Lalakon Hadiah Sastra LBSS


Ku DHIPA GALUH PURBA

NGAHATURKEUN wilujeng tur ngiring bingah ka para sastrawan jeung kolomnis Sunda anu dilélér pangajén Hadiah Sastra LBSS (Lembaga Basa jeung Sastra Sunda) taun 2004 jeung 2005. Sadayana ogé merenah tur loyog meunang éta pangajén, dumasar kana karya-karyana salila taun 2004-2005.

Nurutkeun sawatara sumber, pangajén Hadiah Sastra LBSS (HSL) geus lumangsung ti taun 1957. HSL munggaran dilélérkeun ka Rusman Sutiasumarga dumasar kana buku karanganana mangrupa antologi carpon Papacangan (Balai Pustaka, Jakarta). HSL II dilélérkeun taun 1959 ka Rahmatullah Ading Affandi (RAF), dumasar buku karyana mangrupa kumpulan carpon Dongéng-Dongéng Énténg ti Pasantrén (Taraté, Bandung).

Demi HSL III dilélérkeun taun 1961 ka Wahyu Wibisana, salaku pinunjul saémbara nulis carpon anu digelar ku LBSS dina raraga mapag Kongrés Basa Sunda (KBS) IV. Tapi taun 1962 nepi ka 1988, LBSS henteu ngalélér HSL, lantaran henteu aya waragad. Kakara dina taun 1989, sabada KBS di Cipayung Bogor (1988), anugrah HSL digiatkeun deui. Tulisan anu diajén ogé lain baé buku, tapi prosa jeung puisi anu dimuat di média massa Sunda sapanjang taun 1989. Malah LBSS ogé ngalélér pangajén ka pamedal anu dianggap gedé jasana dina nerbitkeun buku-buku sastra Sunda.

Bisa disawang kumaha ngagedurna sumanget LBSS mangsa harita pikeun ngahirup-huripkeun basa jeung sastra Sunda. Saperti anu ditétélakeun dina buku Salumar Sastra (Geger Sunten, Bandung, 1993), LBSS nepi ka nyiar tarékah nyebarkeun lambaran format A1 pikeun data pangarang katut karyana sapanjang taun 1989, sarta lambaran format A2 pikeun data pamedal katut buku-buku pedalanana sapanjang taun 1989. Tina éta informasi, LBSS bisa maluruh data karya sastra. Malah henteu cukup ku kitu, LBSS jeung déwan juri ogé masih maluruh deui karya-karya anu patulayah di média massa.

Ku ayana sikep anu pro-aktif, LBSS bisa meunang data anu cukup akurat ngeunaan jumlah pangarang katut umurna, jumlah tulisan anu diajén, sarta jumlah buku anu medal. Tina 582 tulisan jeung 32 judul buku karya 140 pangarang, LBSS netepkeun genep nominator katégori A (anu umurna 21-35 taun) jeung 15 nominator katégori B (anu umurna 36-50 tahun).

Éta prosés anu daria téh ahirnya ngajajapkeun Etty RS salaku pinunjul katégori A dumasar sajak-sajakna, jeung Yoséph Iskandar minangka pinunjul katégori B dumasar karyana dina wanda carpon, sarta pamedal Rahmat Cijulang dumasar jasana dina medalkeun buku sastra Sunda.

Ti waktu ka waktu, LBSS tetep konsistén ngalélér HSL ka pangarang jeung kolomnis Sunda. Boh ngamangpaatkeun dana ti pamaréntah, atawa ku cara nyiar sponsor swasta. LBSS lir anu hayang ngabuktikeun yén henteu dibantuan ku pamaréntah ogé, ngalélér HSL tetep bisa lumangsung. Tug nepi ka ahir taun 2006 anu kaliwat, LBSS gawé bareng jeung Dinas Kebudayaan dan Pariwisata (Disbudpar) Jawa Barat. Hartina ngamangpaatkeun waragad ti pamaréntah.

Dina pidato pamasrahan HSL, Drs. Taufik Faturohman, ketua LBSS, nétélakeun yén LBSS sanggup nyayagikeun hadiah LBSS sababaraha tikel tina jumlah hadiah pamahanan Disbudpar, saperti ku cara nyiar sponsor swasta. Éta sikep téh némbongkeun sumanget anu ngagedur pikeun miara kalumangsungan HSL, kalayan henteu gumantung teuing ka pamaréntah.

Dina pakumbuhan sastra Sunda, aya sawatara pangajĂ©n anu waragadna henteu ngandelkeun duit rahayat. Saperti Hadiah Sastra Rancage (HSR),  anu lumangsung sacara kontinyu saban taun, ti 1989 nepi ka kiwari. HSR dilĂ©lĂ©rkeun ka pangarang dumasar kana buku prosa atau puisi karanganana anu dianggap pinunjul, tokoh anu gedĂ© jasa dina kamekaran sastra, jeung pangarang  anu nulis buku  bacaeun barudak.

Éta pangajén anu diluluguan ku Ajip Rosidi téh diajangkeun pikeun pangarang jeung tokoh pinilih di tatar Sunda, Jawa, jeung Bali. Pengarang jeung tokoh pinilih dilélér hadiah mangrupa piagam jeung duit anu gedéna Rp 5.000.000,-, sarta ngalélér hadiah sastra Samsudi jeung duit anu gedéna Rp 2.500.000,- pikeun pangarang bacaeun barudak dina basa Sunda anu nyumponan kritéria pangajén.

Aya deui hadiah bulanan Carpon Pinilih Mangle (CPM), anu dilĂ©lĂ©rkeun ka pangarang anu carponna dimuat di ManglĂ©. Saban bulan, dĂ©wan juri milih  carpon anu pangnyongcolangna kalayan dilĂ©lĂ©r duit Rp 1.000.000,- ti Drs. H. Uu Rukmana, M.Si. Iwal ti CPM, masih kĂ©nĂ©h di Majalah ManglĂ©, aya hadiah bulanan Kolom Pinilih (hadiahna Rp 250.000,- ti Drs. Setia Permana), Sajak Pinilih (hadiahna Rp 250.000,- ti Ir. Juniarso Ridwan), jeung Ha Ha Ha Pinilih (hadiahna Rp 100.000,- pikeun tilu urang, ti Drs. H. Dadang Iskandar, M.Pd).

Dina kaputusan KBS VIII di Subang (2005), henteu aya kawajiban LBSS pikeun ngalélér HSL ka sastrawan atawa kolomnis Sunda. Kilang kitu, LBSS tetep ideng sarta tanggung jawab nuluykeun tradisi ngalélér HSL. Komo deui sabada ngabandungan pidato ketua LBSS anu dibarung ngagedurna sumanget pikeun ngahirup-huripkeun kalumangsungan sastra Sunda.

Hanjakal pisan  sumanget ketua LBSS tĂ©h henteu dirojong ku rĂ©ngrĂ©ngan pangurus LBSS anu sĂ©jĂ©nna. Kabuktian dina prosĂ©s ngajĂ©n HSL 2004-2005, siga anu langlayeuseun dibandingkeun jeung prosĂ©s ngalĂ©lĂ©r HSL 1989.

Nurutkeun Déwan Juri anu ditétélakeun dina béjér pangajén, maranéhna ukur narima karya-karya sastra anu dimuat di Majalah Manglé, Cupumanik, Kudjang, Galura, jeung HU. Pikiran Rakyat. Déwan juri ukur meunteun karya sastra pamahanan panitia HSL, henteu milu maluruh karya séjénna. Boh panitiana, boh déwan jurina, henteu daria maluruh karya sastra sapanjang taun 2004-2005.

Pangna disebut henteu daria, sabab loba kĂ©nĂ©h karya sastra di mĂ©dia basa Sunda sĂ©jĂ©n anu diliwat. Saperti dina Majalah Sunda Midang, Bina Da’wah, Seni Budaya, Iber, Giwangkara, Mandiri, Langlang Mitra, jstĂ©.

Leupas tina alus atawa gorĂ©ngna, dina Ă©ta mĂ©dia tĂ©h nyampak tulisan mangrupa carpon, sajak, jeung Ă©sĂ©y. Para pangarang saperti Holisoh ME, PipiĂ©t Senja, Fendy Sy. Citrawarga, jsb, kaitung produktip nulis di mĂ©dia anu diapilainkeun ku LBSS. Leuheung kĂ©nĂ©h pangarang anu disebutan bieu mah, da sok narulis di ManglĂ© atawa Galura. Ninggang ka pangarang anu kakara kaburu ngumumkeun karyana di Sunda Midang atawa Bina Da’wah, tangtu maranĂ©hna kaleungitan hakna pikeun diajĂ©n ku LBSS.

Bisa jadi karya-karyana henteu sabaraha hadé, tapi teu pamohalan aya di antarana anu punjul. Tapi pasualanana lain lebah hadé atawa goréngna, meunang atawa éléhna. Tapi éta karya-karya di média anu diliwat ku LBSS téh mangrupa bagéan tina hasanah kasusastraan Sunda sapanjang 2004-2005.

Upama LBSS bisa neuleuman kalawan daria, lobana média massa basa Sunda anu midangkeun karya sastra Sunda téh minangka bagéan tina kasuksésan LBSS, sakumaha anu ditétélakeun dina kaputusan KBS VIII, antarana: Ngusulkeun sangkan pamekaran basa Sunda ngamangpaatkeun média citak jeung éléktronik; Umajak ka masarakat sangkan ngawangun kelompok-kelompok afrésiator jeung seni Sunda.***


Ranggon Panyileukan, 1427 H

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post