Carpon AGENG PANGESTU
Pinunjul Harepan - Hadiah Sastra Bujangga Maya 2008
Isuk kénéh saenyana mah ayeuna téh. Panonpoé karék bijil ti tukangeun tatangkalan. Manuk mimiti laliar, disarada dina dadahanan. Éstu kaayaan anu matak pikabetaheun. Pantesna téh dipaké jalan-jalan, nyeuseup segerna hawa isuk-isuk.
Tapi gara-gara Pangacara Otong, dina isuk-isuk ayeuna, haté kuring mah geus miheulaan nyongkab panas. Asa nyaksrak kana sirah.
Basa tadi hudang saré, tara-tara ti sasari, ideu picaritaeun bet minuhan sirah. Ideu keur piéndingeun novel kuring. Paur mudal tuluy bahé teu puguh, harita kénéh langsung muru rohangan gawé. Teu ngurus sibeungeut-sibeungeut acan. Cetrék ngahurungkeun komputer.
Kasus rajapati. Éta jejer anu keur diangkat dina carita kuring ayeuna. Ratnayu, mojang anu kawéntar minangka panyajak ngora, dina hiji poé aya nu ngarogahala. Ratnayu kasampak geus ngababatang di kamar hotél Melati.
Nu jadi tersangkana nyaéta Riswanto; bos hiji penerbit buku. Lantaran harita manéhna kabeneran keur babarengan jeung Ratnayu. Ongkoh deuih Riswanto téh digosipkeun boga hubungan gelap jeung Ratnayu. Tur Ratnayu maotna ogé keur dina kaayaan kakandungan.
Sanggeus kasusna asup ka pangadilan, tokoh Pangacara Otong mimiti makalangan. Otong téh pangacara anu leuwih loba mikir ti batan loba ngomong. Carang takol, tapi pinter. Ékséntrik ongkoh. Teu siga karéréranana pangacara séjén. Ieu mah ti mimiti dangdanan nepi ka kalakuan, bleg baé seniman. Jeprut. Kitu lah, siga-siga Eriyandi Budiman atawa Wawan S. Husin.
Sanggeus Pangacara Otong ngayakeun panalungtikan ku cara ngumpulkeun bukti jeung katerangan, goréhél aya raratan, saha saenyana nu maéhan Ratnayu. Malah tungtungna mah hakim gé jadi milu kalibet. Hakim ngayakeun kongkalingkong jeung hiji jalma anu boga kapentingan dina ieu kasus, nyaéta Saeful Badar; urut kabogoh Ratnayu.
Heup, samet dieu mah mimiti rék diungkab, saha saenyana anu maéhan Ratnayu. Kumaha deuih sabenerna hubungan hakim jeung Saeful. Tuluy, naha enya Riswanto téh aya nu mitnah, atawa mémang enya manéhna nu boga hadasna.
Geus nepi ka dinya carita kuring téh. Saeutik deui. Sigana mah ditambahan lima kaca deui gé réngsé.
Nyéh kuring seuri sorangan. Tulus ayeuna mah nutugkeun carita téh. Sakeudeung deui hakim bakal ngetok palu. Ieu kajahatan rajapati bakal pungkas samet dieu. Tur sagala rupana bakal kanyahoan ku nu maca.
Sanggeus nyokot roko, gék diuk deui nyanghareupan komputer. Ngariung deui jeung tokoh-tokoh carita. Ngan waktu diabsén hiji-hiji, kuring ngajenghok, lantaran tokoh carita kurang hiji. Pangacara Otong ujug-ujug leungit tina carita!
Tah, nya alatan ieu pisan nu matak kuring ambek ka Pangacara Otong téh. Didagoan nepi ka béak roko lima batang, teu jebul kénéh waé. Nyel keuheul. Tuluy dus-dis, ngutruk sorangan. Bebel! Kamana atuh si koplok téh?!
Ambek nyedek tanaga midek. Teu bisa kukumaha. Ukur bati gegetun.
Sanggeus ngahuleng sawatara jongjonan, antukna mah tokoh Pangacara Otong kapaksa diganti ku Pangacara Mubarok. Da ari kudu ngalelengkur ngadagoan mah, asa lebar ku picaritaeun. Heueuh, duka rék iraha datangna tah, si atah adol téh!
Atuh kapaksa ngoréksi ti awal deui. Ti kaca tengah kénéh. Bérébét ngetik, teu sirikna digancangkeun. Ngetik bari dibarung ku napsu téa. Haté neuteuli kénéh ka si pangacara lebokeun tétélo.
Ari ku dipaju tuluy-tuluyan mah teu burung anggeus carita téh. Kaitung lila ogé. Enya, tuda kudu menerkeun deui leunjeuran carita. Dialogna gé kudu disusurup deui. Lantaran karakterna béda jeung nu ti heula. Wajar saupama réa diselang ku hulang-huleng, mikiran karakter tokoh nu anyar.
Sanggeus bérés, naskah téh dibaca deui ti awal. Gemet pisan jeung bubuk leutikna. Ngan bada tamat, bet asa goréng. Teu saluyu jeung nu dicicipta dina pikiran. Heueuh, ieu mah taya bédana jeung carita ditéktif séjén. Serieus teuing, euweuh unsur humorna.
Tangtuna gé jadi kieu téh gara-gara tokoh pangacarana kudu ganti. Da lamun angger ku Pangacara Otong mah, dijamin matak pogot. Kapan dina sidang panungtung gé bakal dicaritakeun; Pangacara Otong ngajeprut, ngorondang dina méja hakim bari embé-embéan.
Ukur bisa gegejrét. Keuheul nataku. Jeprét wéh komputer dipareuman. Tuluy meubeutkeun manéh kana kasur.
Isukna, jam sapuluh isuk-isuk, basa kuring keur anteng ngabaladah carita anyar. Nu ieu mah jejerna ngeunaan hiji rampog kakunang-kunang.
Keur meumeujeuhna anteng, jol kulutrak aya nu datang, teu permisi heula. Barang ditempo, horéng Pangacara Otong, tokoh carita anu kabur téa. Nyel kaambek bijil deui. Rék nanahaon cénah mangkeluk téh? Kamari didagoan, ayeuna karék jebul. Teu diengkékeun deui, Pangacara Otong langsung diusir.
“Indit ka dituh! Aing mah geus teu butuh ku manéh! Geus tamat caritana gé!” Pok téh, bari sirah malik deui nyanghareupan monitor.
Manéhna balem teu ngajawab nanaon.
“Ayeuna sia datang rék naon!? Rék ngaganggu?! Moal, sia mah moal diasupkeun deui kana carita nu ayeuna!”
Ayem, teu ngomong sakecap-kecap acan.
“Nyaho teu, gara-gara sia carita aing jadi amburadul?! Sia téh dijieun ku aing! Kuduna sia nurut ka aing!”
Angger cicing teu miroséa omongan kuring.
“Kalah ngajedog siah diajak ngomong téh!” Kuring beuki ngagidir.
Lieuk manéhna ngalieuk bari kerung. “Euh, kudu ngomong kuring téh?”
“Heueuh atuh, da ditanya!”
“Har, kapan kuring mah boga pasipatan carang takol, lin?” Pokna némbal.
“Ari ditanya mah engab, goblog!” Kuring nyentak.
“Salah saha bet teu pérélé nyieun karakter. Ukur disebutkeun kuring téh carang takol. Ari carang takol téh tara loba ngomong. Peun!”
“Sia mah teu ngomong, lain tara loba ngomong!”
“Salah anjeun kénéh. Da dina dialog carita gé kuring mah arang ngajawab pananya batur. Mun kitu mah tong disebut carang takol, atuh. Kajeun tungi sakalian. Sabenerna anjeun téh nyaho teu carang takol siga kumaha?!”
Ras inget kana dialog-dialogna dina naskah novel kamari. Huleng kuring ngahuleng. Heueuh geuning. Kurang kénéh nyieun karakter manéhna téh. Da mémang Pangacara Otong mah arang némbal pananya batur.
“Tapi lain hartina sia bébas sakarepna. Sing inget, hurip pati bagja sia aing nu boga!”
“Hih, apan kuring téh jeprut, Bung. Nya kuma kuring wéh.” Cénah bari seuri.
Leng ngahuleng deui. Enya, deuih. Tamaha sorangan, manéhna bet dibéré karakter ékséntrik. Tapi, justru di dinya kapan kakuatanana téh? Mun teu ékséntrik, moal ramé.
“Kalem, lah. Ulah bari ambek-ambekan kitu ngarangna. Bisi moal laju. Ongkoh kuring gé capé kénéh, yeuh,” pokna deui salsé nakeranan.
“Capé majarkeun téh?! Ari kamari ngablu teu capé?! Yeuh, déngékeun: Sia ékséntrik téh dina carita! Lain dina kahirupan nyata, belegug!” Kuring beuki garihal.
“Heueuh dina carita. Ari enggeus dina naon? Pan ayeuna gé anjeun téh keur ngarang carita. Panggih gé ayeuna dina carita. Kumaha bisana kuring hadir dina dunya nyata. Datang ka dieu gé kapan disambat ku anjeun.”
Gebeg kuring ngagebeg. Panon molotot. Bréh katempo ngaran “Otong” meni rapang dina monitor. Leng, sirah mimiti karasa lieur.
Simpé sawatara jongjonan. Taya sora nanaon.
“Hampura, Lur. Saenyana mah kuring téh haroréam ngalalakon dina carita anjeun nu kamari téh.” Pokna deui, rada leuleuy.
“Naha?!”
“Ah, horéam wé. Sararangheuk diwayangkeunana. Asa mending kénéh dina carita nu ayeuna. Kajeun jadi tokoh jahat gé.”
“Baruntak sia?!”
“Da bongan anjeun sorangan.”
“Naon?”
“Éra euy saenyana mah ngalalakon jadi pangacara téh. Kangaranan jalma ngarti hukum mah kudu ngabéla bebeneran.”
“Terus?”
“Heueuh, sedeng anjeun sorangan bet meungpeun carang kana bebeneran.”
“Nyaho naon sia?!”
“Geuning basa bérés ngarang, anjeun tuluy ngeukeupan pamajikan batur. Marukan kuring teu nyaho kitu?! Sing inget, kuring téh aya dina ciciptan anjeun. Ngahiji jeung gerentes anjeun.”
“Ngajawab naon sia, hah?! Diajar ti saha?”
“Tong nyalahkeun kuring! Kuring téh jadi pangacara kapan dina novel anjeun téh. Di mana-mana gé pangacara mah pinter ngomong.”
Leng beuki lieur. Dadak sakala hurup-hurup dina monitor salin jinis jadi sireum nu renyek ngagembrong uteuk. Sirah nyud-nyudan. Asa aya nu ngagégélan. Ku naon ieu téh?
“Mun kitu mah atuh kuring téh ulah dijieun pangacara anu bener. Jieun wéh pangacara anu teu jujur, anu bisa disogok, tukang ngarugal-rigel hukum, saperti pangacara anu aya di dunya anjeun.”
Kuring teu bisa ngajawab. Ukur werat ngahuleng bari neuteup monitor.
“Tah, lantaran dina carita ayeuna teu diaku, nya kuring mah rék permios baé, moal ngadunungan deui ka anjeun.” Cénah bari ngaléos, sabot kuring nga-delete-an ngaran “Otong” tina naskah.
*
Jeung enyana deuih.
Heuleut sababaraha minggu ti harita, basa kuring ulin ka toko buku. Rét kana salah sahiji novel terbitan anyar anu aya dina tumpukan.
Tuluy dicokot, laju dibaca harita kénéh. Heuleut sawatara lila, nalika nepi ka tengah-tengah carita, kuring panggih deui jeung si Otong.
Si Otong geus aya dina novel batur. Tapi karakterna geus robah pisan. Malah geus teu jadi pangacara deui. Tapi jadi tukang dagang buhaya siluman!***
Komentar