Tarékah Miara Seni Budaya Daérah di Bogor - Helaran Seni Budaya 2003


Bogor Lumigar Mekar, Helaran Kesenian di Bogor 2003 (Foto: Dhipa Galuh Purba)


(Bogor, 14 Juni 2003) Anu kaopat kalina kota bogor ngagelar helaran kasenian daérah, taun 2003. Ieu acara téh mayeng dilaksanakeun saban taun, mangrupa salah sahiji tarékah pikeun miara, ngamumulé, tur ngembangkeun seni budaya daérah.

Diiluan ku sababaraha grup ti pakumpulan seni, sanggar seni, lingkung seni, organisasi seni, padépokan seni, jeung lembaga/ instansi seni, boh anu aya di kota Bogor, pon pilalagi diluareunana.

Ieu acara kaitung suksés, kalayan meunang pangbagéa anu antusias ti kalangan masarakat.

*

SAMÉMÉH acara prung dimimitian, pakarangan jeung sabudeureun Balé Kota Bogor geus diimpungan ku masarakat, nu hayang nyaksian sacara langsung kamonésan para seniman.

Sanajan sakur kasenian bakal diarak ka jalan raya, tapi kawasna masarakat leuwih sugema nyaksian ti mimiti miangna. Sabab mémang saméméh arak-arakan ka jalan raya, baris dipentés heula di pakarangan Balé Kota, disaksian ku sakur tamu ondangan.

Puguh baé para juru poto ti sababaraha média massa ogé milu tatahar keur ngaliput lumangsungna acara.

Kaayaan lalu-lintas di jalan raya rada kaganggu, tapi kawasna para supir geus pada ngamaklum kana ieu kagiatan. Da geuning tukang datang mah ngadadak jadi leuwih maréma batan sasarina.

Helaran kasenian daérah dina taun ieu, mawakeun hiji jejer 'Bogor Lumigar Mekar'. Puguh baé tujuan utamana mah pikeun ngangkat kota Bogor minangka hiji kota anu titén kana seni budaya tungkusan karuhun.

Ari satuluyna mah, kana tangtu ku ayana masih kénéh kapiara seni budaya daérah (hususna) Kota Bogor, bakal jadi salah sahiji pangirut keur dunya kapariwisataan. Tapi ari nu leuwih utana mah, ieu kagiatan téh geus némbongkeun mun yén pamaréntahan kota Bogor, kacida ngajénan kana seni budaya daérah.

Acara helaran dibuka ku Walikota Bogor, kalayan ditandaan ku nabeuh bedug. Saméméhna dieusi ku prosési seni, mintonkeun gabungan Sanggar Dinika jeung sanggar Melati Bogor.

Satuluyna, sakur kasenian dipintonkeun heula di pakarangan Balé Kota, saméméh ngayakeun abring-abringan ka jalan raya. Dimimitian ku rombongan anu mawa lambang-lambang jeung bandéra.

Di antarana aya lambang Kota Bogor, Garuda Pancasila, Réplika Batu Tulis, Umbul-umbul, jeung sajabana.

Sawatara kasenian anu harita dipintonkeun dina acara helaran kaopat téh, diantarana aya pintonan 'Bebegig' ti SD Polisi 4 Bogor, Tari Kuda Lumping ti Sanggar Déwi Sri, Topéng Cisalak ti Kota Dépok, pintonan Buncis  ti Sanggar Gentra Laras Ati, Pintonan Mawalan ti Sanggar Seni Dayang Sumbi.

Aya deui pintonan Rampak Ronggéng ti Sanggar Rawita, pintonan Tajidor ti Kabupatén Bogor 2, pintonan Liong jeung Barongsai ti GASI, pintonan Genjring Bonyok ti Kabupatén bandung, Rampak Dalang ti Sanggar Mekar galuh Pakuan, pintonan Marawis ti Sanggar Rebana Klasik, pintonan Réngkong ti Kabupatén Cianjur, pintonanNgabésan ti Lingkung Seni Sabilulungan.

Aya deui pintonan Pésta Panén ti Sanggar Seni Getar Pakuan, pintonan Buroq ti Kabupatén Cirebon, pintonan Turun Mandi ti Sanggar Seni Sekar Arum, pintonan Silat Debus ti IPSI, pintonan Égrang ti Kabupatén Karawang, pintonan Dogér Ringkang Gumiwang ti Sanggar Melati, pintonan Réog kombinasi ti Munding Laya Dikusumah, pintonan Sisingaan ti Kabupatén Subang.

Teu tinggaleun pintonan Igel-igelan ti Sanggar Dinika, pintonan Réog Ponorogo ti Kabupatén Ponorogo, pintonan Kuda Rénggong ti kabupatén Sumedang, pintonan Ondél-Ondél ti DKI Jakarta, pintonan Lukisan ti Himpunan Pelukis Bogor, sarta direuah-reuah ogé ku grup badut jeung délman. Para tamu undangan, kaasup sawatara artis milu abring-abringan numpak délman.

Nilik kana pintonan seni anu digelar dina helaran kaopat, katingali euyeubna wanda kasenian daérah téh. Malah lain baé kasenian ti Bogor, da geuning ngahaja ngondang kasenian daérah ti Bandung, Sumedang, Subang, Cianjur, jeung sajabana.

Katingali pisan kabeungharan seni budaya daérah téh. Kawasna asa leuwih hadé, upama sakur kasenian éta lain baé dipintonkeun dina acara helaran.

Pangpangna mah sangkan leuwih dipikawanoh ku para nonoman Sunda kiwari. Komo deui (husus) keur pintonan Topéng Cisalak, anu sawatara waktu katukang dilélér anugrah ku Yayasan Daya Budaya Paguyuban Pasundan.

Dina sakur pintonan kasenian, aya nu ngondang pangirut leuwih basa nyaksian pagelaran Bebegig. Sakur praktisina diwengku ku para siswa SD, anu katingali percéka lebah ngolah kamonésanna.

Pangpangna mah ieu pagelaran 'Bebegig' téh, ngalibetkeun puluhan pamaén barudak. Sebut baé kolosal.

Ieu para siswa SD Polisi 4 perelu meunang bingbingan leuwih daria, sabab katingalina bisa jadi para nonoman sirung harepan nu baris neruskeun tapak lacak para praktisi seni.***

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post