Senin, 04 Juni 2018

Sisindiran (1)




Kokotretan DHIPA GALUH PURBA

Abdi mah alim ka kampung
Sieun ka Sumedang hilir,
Abdi mah alim dicandung
sieun ditinggalkeun kilir

Abdi mah alim ka kampung
hoyong ka Néderlan baé,
Abdi mah alim dicandung,
Hoyong ku sorangan baé.

Baju hideung ti Cikanji
dikaput ku mérang awi,
Nu hideung matak kataji
sing emut ka diri abdi (adeuuuh...)

Baju koko dibulao,
kembangna katuncar mawur,
Hanjakal teu ti baréto,
Ayeuna mah geus nu batur

Kasur mentung bantal panjang,
Aya bogo di kacaikeun,
Anu jangkung abdi melang,
Rasa bogoh urang jadikeun.

Daun nona daun saga,
Bayeungyang ku cai amis
Teu ayeuna sugan jaga,
kasorang jeung urang Ciamis

Kukulu di buah manggu
pisitan buah ramanten
kuru téh sanés kirang nyatu,
Mikiran nu hideung santen.

Suwangkung ulah dihumbut
pikeun tihang papajangan,
Nu jangkung ulah sok imut,
bisi kuring kaédanan.

Bangbara dina bangbarung,
kulit munding kahujanan,
Sangsara abdi dicandung,
gulang-guling ngan sorangan.

Haruman gunung haruman,
boboko di ka parakeun,
Kaluman abdi kaluman,
kabogoh geus nyapirakeun.

Jam karét geuning jam karet,
Bayeungyang ka hulu-hulu
Kapélét abdi kapélét,
Ku bujang urang Panjalu

Ngala pangpung meunang ruyung
ngala régang kai mahoni
Gering nangtung ngalanglayung,
lantaran Lia Réfani

Cai mulang cai malik,
cai ngocor ka astana,
Bingung mulang bingung balik,
kabongroy kieu rasana.

Sok hayang nyaba ka kampung
ka Soréang Majalaya
Sok hayang nanya nu pundung,
hayang terang kapalayna.

Damar kurung damar halu
damar siang pamidangan,
Mun teu tulus ka urang Panjalu
palangsiang kaédanan.

Cau susu jantung hideung,
matak peunggas palapahna,
Lucu ku nu jangkung hideung,
matak waas ku paripolahna.

Ka Cibogo ka Cisempur,
meri diparaban kina,
Kabogoh direbut batur,
nyerina kabina-bina.

Ngala pancar ka Cinangka,
ngala awi jeung iwungna,
Rarancang mah ka anakna,
ari kawin ka indungna.

Daék sotéh ka Cipala
narah jalan ka Soreang,
Daék sotéh ka Kang Dipa
ka nu sanés mah teu hayang (narsis pisan)

Kersa soteh ka Sayati,
narah jalan ka Soreang,
Kersa soteh ibadah ka Gusti,
Nu méngpar mah moal nyorang

Kunaon kalapa mingsal
Kabéngbat pada nyaroro
Kunaon puasa batal
Kabéngbat hoyong ngaroko

Ari payung payung Jepang,
keur Jepang di ka parakeun,
Ari jauh hoyong tepang,
geus tepang disapirakeun.


Comments
0 Comments

0 komentar: