Soréang, Novémber 2012 - Fiksimini Bahasa Sunda

ilustrasi, banjir di Bojong Asih, Dayeuhkolot, Bandung (Foto Dhipa Galuh Purba)


Fikmin DHIPA GALUH PURBA

Tadina mah moal digugu wasiat jenat salakina téh. Tapi, antukna mah pedang kameumeutna tulus dikurebkeun.

Sanggeus dirurug taneuh, Eros neundeun batu sagedé hulu, tuluy ngawuran kembang. Sawangan Eros nyoréang ka mangsa nu geus kasorang.

Ras inget basa ucing hideung ngagajleng ti para, tuluy luncat kana layon salakina nu ngajepat dina kasur. Ucing dibuburak.

Koréléng ka lawang panto, tuluy dibalédog ku sendal, mabur. Tacan rerep rasa kagét, ngadadak hujan angin dor-dar gelap.

Caah déngdéng! Cai ngagulidag. Saréréa soak, birat ti imah nu keur kapapaténan. Eros ngarawu budakna nu kakara tujuh bulan, tuluy lumpat kaluar.

Kerewek kana jas hujan nu ngambang, rap ditiungkeun ka budakna. "Buru kadarieu!" Mang RT gogorowokan bari gugupay ti hateup gudang sapatu.

Lima lalaki nyekelan tarajé bari ngabantuan nu naraék. Eros milu ngantay, nété tarajé. Layon salaki Eros teu kapaliré, kabawa palid.

Eros apruk-aprukan maluruh. Nu kapanggih ukur sepré tilam layon, nyangked na tangkal palebah péngkolan walungan Cikasungka.

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post