Carpon - Lain Ukur keur Kuring - Pinunjul Harepan - Hadiah Sastra Bujangga Maya 2008



Carpon RORO SITI ROHMAH

PotrĂ©t manĂ©hna… 
Nu katampa minggu kamari…
Dipiguraan, disimpen dihadĂ©-hadĂ©…

Lagu Potrét Manéhna nu dihaleangkeun ku Nining Meida kadéngé hawar-hawar tina spékér komputer kuring. Harita geus jam 23.35 WIB, teu wani ngagedéan sora éta lagu, sieun ngagandengan tatangga. Earphone nu biasa dipaké, keur diinjeum ku adi kuring nu lalaki, dibawa kemping ka Gunung Puntang.

Kuring neuteup anteb kana layar monitor, maca email ti hiji jajaka nu wawuh dina internet, Suyud. Digigireun éta email, ngahaja dibuka sababaraha file foto manéhna silih tutup nepi ka tukang maké program Photoshop nu di minimize.

Lagu nu kungsi jadi kameumeut kuring, ngawawaas basa keur mimiti narima poto ti Suyud, angger disada lalaunan.

Pikiran kuring kumalayang ka mangsa nu katukang. “TĂ©ng!...tĂ©ng!...tĂ©ng!...” kadĂ©ngĂ© jelas pisan sora tihang listrik diteunggeulan ku beusi panjang nu sok ngagantung di pos ronda deukeut imah. Kuring ngarenjag, reuwas.

Pikiran balik deui, maca sakali deui runtuyan aksara mangrupa sajak cinta nu dikirim ngaliwatan email kantor tadi beurang…

Seblaaaak! haté kuring nyeblak dibarengan ku jantung ratug tutunggulan. Sajongjongan mah kuring ngahuleng.

Teu karasa kuring imut, tuluy seuri lalaonan bari nutupan biwir ku ramo, bisi kadengeeun ku babaturan sarohangan.

Kabeneran Imas batur pagigir-gigir ngaliwat. Katohyan pisan ku manĂ©hna kuring keur sura seuri sorangan,“Keny (geugeutna kuring), aya naon seuseurian sorangan? Keur inget ka kabogoh nyaa?...heuheuy deuh! KadĂ© ah, tong seuseurian sorangan bisi majarkeun “rada” kĂ©h…”, ceuk Imas deui bari napelkeun curuk rada nyĂ©ngkong kana tarangna. Kuring ngan saukur ngarenyuan, rĂ©t deui kana monitor.


To : 
BC : kania@yahoo.com
From : suyud @bentangteknik.co.id
Date : September, 14, 2007
Subject : Cinta Sajati

Cinta Sajati
Geulis Panutan sajati, pujaeun salawasna
Cinta kuring ka anjeun nu pamungkas
moal luntur ku usum laas ku jaman
anging dina diri anjeun kuring pinanggih jeung sagara kabagjaan.......

Jungjunan....
kantos....kuring bogoh ka hiji wanoja
ngalih deui ka wanoja séjénna
Ă©stu taya nu pibagjaeun...
ngan sorot anjeun nu jadi gundam panyileukan

Panutan ati....
Sanaos ombak sagara neumbrag kana dada
neunggaran haté, titah ingkah balilahan
tapi...haté ieu geulis...
moal unggut kalinduan, moal gedag ka anginan
ngan anjeun cinta kuring nu sajati.

Ngalangkungan ieu email, Akang naros nu leres-leres, kersa janten bojo Akang? 
Suyud.

Eusi email dicopykeun kana flashdisk, méh bisa dipikiran pijawabeunana di imah jeung teu ngaganggu kana pagawéan.

Inget kénéh, kira-kira sataun katukang Kuring narima hiji email nu asup kana bulk dina mail box di hiji pausahaan nu nyadiakeun email haratis di internet.

Sasarinamah kuring tara maliré kana sagala rupa email atawa iber nu asup kana bulk. Sabab, réa pisan iklan nu teu pararuguh, iklan dagang, iklan jorang, komo bari jeung aya virus-an mah, matak ngaruksak kana komputer.

Salian ti éta bisa ngabalukarkeun muka email jadi lila, leuheung mun internet-na keur gancang, mun keur laon? Komputer haben nagen teu bisa dikukumaha. Barina oge nanaonan ngingu nu kararitu? Langsung wé ku kuring di delete, empty. Bérés.

“Éh, kĂ© heula…ieu email asa bĂ©da tinu lian? Tapi, naha asup kana bulk? Ah, kĂ©tang buka mah buka wĂ©Ă©…mudah-mudahan lain virus”, kuring ngagerentes jero hatĂ© bari jeung panasaran. Klik, kuring nunjuk gambar amplop makĂ© mouse, bray muka.

Sihoréng ti hiji jajaka nu ngajak wawanohan, ngarana Suyud. Sapoé éta, kuring nampa tilu email pondok silih bales ti manehna nu eusina nanyakeun ngaran, tempat pagawéan, alamat, jrrd. Kuring ngajawab sagemblengna pédah ningali email Suyud maké alamat kantor, bisa dipercaya. Suyud béda tilu taun umurna jeung kuring, gawé di pausahaan konsultan teknik.

Sabulan ti harita, email Suyud carang pisan mucunghul. Kuring ngarti, ngarana gé di dunya goib siga internet mah tong sakali-sakali dianggap serieus.

Tapi panasaran ogé, kuring ngirim email ka Suyud nu eusina nanyakeun kaayaan Suyud. Sihoréng Suyud keur pakepuk ku pagawéanana. Jeun, ku kuring teu diemail deui da bisi ngaganggu manéhna. Dua minggu ti harita, email suyud mucunghul, teu loba carita ngan aya sajak nu panjang ngagebay.

Sabenerna kuring teu pati ngarti kana sajak, da basa keur jaman sakola baheula, ngeunaan sajak ngan diajarkeun saeutik pisan, boh dina basa Indonesia atawa basa Sunda. Komo basa Inggris mah jajauheun. Tapi kuring satékah polah nengetan harti sajak nu dikirim Suyud, nyobaan ngabales ku basa sajak nu basajan, jauh pisan ti alus.

“Bener ieu tĂ©h…?!” teu sadar kuring ngajorowok, babaturan sarohangan nepi ka ngalalieuk reuwaseun. Maca sajak cinta ti Suyud nu eusina ujug-ujug ngomongkeun cinta. Lain bungah lain atoh, keur kuring asa gancang pisan.

Kakara gé wawuh, tulisanana geus nyabit-nyabit kadinya. Kuring males sajak Suyud, nanyakeun yén eusi éta sajak téh bener-bener keur kuring atawa ngan saukur heureuy? Ku Suyud dibales ku sajak séjén, mun dihartikeun yén sajak éta keur kuring, tapi alamat nu ditujuna (to) dikosongkeun, ngaran kuring dipindahkeun kana Black Copy (BC).

Teu percaya kitu waĂ© kuring sosorodotan dina internet nĂ©angan info, saha Suyud nu sabanerna? ku jalan maluruh (search engine). Burudul teh loba ogĂ© informasi ngeunaan Suyud.  ManĂ©hna pamingpin hiji organisasi masyarakat, miluan situs pertemanan, rada timburuan ogĂ© sanggeus nyaho yĂ©n babaturana lolobana awĂ©wĂ©, gareulis deuih...

RĂ©a ogĂ© blog nu neundeun sajak-sajakna. Sanggeus dititĂ©nan, aya ogĂ© sajak nu sok dikirimkeun ka kuring. “Dasar lalaki rayungan, resep ngarayu, ngobral sajak kaditu kadieu …Untung, ku kuring teu diasupkeun kana hatĂ©…Cik, tuturkeun nepi kamana…,”gerentes kuring jero hatĂ©.

Email Suyud beuki mindeng asup kana mail box kuring, sapoé aya kana 3-4 kali, malah kungsi nepi ka 6 kali. Rupa-rupa eusina tapi lolobana mah sajak cinta. Kuring sok nanya ka diri sorangan ieu téh bener atawa kuring ngan saukur Gedé Rasa (GR) wungkul?

Kusabab cangcaya, kuring sok ngecék sakali deui aya heuteuna di internet. Haté kuring bungah pisan mun sajak-sajak nu dikirimkeun ka kuring euweuh dina internet, hartina éta sajak hususon keur kuring jeung lain bobodoan.

Sakapeung mah sok ngahaja kuring ngaheureuyan Suyud, mun sajakna ditujukeun husus jang kuring, tada teuing atohna…tapi ngaran kuring tara kungsi pindah tina BC. “Kunaon Kang Suyud tĂ©h…Ă©ra atawa teu wani nya?..Hanjakal kuring mĂ©rĂ© email kitu, pasti manĂ©hna Ă©raeun, jadi nyumput dina BC”,kuring ngomong sorangan. Sanajan keuheul kana cara ngirim emailna, tapi kuring sok leungiteun mun dina sapoĂ© teu narima email ti Suyud. Remen kuring teu ngarti, lamun keur sono, ujug-ujug pucunghul email Suyud jiga nu geus ngartieun kana hatĂ© kuring.

Tina emailna, bisa kabaca ku kuring yén Suyud téh jalema bener & bageur. Tina poto-poto nu katarima ku kuring, katingali manéhna jalema kasép, irung bangir, rambut ombak banyu, mata cureleuk jeung kempot pipina.

ManĂ©hna salah sahiji pingpinan di pausahaan tempatna digawĂ©, meunang gelar doktor widang teknik ti hiji paguron luhur di Aachen Jerman. Remen dipĂ©nta jadi pembicara di seminar, sarasĂ©han, lokakarya, training, jeung ngadosenan di sababaraha universitas swasta di Jakarta. Pulang anting ka luar nagri jiga jalan ka cai boh dina raraga tugas atawa ngan saukur ulin, mana geus munggah haji deuih…

Dihareupeunana, kuring ngarasa jadi jalema leutik pisan. GawĂ© kuring ngan saukur staf ti hiji pausahaan biro iklan. Sakola gĂ© ngan kuat nepi ka S1, bari digawĂ© deuih. Tiditunamah embung nyusahkeun nu jadi kolot. Baroraah jalan-jalan ka luar nagri…najan di sakuliah Jawa Barat gĂ© can kabĂ©h kaanjangan.

“Hmmmm… kayungyun jajaka tĂ©h, bener-bener manusa nu ampir sampurna, sagala dilakonan dunya jeung akhĂ©rat. Wanoja mana nya nu bakal gedĂ© milik meunangkeun manĂ©hna? Pasti loba nu hayangeun ka manĂ©hna…Mun seug daĂ©keun jadi salaki kuring…Astagfirullah, nanahaonan ieu tĂ©h kalahka ngimpi!” kuring hudang tinu lamunan.

Sataun lilana kuring wawanohan jeung Suyud. Sakitu kuring geus dibéré nyaho nomer HP Suyud, tapi arang langka nelepun atawa SMSan.

Kuring sieun nganganggu pagawéan Suyud nu sakitu pakepukna. Sabalikna, kuring maklum pisan kunaon Suyud tara nelepun. Mun kuring nelepun atawa SMS gé paling ngan sakecap-dua kecap, nya kitu deui balesan Suyud sarua, pondok. Obrolan kuring jeung manéhna leuwih nyambung dina email.

Layeutna kuring & Suyud dina email, can puguh layeut mun paamprok jonghok di darat. Sakali waktu, Suyud keur jadi pembicara di acara seminar, manéhna ngajakan kuring papanggih sabérés acara, tapi hanjakal bolay, Suyud aya tugas ngadadak ti kantorna.

Kuring sababaraha kali mĂ©nta hayang tepung jeung Suyud paduduaan. Suyud ngajawab dina emailna,”Urang sanĂ©s muhrim. Pami tiasa, hoyong pendak mah dinu seueur jalmi baĂ© supados teu janten fitnah. Pami hoyong langkung caket…kĂ© wĂ© ari tos nikah”. Kuring bisa ngamaklum. Reueus ongkoh…jaman kiwari aya jajaka nu bener-bener nyekel kana atikan agama.

Ayeuna kuring keur bingung nĂ©angan jawaban pikeun pamĂ©nta Suyud keur jadi pamajikanana, bari atoh kacida.”Ari geus waktuna mah jodo gĂ© moal kamana, datang kusorangan”, gerentes kuring jero hatĂ©. Kuring can waka bĂ©bĂ©ja kanu jadi kolot, mun geus puguh, kakara rĂ©k dibĂ©jakeun.

Kuring asa teu percaya, jodo bisa datang ngaliwatan internet. KĂ©tang, teu kituna loba babaturan, diantarana sobat dalit kuring nu meunang jodo tina internet… Ah, da ceuk kolot gĂ© jodo mah jorok…dimana wĂ© panggihna, ari ceuk Allah kudu jadi mah, nya pasti jadi…urang teu bisa ngejat.

Cangcaya kana patékadan Suyud masih kénéh ngancik dina haté kuring. Komo deui ieu ngan diwakilan ku sajak nu eusina rayuan wungkul. Wawanohan dina internet mah kudu apik jeung ati-ati pisan.

Kungsi boga kawawuhan hiji jajaka nu ngakuna masih kĂ©nĂ©h lalagasan, kasĂ©p dina potonamah, manĂ©hna Master di widang informatika. ManĂ©hna ngarayu kuring sataker kebek. Teu percaya, kuring nĂ©angan informasi di internet…ari pĂ©k tĂ©h kapanggih, manĂ©hna anggota “situs perkawinan” nu puseurna di Amerika. Didinya atra pisan yĂ©n manĂ©hna karĂ©k dua bulan kawin jeung wanoja nu dumuk di Surabaya.

Gap, kuring ngaragap kana keyboard, bakatku kaweur hatĂ©, ngajawab email Suyud lain ku sajak tapi ku basa biasa…

To : suyud@bentangteknik.co.id
From : kania@yahoo.com
Date : September, 14, 2007
Subject : Re:Cinta Sajati

Kang Suyud,
Pami leres email ieu kanggĂ© abdi, da Akang mah sok nyumput dipengkereun BC. Alhamdulillahi rabbil alamiin, nuhun Gusti… Ieu buah tina kaikhlasan, kasabaran sareng katawakalan abdi. Tungtungna ditepangkeun oge sareng jodo abdi saparantos kaditu kadieu milarian…tos garing cisocai…ampir-ampiran pegat harepan.
Saparantos maos email ti Akang, diemut dibulak balik dibeuweung diutahkeun.  Abdi nampi janten bojo Kang Suyud. Kumargi abdi gaduh kĂ©nĂ©h sepuh, mangga diantos kasumpingan Akang & kulawargi nepangan aranjeunna di rorompok.

Kania.

Indung kuring anĂ©heun ningali paripolah kuring tara tisasari. “KĂ©n, poe ieu mah mani asa bararĂ©da…katingalina tĂ©h mani bungah pisan… aya naon geulis? BĂ©jakeun atuh ka Ibu jeung Apa…”ceuk indung kuring hayang nyaho.”Ah, Ibu mah… KĂ© pami tos leres-leres, diwartosan ku Keny nya…Assalamu’alaikum, permios…” ceuk kuring bari imut tuluy ngalĂ©os, ngajugjug ka kantor.

SapoĂ© Ă©ta sumanget gawĂ© kuring ngagedur, pagawĂ©an bĂ©rĂ©s roĂ©s dina waktuna. Bulak balik kuring ngecĂ©k email nu asup, susuganan aya balesan ti Suyud. PoĂ© kadua, katilu… email Suyud teu embol-embol. Kuring rĂ©k ngirim email ka Suyud ti heula asa gĂ©ngsi, kaciri pisan teu sabarna tĂ©h. Nincak poĂ© ka tujuh, kuring geus teu sabar, nĂ©kad ngirim email ka Suyud pikeun nanyakeun jawabanana. Tapi angger suwung, ngawani-wani manĂ©h nelepon kana HPna, dipareuman.

“Wayaaaah…Ken balanja naon? Nyalira waĂ© yeuh…” ujug-ujug aya nu nanya bari noĂ©l basa kuring keur milihan bungbuahan di pasar swalayan. Dilieuk tĂ©h, geuningan Permana, lanceuk angkatan kuring basa keur kuliah. “Éh, ieu nuju mĂ©sĂ©r olĂ©h-olĂ©h kanggo pun biang… damang Kang?” ceuk kuring bari sasalaman.

“Kumaha, tos gaduh putra sabaraha?”

“Bujeng-bujeng putra, carogĂ© gĂ© teu acan gaduh, ari Kang Permana?...”

“Haaarr…sugan tĂ©h tos nikah, hanjakal atuh boro wĂ© Akang miheulaan…hĂ©hĂ©hĂ©. Akang tos gaduh putra dua, istri duanana. Tuh, nu ageung nuju milarian bonĂ©ka di palih ditu…Bojo Akang gĂ© nuju bobot deui, kahoyongmah nu ayeuna pameget”.

Sajeroning ngobrol, hatĂ© kuring ngageremet, “Ih, teu sararudi teuing, teu hararayang ka si Permana, tukang gunta-ganti waĂ© kabogoh, di unggal angkatan aya kabogohna…ditatab wĂ© sugan mah…”.

“Damel dimana Kang?” ceuk kuring deui.

“Oh, di konsultan, Bentang Teknik. Akang tĂ©h nĂ©mbĂ© 3 sasih dialihkeun ka Bandung, kawitna mah di Semarang, da teu betah di ditu mah hawana panas…”.

Kuring ngajenghok, bisa jadi Permana wawuh ka Suyud.

“Kunaon Ken, mani jiga nu reuwas kitu?”

“Oh..Ă©h…teu Kang, asa apal ka Ă©ta pausahaan… kenal teu sareng Suyud?”

“Suyud? kenal pisan atuh, da anjeuna dunungan abdi, Wakil Direktur. Kunaon kitu? Naksir nya? Ati-ati Ken...geus rimbitan Ă©tamah, budakna gĂ© geus dua,” ceuk Permana jiga nu bisa maca pikiran kuring.

“Ih, ari si Akang, mani kitu….kĂ©na-kĂ©na abdi lalagasan kĂ©nĂ©h…jigna tĂ©h pasti wĂ© kadinya…” ceuk kuring asa panas ceuli & beureum beungeut maksud kuring kanyahoan ku Permana.

“Naon deui atuh ari sanĂ©s kadinya jigna mah…hĂ©hĂ©…”

“Pah…Pah…kadieu geura…kenging teu mĂ©sĂ©r bonĂ©ka nu ieu?”, ceuk budak Permana gugupay bari nunjuk kana bonĂ©ka nu keur dipajang dina Ă©talaseu.

“Hayu ah, Ken…si cikal nyaran. Iraha-iraha urang ngobrol deui nya…bisi hayang nelepon mah, tah ieu kartu ngaran Akang,” ceuk Permana bari ngasongkeun.

Sapaparat jalan, hatĂ© kuring ngarakacak. Ambek, keuheul, hayang ceurik pacampur jadi hiji,”Kasebelan si Suyud!  Geus boga anak pamajikan geuning?!... Ah, Ă©tamah si Permana we sirik ka kuring pĂ©dah baheula manĂ©hna bogoheun ku kuring teu dilayanan. Mmmm…boa teuing bohong?!

Éh, tapi asa moal enya Kang Suyud kitu? sakitu jiga nu jujur jeung blak-blakan ngadongĂ©ngkeun kahirupanana? Jaba mĂ©mĂ©rĂ© poto nepi ka sababaraha siki? Moal enya ka unggal awĂ©wĂ© kitu? Alamat emailna gĂ© makĂ© alamat kantor, wanian sakitunamah! Duh, Gusti neda pituduh…kedah kumaha atuh abdi tĂ©h?...”. Ujug-ujug inget kana maluruh informasi dina internet, jiga nu kungsi dilakonan tĂ©a…

Nepi ka imah, kuring buru-buru muka komputer, langsung sosorodotan di internet maluruh data ngeunaan Suyud. Loba pisan sajak-sajak manéhna nu aya di internet. Panasaran, sababaraha kali ngabulak-balik ngaran Suyud.

Tah geuning! Panon teu ngiceup, aya blog anyar husus ngeunaan Suyud. Tina tanggalna katohyan yĂ©n Ă©ta blog kakara dijieun kira-kira tilu poĂ© katukang. DititĂ©nan hiji-hiji eusi Ă©ta blog, sihorĂ©ng kabĂ©h sajak ngeunaan cinta. Panon kuring teu ngiceup, pindah tina hiji sajak ka sajak sĂ©jĂ©nna…

Haté ngajeletit jiga nu diciwit, teu karasa panon carinakdak nahan piceurikeun. Didinya aya sajak nu kungsi dijadikeun panalék ka kuring téa. Tétéla lain ukur keur kuring.***




0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post