutup deui. Teu béakeun akal, di SMS waé: “Punten, abdi Danu ti Majalah Icikimpring, kinten2 irh gduh wktos kgo wa2ncara? htur nhn.” Dua jam ti harita kakara katarima jawaban ti anjeunna, singget pisan taya basa-basi; wngi tabuh 7 di rorompok.

Singget. Pondok. Béda jeung sajak-sajakna nu ngarambat panjang minuhan rubrik rédaksi, atawa novél-novélna nu nepi ka mangratus-ratus lambar, sumawonna buku-buku téori kénging anjeunna mah, kapan dugi ka sababaraha jilidna.

Ceuk pikir, ieu téh kasempetan, ulah teuing dimomorékeun. Inohong kawas anjeunna téh moal bireuk deui di sakuliah Indonesia mah, pangna di Jawa Barat, jeung Banten ogé. Sok dianggap sesepuh. Unggal piwejangna teu weléh jadi papagon balaréa, teu kolot teu budak, teu cacah teu ménak. Jiga ahli nujum, saucap nyata saciduh metu, weruh sadurung winarah, leuwih ngarti méméh nu hayang ngarti, kumaha nya, sed saeutik ti wali meureun lah.

Rerengkogan asalna mah paniatan téh, jeungna asa leutik haté sabenerna mah kuring ogé ari kudu nyanghareupan inohong kawas kitu mah, teu sababad élmuna, pacikrak ngalawan merak. Ngan bawaning kajurung ku tungtutan propési jeung porsi béas wé ieu mah, daék teu daék nya kudu daék.

Ngahaja indit ti kosan téh kira jam lima-an, naék angkot, bubuhan can bisa ngiridit motor kawas batur. Ti kosan ka bumina sang Mandahong téh sabenerna ngan satengah jam kana motor mah, ngan ku sabab kana angkot, kudu diitung ogé waktu ngetém, macét, jeung sapuratina wéh. Angkeuhan téh anjog satengah tujuh peuting, aya waktu satengah jam waé mah keur ngararancang piobroleun.

Ku macét, ban bitu, jeung lampu mérah, anjog téh jam satengah dalapan peuting. Rentang-rentang imahna katémbong, dideukeutan diluyukeun jeung alamat nu dibéré ti dunungan, geus panceg, moal nyalahan.

Ana rék keketrok, ngarengkog deui duméh asa dosa geus leuir, angot nu disanghareupan téh jalma penting, nu unggal peuting boga acara penting, nu teu narima batur ngobrol nu - ceuk ABG mah – ‘ga penting’. Ngan antukna mah diwani-wanikeun wé, kuma engké.

“Punten, Ki! Abdi ti majalah Icikimpring.” Ceuk kuring bari ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman.

“Mangga,Yi, tos diantos ti tatadi. Nembé kana angkot nya? Muhun saé..mending kitu… ulah kababawa ku sakaba-kaba ah, jiga ngiridit motor, ngarugikeun eta téh. Kajaba ti mahal téh, minuhan jalan teu puguh deuih.

Geuning éta rabulna motor téh jiga lélé endogan baé, teu kurang-kurang nu cilaka, acan polusi jeung pulisi, mending kajero Jang, wang ngobrolkeun puisi.” Bener, teu jauh tina sangkaan. Enya weruh sadurung winarahna téh, weruh di semuna, surti nu sunina. Anjeunna bisa ngarasakeun naon nu karandapan ku kuring.

Format wawancara nu geus diancokeun ti anggalna ngadadak bencar, cacak aya sapuluhna kurang leuwih patalékan anu rék ditaroskeun ka anjeunna téh, tapi geuning kalah kaburu kateguh nya pamaksudan, anjeuna mah bangun geus apal naon anu rék ditanyakeun. Sup ka imahna téh lain disuguhan cai, tapi disuguhan sajak.

“Tingali geura sajak aki!” pokna bari ngasongkeun kertas salambar.

Lembur Kapinis

bring saabringan kapinis/ nandonkeun lalakon muru kulon/ nutur-nutur srangéngé lingsir/ mangsa kalimah wanci kari titikna// ciduh kami geus teu metu/ campuh jeung bulu-bulu/ ucap kami geus teu nyata/ ukur aweuhan rohang tengah/ nu harelok jul-jol ti saban pongpok/ curuk-curuk patunjuk-tunjuk/ liang irung geus teu nyésakeun sayang/ pancakaki jeung kamalir lahan garapan/ “Cikahuripan!” nu kaweur pahibut// bring saabringan kapinis/ nyingkahan lembur nu kahuru// (2008)

Ku saliwatan mah moal kasurti eusi sajak téh.

“Aki geus apal maksud Ayi kadieu, tapi..ké..ké…. ayeuna mah aki rék nyaritakeun lalakon hirup aki wé, nya.” Sang Mandahong neuteup seukeut.

“Muhun, mangga.” Nempo teuteupanana nu seukeut badis lalancip kujang teu burung matak rentag, ngadégdég saawak-awak.

“Teuing taun sabaraha aki téh lahirna, ngan ngaran ti kolot mah Sunda. Jadi, sebut baé Aki téh Ki Sunda. Ti leuleutik aki mah béda jeung batur sapangulinan.

Baheula, basa sakola can rarenung kawas ayeuna, jeung kasempetan sakola keur jalma leutik téh hésé pisan, aki mah geus disakolakeun ku dunungan. Atuh reueus aki téh, sukur alhamdulillah bisa sakola, batur mah apan can karuhan.

Tamat nyuprih élmu téh meunang gelar siswa tuladan deuih. Nya berekah, disakolakeun deui tah ku Dalem téh ka sakola menengah, mun ayeuna mah SMP atawa SMA lah. Ti dinya aki bisa ngawasa opat basa, diantarana basa Inggeris, Latin, Walanda jeung Rusia.

Reueus pisan aki harita, da di urang harita mah can aya nu bisa. Ti dinya aki disakolakeun deui ka luar negri, meunang tilu taun boga gelar doktor, cum laude deuih. Ti dinya aki nyieun beungkeutan-beungkeutan keur nanjeurkeun bebeneran nu bener perkara kabudayaan urang, da éta atuh, réa nu maléngpar lah ngadéfinisikeun kabudayaan téh.”

“Punten, Ki, kinten-kinten…”

“Oh, perkara éta, kieu éta mah. Geus parna mémang geringna bangsa urang téh.” Édas étah,  manéhna geus apal deui waé naon nu rék ditanyakeun ku kuring. Satadina rék nanyakeun pamanggihna perkara kaayaan bangsa urang kiwari.

Pok Ki Sunda nyarita deui;

“Geus teu matak pikareueusen deui bangsa urang téh, rék ngareueuskeun naon deui coba? Dalah sakabéh banda jeung kabeungharan alam bangsa urang geus ditandonkeun ka bangsa deungeun. Naon bédana atuh jeung jaman baheula basa dijajah Walanda, Inggris, jeung Jepang?

Cik wé geura urang tataan nya… Tina cai wéh heula. Baheula mah yeuh, cai téh milik balaréa, teu kawas ayeuna, cai-cai waé kudu meuli. Tuluy taneuh, ayeuna mah taneuh saméter dua méter gé geus matak jadi bibit buit pacéngkadan.

Éta wé geura tatangga, ngawangun imah téh mani didémpétkeun jeung rorompok, atuh kamalir téh ninggang kana kenténg Aki pisan. Ceuk urang mah nya, sésakeun keur buruan, atawa keur kamalir, ulah ngaganggu deungeun-deungeun. Sirikna unggal jeungkal gé diitung.

Ana tanah jeungkalan jadi bibit buit pacéngkadan, sok komo meureun mun tanah héktaran nu dipaké lapangan golf, atawa dijieun kapling real estate. Ayeuna naon deui nu rék dipikareueus? Éta cenah tradisina, lah kabuktian loba nu dirampog, dangdut nu diagul-agul, kapan nu untungna mah nu nyieun organ, nyieun musik dina elektun. Bener pan, geus parna bangsa urang téh?”

“Saha tah Ki kira-kira nu tanggung jawabna?”

“Mmmhh…nu tanggung jawabna mah saha waé nu boga kasadaran!”

Trét sakabéh nu dicarioskeun ku anjeunna téh ditulis, diusahakeun euweuh nu kaliwat. Kamari-kamari gé di kantor rédaksi kungsi geunjleung pédah kasalahan rédaksi napelkeun poto inohong.

Kuduna nu napel dina kolom téh inohong sajarah, da nu dibahas dina artikelna téh inohong sajarah. Tapi tayohna rédaksi teu apaleun, néangan potrétna dina google, bréh témbong nu sarua ngaranna, nya ditapelkeun.

 Ari pék nyalahan, da nu napel téh lain inohong sajarah, tapi…artis sinétron. Atuh budayawan nu nulis artikel téh beureum beungeut.

Ku geunjleung-geunjleungna rédaktur harita, nepi ka aya surat pembaca ti budayawan sénior Bah Ihung nu murang-maring kana tulisan nu salah téa, pajar cenah wartawan nu teu apal potrét tokoh sajarah téh sarua jeung nu maling hayam di lembur batur alias nyieun kasalahan nu teu perlu.

Tah, alatan sieun kajadian deui, nya alat tulis, alat rékam, kumplit jeung kaméra téh diberengkes ti barang indit, piparantieun.

Ti dinya simpé sajongjongan, rék pok, si Aki kaburu miheulaan.

“Éh, Aki boga carita ngeunaan ripuhna rahayat bangsa urang téh, ieu mah kisah nyata, kaalaman ku Aki pisan. Harita téh aki nganteurkeun incu Aki anu gering tipes.

Aki téh ménta ka bagian administrasi hayang diperenahkeun di kamar VIP. Na pikiran Aki harita, ari di kamar VIP mah budak téh sugan leuwih gancang cageurna, leuwih tenang saréna. Kabeneran harita kamar VIP téh pinuh, nya kapaksa diperenahkeun di kelas dua, di ruang Anggur, ruang husus keur budak.

Ambuing, karék apal Aki mah kumaha rasana boga incu diperenahkeun di kelas dua. Sakamar téh dieusian ku opat pasén Jang. Unggal pasén dijagaan ku saurang, biasana mah ku indungna. Apal kumaha meureun ari ibu-ibu mah, der rarécok ngomongkeun itu ieu, leuheung basa ukur haharéwosan da ieu mah ting cowowong baé, haré-haré di sisi di gigir budak keur humaregung ogé. Atuh incu aki téh hésé reupna.

Ieu deuih Jang, nu matak ngenes mah, tina obrolan nu kapireng ku Aki, nu hiji nyaritakeun budakna téh bulak-balik waé ka rumah sakit, nu hijina nyaritakeun béak keur berobat sakitu jutaeun, nu matak ngageri mah éta aya budak nu nepi ka hayang dirawat di rumah sakit duméh kabita ku babaturanana nu keur dirawat. Jadi kareueus ayeuna mah budak gering téh. Tuh, kabayang pan, kumaha ripuhna bangsa urang?”

“Pami perkawis éta kira-kira saha Ki nu tanggung jawabna?”

“Mmmmhh… Nya éta ogé balik deui kana kasadaran urang!”

Teu tutas balagonjangan téh, da kapegat ku budak lalaki umur satepak nu rarayna nyeplés Ki Sunda jol nyampeurkeun.

“Opa, péngén kukudaan ih!” Budak téh pok nyarita.

“Ke heula, nya. Kieu ari boga incu téh, sakapeung mah sok matak kesel. Tapi da kumaha….nyaah!” Ceuk Ki Sunda daria, sorana semu peura, bari tuluy nedunan kahayang incuna.

Ieu téh wawancara munggaran kuring jeung inohong kahot, mandahong weruh sadurung winarah. Tétéla loba hikmahna geuning. Kareueus anjeunna jadi kareueus kuring ogé, tapi bangunna incuna mah teu ngartieun, sumawonna ngiring reueus mah, da ayeuna ogé katangén nuju anteng kukudaan bari ngeplokan bujur Aki.

Jeungna deuih ningali polah incu jeung aki téh bet aya nu ngelemeng dina pikir. Enya, perkara tanggung jawab, incu nu nanggung, aki mah cukup ngajawab.***



0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post