Pamiangan Saémbara: Niatna Kudu Hayang Jadi Juara



Catetan DHIPA GALUH PURBA

Lomba nulis téh bagéan tina pangaresep. Saban aya lomba nulis, boh basa Sunda atawa Indonésia, pasti sok miluan upama kira-kira kasawang waktuna bisa kaberik.

Komo deui lomba Fikmin, ti barang aya béwara ogé langsung curinghak. Komo deui lomba fikmin rada béda jeung lomba-lomba séjénna, ku lantaran kudu ngasupkeun 13 kecap kana eusi karangan.

Hal ieu dianggap mangrupa tangtangan. Adu hareupan jeung tangtangan dina widang nulis ogé mangrupa pangaresep.

Sakali mangsa kungsi ngawangkong, bari mulungan élmuna jeung Kang Perbu Godi Suwarna. Harita anu dipulungan téh palakiah miluan lomba.

Inget kénéh, ngawangkongna di Gedong Kasenian Rumentangsiang, Jl. Baranangsiang No. 1 Bandung.

Nurutkeun Kang Godi, nu ngaranna miluan pasanggiri mah kudu optimis meunang, kudu diniatan hayang unggul, hayang jadi juara.

Lamun teu boga pangjurung pikeun jadi juara, mending ulah miluan. Kira-kira siga kitu anu katangkep tina caritaan Kang Godi.

Dipikiran, dilenyepan, tétéla bener pisan. Sabab, ku cara boga pamiangan hayang jadi juara, tangtu dina ngarangna ogé bakal enya-enya, serius, moal wawayagon. Ku kituna, saban miluan lomba, pasti serius, husu, enya-enya, daria, ti mimiti ngetik hurup munggaran.

Kabeneran mangsana lomba asah fikmin téh mareng jeung Pasanggiri Tembang Sunda Cianjuran ka-20 di STSI Bandung. Kabeneran pamajikan keur meujeuhna tatahar ku lantaran miluan jadi salahsahiji peserta.

Ceuk pamajikan, “Abdi mah diajar wé, étang-étang ngalatih méntal, da ari juara mah tetebiheun…” kitu pokna. Pamajikan langsung digelendeng.

“Lamun pamianganna siga kitu mah mending ulah ngiringan! Ari badé ngiringan lomba kedah gaduh kahoyong pikeun jadi juara. Nanaonan ngiringan upami partisipasi wungkul mah. Mending kénéh ulah jadi ngiringan!” Kitu pok téh. Nya, ahirna pamajikan nurut, ngarobah motivasina.

Dina émprona pasanggiri tembang, pamajikan henteu asup kana babak final. Tah, dina lebah dinya aya deui sikep anu kudu diterapkeun, nyatana jembar haté narima éléh jeung ngaku kana kaunggulan peserta nu asup final.

Pundungan mangrupa sikep anu kudu dipiceun, malah dibalangkeun sing jauh. Komo bari jeung suudon ka déwan juri mah kalintang dipahingna.

Gugur atawa éléh dina pasanggiri kudu dianggap mangrupa pelajaran pikeun diajar leuwih daria, leuwih soson-soson, leuwih suhud.

Éta dua sikep anu salawasna dicepeng dina miluan pasanggiri: miang hayang jadi juara, sarta jembar haté tur ngaku kana kaunggulan peserta nu punjul nalika kudu nandangan bobor karahayuan.

Saméméh miluan dina Lomba Fikmin, aya puluhan lomba séjénna anu kungsi diiluan. Inget kénéh harita kungsi miluan lomba ngarang novel DK. Ardiwinata, lomba novel MANGLE, jeung sajabana.

Pesertana Kang Godi, Kang Hadi AKS, Kang Deden Abdul, Kang Tatang Sumarsono, Dadan Sutisna, jeung pangarang-pangarang kahot séjénna, anu ahirna sok jaradi juarana.

Tapi tetep wé dina  mangsana nyetorkeun naskah mah kalintang optimis jadi juara. Barang kaputusanna éléh, nya puguh jembar haté. Pokona lamun diitung-itung, dina sapanjang miluan pasanggiri nulis ti taun 1999, masih kénéh mindeng éléhna batan unggulna.

Sadar mindeng waé éléh, ahirna kira taun 2000, guguru sacara husus ka Dadan Sutisna. Guguru husus téh maksudna diajar ngarang, tapi ari judulna mah ulin.

Méh unggal peuting ka Pasirloa sanggeus bérés ngojég (baheula mah da tukang ojég, rute Panyileukan-Cibiru Hilir-Babakan Sayang-Cipanileman-Ranca Bango).

Jadi, henteu dines-dines teuing diajar ngarangna ogé, mimindengna mah bari gapléh atawa rémi kalayan taruhanna udud.

Fikmin mangrupa barang anyar anu siga énténg, tapi barang prak dipigawé tétéla kaitung bangga. Mimindengna mah macaan nu batur batan ngarang.

Macaan nu batur ogé mangrupa prosés diajar nu kalintang karasa gedé mangpaatna. Komén ogé rada diperhatikeun, tapi henteu pati daria siga maca karya fikminna.

Lantaran, sieun kapangaruhan ku pamadegan batur. Kaasup nu sok ngomén kana karya sorangan ogé, anu muji mah tara pati diperhatikeun. Lamun anu ngritik, sok diperhatikeun.

Sabab, kalintang sadarna yén kudu ati-ati kanu muji, sieun kalalanjoanan. Perkara komén mah nu dipakéna falsafah obat: biasana sok karasa pait.

Barang ngilikan 13 kecap anu kudu diasupkeun kana karangan, saliwatan mah réa anu pagedrug. Contona kecap “Jas hujan” jeung “bulan”.

Anu mimiti kapikir téh, piraku usum hujan aya bulan? Atawa sabalikna, piraku mangsa caang bulan mamaké jas hujan.

Sanajan ari geus ditamperkeun mah tétéla henteu pati bangga. Jorélat wé kapikir, bulan téh bisa dipaké nuduhkeun umur (misalna tujuh bulan), nuduhkeun waktu (misalna Bulan Novémber), nuduhkeun kaayaan kandungan (misalna Bulan Alaeun), nuduhkeun ngaran jalma, atawa bisa dipaké naon baé.

Malah antukna kapikir ogé, taya salahna maké jas hujan mangsa caang bulan. Hal éta kapikir mangsa inget jaman Ospék.

Anu ngospék mah bisa nitah kumaha baé ka nu diospék, kaasup maké jas hujan mangsa caang bulan, dikongkorong sendal, jeung hal-hal séjén anu teu ilahar. Najan teu ilahar kapan tetep réalistis, da kitu iklimna dina Ospék mah.

Tina ngilikan 13 kecap anu kudu diasupkeun kana karangan, karasa imajinasi mimiti ngaprak ka mana karep.

Tapi tina 13 kecap, dicokot wé kecap nu jadi fokusna dua kecap. Sabab lamun kabéhanana jadi kecap nu fokus sigana rada bangga jeung aya bahan pabéntar jeung prinsip kapokusan karangan.

Maksudna pripsip kafokusan karangan téh kieu: sababaraha taun katukang, Dadan kungsi ngritik ku lantaran dina carpon téh lalakonna henteu fokus, loba ngalér ngidul, jeung loba teuing tokoh. Jadi, lamun dina fikmin aya 13 tokoh nu jadi peran utama, sigana mémang moal pati fokus.

Rét kana karangan Kang Ganjar Kurnia ngeunaan kisah cinta Sendal jeung Sapatu. Tétéla anu jadi fokus mah ngan dua.

Bener pisan naon nu ditepikeun ku Kang Godi, dina éta carita mah pilihan kecap anu 13 téh lain saukur jadi alat, tapi jadi tokoh utamana.

Tidinya beuki kabuka, yén tina 13 kecap téh kudu aya salahsahijina atawa dua kecap anu jadi fokus carita, lain sakadar alat atawa tokoh pembantu.

Ku kituna, basa ngarang “Soréang, Novémber 2012”, nyoba-nyoba nyokot kecap “Pedang” jeung “Sepré” minangka bagéan anu kalintang penting dina éta carita.

“Pedang” minangka tokoh utama gaganti layon nu kabawa palid. Demi “Sepré” mangrupa pituduh ahir yén layon téh gedé kamungkinan palid ka walungan Cikasungka.

Ari geus asup walungan Cikasungka, kadituna bisa jadi brasna ka Walungan Citarum, ku sabab Cikasungka “anak sungai” Citarum.

Di hiji sisi, aya 13 kecap anu kudu diasupkeun kana karangan téh mangrupa tangtangan. Tapi, basa geus manggih jalan carita mah karasana jadi béda. Éta 13 kecap téh kalah karasa ngabantu pikeun ngamekarkeun lalakon. Malah geus diniatan ieu fikmin rék dimekarkeun jadi carpon, malah lamun jadi novél ogé asa bakal bisa.

Sanggeus fikmin “Soréang, Novémber 2012” diposting, bet hayang deui ngarang fikmin anu bisa nepungkeun bulan purnama jeung jas hujan, bari tetep réalistis. Nya anu kapikir téh jaman ospék. Dena detik pamungkas lomba asah, éta fikmin kaburu kénéh dikirimkeun.

Dina perkara ide carita, satungtung mibanda rasa kapadulian atawa titén kana kaayaan di sabudeureun, kawasna ide carita mah moal saat.

Tong boro kajadian musibah caah di Soréang, dalah bijil jeung surupna panon poé, angin nu ngaliwir nebak dangdaunan, jeung sajabana, éta ngandung makna lamun dilenyepan.

Gusti Allah nyiptakeun sagala rupa di ieu alam binarung makna nu perelu dilenyepan. Mangsa ngararasakeun hiliwirna angin, taya salahna mun sakedapan ngalenyepan kaagungan Nu Maha Kawasa. Mangsa hujan ngagebrét, taya salahna ngalenyepan makna disatukangeun hujan.

Mémang, sakapeung mah sok aya nu nyeungseurikeun. Nanaoan melongkeun katumbiri? Nanaonan melongkeun cai nu ngamalir? Siga anu rék jadi duit baé?

Tah, lamun sagala rupa hal ukuranna “kudu jadi duit”, dijamin bakal jauh tina inspirasi, da puguh ukuranna kacida leutik “ukur duit”.

Nu paling parna, leungit rasa kakagum kana ciptaan Nu Maha Kawasa, da puguh mikagum mah teu jadi duit.

Padahal rasa kagum geus tumerap dina diri manusa mangsa mimiti gumelar ka alam dunya. Budak orok anu ngabakatak mangsa ngabandungan ketak cakcak, nandakeun aya rasa kagum dina dirina.

Beuki gedé, rasa kagum nungtunan laleungitan, kasilih ku pikiran “teu jadi duit”. Salaku pangarang, sadar pisan yén titén kana kaayaan, mikagum kana ciptaan Nu Maha Kawasa, mangrupa jandéla atawa panto pikeun tembusna daya inspirasi.





0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post