Dok - Biantara kandidat Ketua PPSS Periode 2011-2013 jeung Promosi Pesta Buku Bandung



Ku DHIPA GALUH PURBA

Sampurasun

KIWARI kuring keur meunang kapercayaan ti Ketua Panitia PĂ©sta Buku Bandung 2012 (PĂ©sbuk ’12) pikeun jadi Koordinator Pelaksana Bidang Acara PĂ©sbuk ’12.

Saméméhna, taun 2009, 2010, jeung 2011, kuring meunang kapercayaan nu sarua. Puguh baé acara-acara anu dipagelarkeun téh salawasna raket jeung ajén-inajén budaya Sunda.

Pangna kitu, PĂ©sbuk  sok digelar dina bulan PĂ©buari. Ku kituna, kuring hayang ngasongkeun PĂ©sbuk minangka bagĂ©an tina acara mapag PoĂ© Basa Indung sadunya.

Satuluyna, pangurus IKAPI Jabar geus sapuk pikeun ngajadikeun Pésbuk minangka paméran buku anu acarana kudu mibanda warna lokal kasundaan.


PĂ©sbuk ’12 hayang leuwih nyunda. Ku kituna, aksara Sunda kudu mapaĂ©san acara PĂ©sbuk ’12. Sanggeusna Dadan Sutisna ngadigitalkeun aksara Sunda, tur ngadaptarkeun aksara Sunda ka unicode, aksara Sunda jadi satata jeung aksara sĂ©jĂ©nna di alam dunya, sarua jeung aksara Arab, Jepang, Cina, jeung sajabana.

Ku ayana kaparigelan Dadan kénéh, nyieun aksara Sunda dina komputer téh jadi babari, lantaran geus dijieunkeun program konvérsi. Teu kudu hararésé, kari nulis ku hurup latén, mangka bakal muncul aksara Sunda sacara otomatis.

Basa kamari ieu kuring ngararancang poster PĂ©sbuk ’12 ogĂ©, kuring ngagunakeun program konvĂ©rsi aksara Sunda jieunan Dadan.

Kuring ngajarkeun tatacara ngagunakeun éta program konvérsi ka desainer poster, anu kabeneran urang Jawa.

Saméméhna, kuring nyontokeun hiji kalimah, ditulis ku hurup latén, sarta muncul aksara Sunda sacara otomatis.

Tuluy aksara Sundana dikopi kana Adobe Photoshop pikeun didesain. Tah, sanggeusna ngayakeun percobaan, satuluyna kuring nulis kalimah: NGARUMAT BUKU DI TANAH SUNDA, nitah desainer sangkan aksara Sundana diasupkeun kana poster.

Dua poĂ© ti harita, basa kuring keur di satengahing jalan ti Jakarta ka Bandung, kuring narima telepom ti Dadan. “Ari aksara Sunda dina poster tĂ©h serius?” kitu ceuk Dadan.

“His, nya puguh baĂ© serius. Na kumaha kitu?” tanya kuring.

“Enya, asa anĂ©h wĂ©, naha tulisan aksara Sunda tĂ©h unina ‘KURING BOGOH KA MANEH’?”

“KĂ©, kĂ©... nu bener?”

“Nya bener atuh, pĂ©k wĂ© ilikan deui ku sorangan...”

HĂ©meng jeung welĂ©h teu kaharti, naha dina poster bet nulis “KURING BOGOH KA MANEH?” Mangkaning sakadang poster tĂ©h geus dicitak 5 rĂ©bu lambar, tur geus didistribusikeun kira-kira 200 lambar.

Satengah apung-apungan ngajalankeun kandaraan téh, hayang geura nepi ka Bandung, hayang geura ngilikan poster. Barang anjog ka kantor ogé, langsung mariksa poster.

Enya wĂ©, tulisan aksara Sunda tĂ©h unina “KURING BOGOH KA MANEH”. Geus bĂ©rĂ©s ngilikan poster, tuluy mariksa stiker. AnĂ©h, ari dina stiker mah unina aksara Sunda tĂ©h luyu jeung anu direncanakeun, nyaĂ©ta “NGARUMAT BUKU DI TANAH SUNDA”.

Ras inget, basa keur ngetés program konvérsi téh mémang kuring nu nyontokeun ku kalimah éta. Tapi apan éta mah ngan saukur conto. Tangtu baé, kacindekanna mah desainer téh salah ngopikeun aksara Sunda.

Tapi nu leuwih hélok, Dadan henteu ngagunakeun éta momen pikeun ngaragragkeun ngaran kuring salaku kandidat Ketua PPSS, anu bakal bersaing jeung manéhna. Padahal, éta téh kasempetan emas pikeun ngaruntagkeun kandidat lawan, lantaran Dadan ogé sarua kandidat Ketua PPSS.

**

Ngahaja éta lalakon minggu kamari téh dipedar, ngarah nu boga hak pilih wanoh kana watek jeung adat kuring.

 Pangpangna mah pikeun anu boga kereteg rĂ©k milih kuring, ulah nepi ka hanjelu dina poĂ© panungtungan.

Lantaran, diaku ku kuring sorangan, yén kuring sok loba banyol, rada cunihin, jeung sakapeung kurang tarapti.

Cirina mah bisa katohyan dina cara kuring nyieun conto kalimah. Lantaran geus adat kakurung ku iga tĂ©a, tukang banyol jeung rada cunihin, mangka nyieun conto kalimah “KURING BOGOH KA MANEH”.

Cacak lamun kuring nyantri mah, tangtu bakal nyieun conto kalimah tĂ©h ku “KALAYAN NYEBAT ASMA ALLAH NU MAHA WELAS TUR MAHA ASIH”. Coba, lamun kalimah Ă©ta anu ‘nyasab’ kana poster PĂ©sbuk ’12, tangtu baĂ© moal aya nu ngananaha.

Ku kituna, ka nu tos kapalang maca poster éta, kuring nuhunkeun dihapunten pisaaan. Éta kalepatan aksara Sunda, langsung diantisipasi ku sawatara cara. Kahiji, poster anu 4800 lambar téh dicorétan ku spidol dina bagéan aksara Sundana.

Alhamdulillah réngsé dina waktu sapoé sapeuting. Kadua, nyitak deui brosur 120 rébu lambar kalayan ngagunakeun aksara Sunda nu luyu jeung nu dimaksud. Katilu, nyitak baligo kalayan ngagunakeun aksara Sunda nu luyu jeung nu dimaksud, sarta dina rupaning média promo geus diyakinkeun deui yén aksara Sundana luyu jeung nu dimaksud.

Dina kapanitian, saréréa nyaralahkeun ka nu ngadesain, lantaran bet salah ngopikeun aksara. Tapi kuring nandeskeun sakali deui, yén anu salah mah kuring.

Lantaran kuduna kuring mariksa sing gemet saméméh dicitak. Jadi, kuring geus boga tékad: lamun desainer meunang sanksi, komo dipecat tina kapanitiaan, kuring anu rék mundur. Alhamdulillah, antukna teu aya sanksi nanaon. Tapi tetep, salaku nu boga salah, sakali deui kuring nuhunkeun dihapunten ka sadayana.

Jadi, sanajan kuring sok ngabanyol jeung rada cunihin, kuring moal beurat ngaku kana kasalahan tur ménta dihampura, siap ngoréksi kasalahan, siap dikritik, siap dicawad, sumanget digawé, jeung siap tanggungjawab.

Ku bekel perwatek siga kitu, kuring henteu asa-asa nyebut “SIAP” basa Ketua TIM FORMATUR PEMILIHAN KETUA PPSS nawaran kuring jadi kandidat Ketua PPSS.

Kuring nyebut siap, hartina kuring serius nyalon jadi Ketua PPSS, kalayan mibanda sawatara program gawé nu bakal ditembrakeun.

 Ari nu ngaranna nyalon, tangtu baĂ© harepanna hayang kapilih, kudu jadi pinunjul. Kilang kitu, kuring ogĂ© siap Ă©lĂ©h. Jadi pinunjul mĂ©mang penting.

Tapi pikeun kuring, nu leuwih penting mah lajuning lakuna roda organisasi PPSS. Upamana kuring kapilih, wayahna saréréa kudu ngarojong rarancang gawé kuring. Sabalikna, upama kuring henteu kapilih, kuring kalintang siap ngarojong Ketua PPSS nu kapilih, tetep sumanget babarengan dina ngamajukeun PPSS.

Nurutkeun Tim Formatur, kandidat téh ukur kuring jeung Dadan. Dina dunya kapangarangan Sunda, kuring tacan kungsi ngaleuwihan Dadan.

Saban aya pasanggiri ngarang, kuring sok éléh. Mémang rada bangga rék ngéléhkeun Dadan dina ngarang basa Sunda, lantaran kuring téh diajar ngarang basa Sunda téh ka Dadan.

Tapi dina pemilihan Ketua PPSS mah optimis unggul. Lantaran, kahiji, suwargina aki kuring téh baheulana kapeto jadi Kepala Dusun di lembur. Susuganan wé atuh nurun ka kuring.

Kaduana, dina perkara sĂ©jĂ©n mah, kuring tara Ă©lĂ©h ku Dadan. Contona, dina balap mobil, balap ngojay, pabeurat-beurat awak, paloba-loba ‘alo’, jeung sajabana.

Kaasup dina nyusun stratégi ogé, asana mah kuring nu leuwih punjul. Contona, basa sakali mangsa PPSS rék rapat di Gedong Rumentangsiang, kuring jeung Dadan posisina masih di Tanjungsari (sabab, kuring mindeng milu reureuh di Saung Pangreureuhan).

Mun teu salah, harita Ceu HĂ©ni nelepon Dadan, nitah buru-buru datang ka Rumentangsiang, sarta nanyakeun posisi Dadan.

Ceuk Dadan, “Nuju di jalan, TĂ©h...” bari ngojĂ©ngkang ka kamar mandi. MĂ©mang teu salah, da enya-enya keur di jalan, maksudna jajalaneun ti rohangan tengah ka kamar mandi.

Teu lila, Ceu Héni nelepon ka kuring. Ari ku kuring mah teu waka ditarima telepon téh. Léngkah kahiji, lumpat heula ka luar.

Kaduana, ngahurungkeun motor.

Katiluna, cingogo gigireun knalpot bari ngagaur-gaur motor. Geus kitu, kakara wĂ© telepon tĂ©h ditampa, “Halow... halow... kumaha? Punten kirang jelas. Kumaha? Teu jelas! Punten ieu gararandĂ©ng....” cukup ku kitu ogĂ©, teu kudu nyebutkeun posisi keur di jalan.

**

Pamungkasna, kuring ngahaturkeun nuhun ka kersana Ceu Étty RS anu tos ngaluluguan PPSS sakitu lamina, kalayan rupaning kagiatanna kaitung suksés sarta tiasa ngahudang dangiang PPSS.

Ku kituna, sawatara program anu tos ditaratas ku Ceu Étty kalintang perelu diteruskeun ku pangurus anyar.

Upama kuring kapilih jadi Ketua PPSS, mangka program anu rék dijalankeun téh nyaéta:

1. Nuluykeun tur leuwih ngahangkeutkeun deui kagiatan anu ditaratas ku pangurus PPSS saméméhna, nyaéta: Medalkeun buku Sunda, Ngayakeun Saba sastra, Miéling Poé Basa Indung, mroduksi musikalisasi Sajak sunda, Ngayakeun saémbara ngarang Drama Sunda gawé bareng jeung Téater Sunda Kiwari, jeung sajabana.

2. Ngokolakeun website PPSS kalayan daria tur titén ka tim IT. Salila ieu, website PPSS kurang kapaliré, lantaran kurang ngalibetkeun para nonoman nu melék téknologi. Malah, lamun domain jeung hosting teu dibayar ku Dadan, sigana website PPSS téh geus leungit ti alam maya. Engké mah ieu website téh kudu dioptimalkeun. Rupaning informasi ngeunaan kapangarangan kudu nyampak dina website PPSS, sarta kudu interaktip. Carana, ngarékrut para nonoman anu mibanda sumanget ngagedur tur melék téknologi.

3. Ngayakeun pelatihan ngarang basa Sunda, ngaping tur kasempetan salega-legana ka para pangarang anyar pikeun aub dina kagiatan basa jeung sastra Sunda.

4. Ngayakeun gawé bareng jeung télévisi lokal, sarta sanggar téater, pikeun mroduksi film nu diangkat tina carpon.

5. Milu mantuan pangarang nu mibanda pasualan jeung penerbit buku.

6. Méré pangajén ka pangarang produktip jeung pangarang anyar minangka pangbagéa.

7. Ngayakeun silaturahmi ka para pangarang senior, pangpangna ka nu tos henteu kaduga nyerat.
Program-program sanésna masih kénéh diémutan. Kaasup bakal mertimbangkeun rupaning program anu disarankeun ku sakur anggota PPSS. Upama éta ajuan program téh dianggap hadé pikeun kamajuan basa jeung sastra Sunda, tangtu bakal dijalankeun.

Sakitu anu kapihatur. Nanging tiasa janten, ieu tulisan téh bakal ditambahan deui upama aya ilapat anyar nu loyog pikeun didadarkeun.

Hatur nuhun ka sadayana.

Hapunten tina samudayaning kalepatan.

Hurip Sunda!

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post