Nanjeurkeun Média Sunda



Ku DHIPA GALUH PURBA

MINANGKA bubuka, kuring rék ngadadarkeun heula lalampahan ieu naskah. Tos ti béh ditu mula, nyerat ieu kereteg téh. Mimitina ditulis dina basa Indonésia, kalawan dikirimkeun ka HU. Pikiran Rakyat ngaliwatan e-mail/serat éléktronik (18/07/05). Énjingna Redaktur Opini HU. Pikiran Rakyat ngirim SMS ka kuring anu unina: “Email telah diterima dengan baik. Sayang, wacana tentang Sunda cooling down dulu. Pada saatnya kita buka lagi.” (ditarima 14/07/05, jam 19. 06 WIB). Kuring kalintang malum tur ngarti kana éta kawijakan tur ta ngahaturkeun nuhun ku ayana perhatian langsung sarupa kitu.

Satuluyna ieu naskah téh disundakeun, sarta dikirim ka Redaksi Manglé. Tapi ditampik ku ayana  alesan Polémik LBSS ditutup. Tangtu wé eu naskah henteu dimuat, kalayan kuring ogé kalintang ngamalum tur ngarti kana kawijakan éta. Tapi kuring henteu peunggas harepan. Dipendet di hilir, kari néangan liang ka girang, pon pilalagi sabalikna. Antukna ieu tulisan dimuat di Majalah Bina Da’wah anu dipedalkeun ku Dewan Dakwah Islam Indonesia. Moal aya nu nampik di Majalah Bina Da’wah mah, sabab kuring redakturna. Tadina mah ngahaja hayang nulis di média salian ti Bina Da’wah, ngarah leupas tina susuluk “jago kandang”. Tapi ari di mamana teu dimuat? Nya taya deui jalan iwal ti dimuat di Bina Da’wah.

Nanjeurkeun agama Islam bisa ku rupaning cara jeung rupaning média. Di antarana ngaliwatan Majalah “Bina Da’wah”.  Jadi, lamun aya nu nutupan, nyapirakeun, komo ngahalang-halang kalumangsungan ieu majalah, tangtu kudu ditalék: naon maksudna? Utamana mah para inohong nu boga tanggung jawab miara basa Sunda, nyatana Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Jawa Barat (Disbudpar Jabar) anu dipercaya pikeun ngokolakeun Perda Nomor 5 Taun 2003. Iwal ti éta, tangtu baé lembaga  anu ngakukeun rék ngamumulé basa Sunda saperti LBSS (Lembaga Basa jeung Sastra Sunda), anu sawatara waktu kaliwat ngagelar Kongrés Basa Sunda (KBS) VIII di Subang.

Dina KBS VII di Subang, anu dipapancénan nyusun makalah ngeunaan média massa basa Sunda téh taya lian Us Tiarsa, kalayan dijudulan “Basa Sunda dina Média Massa”. Hanjakal pisan Us Tiarsa (Saterusna rék disebut Kang Us) henteu daria nyusun makalahna, malah aya kesan—nambut istilah Ki Edas—déngdék topi. Ku ayana kitu, kuring kapaksa nyawad tulisanana, patali sareng kahéngkéran eusina, sanés ngutak-ngatik kapribadianana.

Dina paragraf katilu, Kang Us nyebutkeun yén kiwari média massa Sunda nu masih kénéh mayeng medal téh kari “Mangle”, “Galura”, “Giwangkara”, “Kujang”, “Mandiri”, ditambah ku dua majalah ukuran leutik, “Cupumanik” jeung Majalah “Sunda Midang”.

Duka Kang Us teu uninga, atanapi teu nganggap penting ka  média massa Sunda sanésna, saperti “Bina Da’wah”, “Sarakan”, “Iber”, “Logay”, “Pakansi”,Swara Cangkurileung”, “Suara Daerah”, “Bhineka Karya Winaya”, ssjb.  Kuring ogé langsung kerung,  basa Kang Us gaduh anggapan “Sunda Midang” minangka majalah anu ukuranana leutik siga “Cupumanik”. Padahal ukuran “Sunda Midang” mah sami pisan sareng “Manglé”, ukuran keretas A-4.  Ari “Cupumanik” mah sami sareng “Swara Cangkurileung”, ukuran keretas A-5. Kumaha cara ningalina nepi ka A-4 dianggap sarua jeung A-5?

Makalah  Us Tiarsa diwengku ku tilu bagéan; “Basa Jurnalistik”, “Kaleungitan Rasa Bahasa Sunda”, sareng “Komisi Basa Média Massa”. Dadaran “Basa Jurnalistik” minangka bagéan anu pangpanjangna. Tapi  katingalina mah teu pati penting diguar. Éta pangaweruh jurnalistik dasar téh langkung loyog upama jadi bahan mata kuliah Jurusan Jurnalistik seméster 1, sanés kanggo makalah kongrés (Ka payunna, anu katingalina pipanteseun ngadamel makalah jurnalistik Sunda mah katingalina Aan Merdéka Permana).

Dina bagéan kadua, Kang Us nyorot kalumangsungan basa Sunda anu henteu nyunda di radio, télévisi, sareng média massa. Numutkeun Kang Us, anu ngalantarankeun kaayaan siga kitu téh alatan wartawanna anu henteu terang wangunan kalimah basa Sunda.

Iwal ti éta, Kang Us ogé gaduh pamadegan yén cara mikir wartawanna anu ngagunakeun basa Indonésia. Ironisna, Kang Us ngaku yén mantenna teu acan ngayakeun panalungtikan nu daria. Leuwih ironis deui,  da geuning makalah Kang Us ogé kirang mibanda rasa basa Sunda, sakaligus cara ngémutna ogé sari-sari ngagunakeun basa Indonésia—numutkeun pangimeut kuring.

Dina bagéan katilu, anu diwengku ku sabelas jajar, Kang Us langkung nyorot praktisi jurnalistik Sunda. Kang Us gaduh pamadegan yén ampir di unggal koran, majalah, radio jeung télévisi, anu ngagugulung basa Sunda téh angger wé wartawan nu geus aya umuran. Ana kitu mah, tuduhan Kang Us dina seratan bagéan kadua téh ditujukan ka wartawan senior.

Mungkas makalahna, Kang Us ngusulkeun sangkan ngadamel rékomendasi pikeun ngadegkeun Komisi Basa Sunda Média Massa. Anapon pancénna taya sanés nalungtik kamekaran basa Sunda, nyusun istilah, ngayakeun latihan basa pikeun wartawan sareng redaktur média massa Sunda. Otomatis  ogé kalebet ngalatih Abdullah Mustafa, Duduh Durahman, Karno Kartadibrata, Dadan Sutisna, sareng redaktur média massa Sunda sanésna, patali sareng pamendakna dina paragraf kadua téa.
**

TAYA pikiran anyar nu kairong tiasa ngaleyurkeun pasualan média massa Sunda. Upama média massa nasional sareng média massa dunya ibarat anu balap di sirkuit, média massa Sunda mah masih kénéh riweuh ngurus dapur nyalira; kumaha ngabebenah SDM sangkan tulisanana mibanda rasa basa Sunda, ngoméan manajemén sareng mikiran kahirupanana. Padahal upama nengetan sawatara conto média massa Sunda baheula (dina Makalah KBS VIII, kénging Abdulah Mustafa), média massa Sunda kiwari jauh leuwih nyunda. Kilang kitu, numutkeun sawangan simkuring mah pasualan média massa Sunda mah sanés éta, henteu sabasajan anu didadarkeun dina KBS VIII.

Saleresna, pasualan intern-ekstern anu ngalantarankeun média massa Sunda ngalanglayung, tos tiasa kabadé. Kanggo sakadar malikan deui pikiran heubeul, masalahna téh taya sanés kirangna investasi (modal), manajemén, kirangna kasejahteraan karyawan (nu ngokolakeun média massa Sunda), kirangna SDM (aya gantar kakaitan sareng masalah kasejahteraan), sareng satumpuk perkara sanésna. Iwal ti éta—nambut istilah kliseu—pangaruh transpormasi sosial-budaya sareng ngaheureutanana basa Sunda di kalangan masarakat Sunda, nu ngalantarankeun oplah média massa Sunda jadi noron.

            Dina kondisi siga kitu, masih kénéh seueur nu ngarasa reueus, margi média massa Sunda leuwih maju dibandingkeun jeung média massa étnis sanés (Mangle, No. 1851). Duka kedah ngarasa éra atanapi sabalikna jadi gedé haté ku ayana anu dikedalkeun ku Sakdani Darmopamudjo, pupuhu PWI Cabang Surakarta manten. Numutkeun anjeunna, média massa basa Jawa di Jawa Tengah tinggal panineungan, tos taya deui koran atanapi majalah nu medal kalayan ngagunakeun basa Jawa. (di Jawa Timur, medal kénéh majalah basa Jawa; Penyebar Semangat sareng  Jayabaya, di Yogyakarta ogé masih medal Joko Lodhang).

Béda sareng kaayaan di kalangan masarakat Sunda. Di sagédéngeun basa Sunda masih dipaké, di kalangan kulawarga Sunda ogé, majalah Sunda seueur kénéh dipajang di rohangan tamu minangka lambang idéntitas jeung kareueus (Suara Merdeka, 14/02/2002).

Pikeun sakadar ngumbar panineungan, urang Sunda kantos gaduh 36 média basa Sunda (Derap Pembangunan Pers di Jawa Barat, BPPP, 1987). Dua di antarana koran basa Sunda anu medal unggal dinten: “Sinar Pasoendan” (1933-1942) sareng “Sipatahoenan” (1924-1942 di Tasikmalaya sareng 1969-1985 di Bandung). Demi Majalah Sunda anu pangkolotna nyaéta Parahiangan (1919), anu dipedalkeun ku Balai Poestaka Jakarta, asuhan M.A. Salmoen jeung R. Satjadibrata.

Kiwari mémang nasib média massa Sunda langkung pikaketireun, lantaran tos dianggap taya deui pulukeunana pikeun nu maca. Kudu diaku ku para praktisi média massa Sunda, yén salila ieu média massa Sunda monoton, konvensional, henteu mibanda daya pangirut atanapi kelét nu pikauruyeun. Ninggang ka masarakat urang nu tos kabéngbat ku warta sing sarwa téréh, nu tiasa kapanggih dina tayangan layar kaca bari teu kedah mikiran langganan, tangtos langkung parna.

            Ajén kualitas tulisan jurnalistik dina média massa Sunda, ti mangsa ka mangsa mingkin nyirorot, henteu karaos guligahna, henteu katara kritisna, henteu siga Majalah Sunda kapungkur (anu diasuh ku Ajip Rosidi), henteu nyosok jero, anu antukna karaos hambar. Sanajan aya tulisan anu rada nyérémpét kana feature, tapi langkung seueur mintonkeun profil tokoh anu dibarung ku sagala kasucianana; préstasi para pajabat atanapi biografi instansi pamaréntah ti nu panghandapna dugi ka pangluhurna (Pantau No. 023, Maret 2002).

Padahal para jurnalis Sunda tos “dibibita” ku Hadiah Sastra Jurnalitik Moh. Koerdi ti Paguyuban Pasundan. Tangtos baé perkara ieu téh ku jalaran SDM anu kurang profésional, patalina sareng henteu mampuhna pangusaha média massa Sunda pikeun mayar gajih anu nyukupan. “Rék kumaha para jurnalis Sunda bisa nyieun tulisan nu nyosok jero, upama di sagédéngeun éta anjeunna kudu boga ‘profesi ganda’ pikeun nyumponan kabutuhan hirupna; jadi montir alat elektronik, makelar, tukang kiridit, atawa usaha séjénna.” (Duduh Durahman, Makalah Konferensi Internasional Budaya Sunda/KIBS 2003).

Pasualan sarupa kitu téh mindeng pisan dikedalkeun ku para inohong sareng intelektual Sunda. Salian ti dina KIBS atanapi KBS, média massa Sunda kantos dipadungdengkeun dina Pelatihan Jurnalistik Sunda (1997), Kerja Latihan Wartawan (2000), Semiloka Pers Daerah (2001), jsté. Hanjakal pisan, najan béjana aya ideu-ideu hadé, tapi tacan kantos aya lajuning laku-na. Sabada diskusi bubar, gagasan sareng ideu-ideu ogé ngiring bubar, anu antukna pikiran ngeunaan média massa Sunda ukur jadi sabangsaning seremonial dina acara-acara resmi.

Numutkeun Dédy Djamaludin Malik, pupuhu STIKOM Bandung, aya pasualan komunikasi nu ngalantarankeun mundurna média massa Sunda. Kiwari média massa Sunda tacan tiasa ngarampa kabutuhan masarakat, ukur samet nuturkeun kahayang redakturna (Kompas, 16/07/2001). Sumuhun, naon atuh ari kabutuhan masarakat Sunda téh?

Nambut istilah Tempo, hiji média massa citak kudu ngeunah dibacana sareng kudu perelu (enak dibaca dan perlu). Pon kitu deui média massa Sunda. Upama masarakat gaduh anggapan basa jurnalistik Sunda kiwari hésé dihartikeun, bulat-beulit atanapi ukur ngulinkeun kekecapan, atuh puguh antusias atanapi sumanget macana ogé jadi leungit. Komo deui upami dikiruhan ku "henteu perelu".

Upama harga BBM naék; média massa Sunda sok latah ngiring ngamuat warta anu tos séép dibéréndélkeun ku média massa basa Indonésia. Padahal sigana di Tatar Sunda masih kénéh aya pakampungan "anti" BBM sareng listrik, nu ngagunakeun suluh keur ngasakan, atanapi ngagunakeun minyak keur nyaangan. Tah, naha warta éta teu can kungsi ditoél? Jawabanana balik deui kana masalah heubeul: SDM sareng kasejahteraan.

Nilik pabeulitna perkara média massa Sunda, jorojoy aya pananya dina jeroning haté; naha média massa Sunda masih kénéh tiasa disalametkeun? Sesah ngabayangkeun kahirupanana 30 taun nu baris datang. Upami para sepuh nu salami ieu satia majang koran/majalah Sunda di rohangan tamu minangka kareueus, saterasna dina hiji mangsa miheulaan ngantunkeun, saha saterasna nu ngalanggan média massa Sunda? Upama para redaktur kahot tos pangsiun, saha nu bakal ngokolakeun média massa Sunda?

Kabéhdieunakeun beuki kapikir, perkara regenerasi téh minangka bagéan anu pangpentingna dina ngalestarikeun kahirupan média massa Sunda sangkan hirupna leuwih panjang. Kilang kitu, ngalahirkeun re-generasi média massa Sunda, sanés pikiran anu anyar. Tapi salami ieu,  taya guam nu nyata pikeun nyiptakeun generasi anyar. Basa média massa Sunda dipadungdengkeun dina KIBS atanapi KBS, méh taya generasi anyar nu kataji—salian ti kalangan pers Sunda nyalira. Naha perkara ieu téh lantaran sikep otoriter para kasepuhan nu nganggap generasi anyar sarwa héngkér dina ngokolakeun média massa Sunda, kalebet dina ngagunakeun basa Sunda?

Di Jawa Barat, aya ratusan, malah boa rébuan mahasiswa nu neuleuman jurnalisme. Sabaraha urang di antara aranjeunna nu kahudang kereteg batinna pikeun ancrub kana média massa Sunda? Pasti jumlahna sakedik. Sanajan aya sawatara mahasiswa nu ngayakeun job training di perumahan pers Sunda, ampir taya nu kataji pikeun tuluy neuleumanana. Aranjeunna ukur nganggap média massa Sunda minangka tempat eksperimen.

Upama Pers Sunda tiasa ngarangkul generasi ngora, ngahudang kareueusna kana média massa Sunda, aya sawatara mangfaat anu tiasa kaala. Kahiji, aranjeunna langkung apal kahayang generasi ngora sacara umum, antukna média massa Sunda apal kana médan nu bakal disorangna isuk jaganing géto. Kadua, idealisme aranjeunna kaétang kiat, anu antukna—keur saheulaanan—kasejahteraan  tiasa jadi nomer dua. Katilu, pangaweruh ngeunaan widang séjén nu aya patalina sareng média massa, contona dunya cyber, desain grafis sareng sajabina, tiasa ngarojong kamajuan média massa Sunda dina mangsa nu baris datang.

Tangtos baé sanés hartosna média massa Sunda kedah diformat sakumaha kahayang generasi ngora. Tapi tarékah pikeun ngahudang rasa kataji aranjeunna, misalna ku ngayakeun Lomba Nulis Artikel média massa Sunda, Ngawanohkeun média massa Sunda ka paguron Luhur sareng sakolaaan, tiasa ngadatangkeun suasana anyar. Koran Sunda Mingguan “Galura” minangka média massa Basa Sunda nu kawilang aktif ngayakeun torobosan-torobosan anyar pikeun ngarangkul generasi ngora.

Generasi ngora ogé hadéna mah dibéré kalaluasaan pikeun ngagunakeun basa Sunda anu demokratis, henteu disengker ku aturan itu-ieu, henteu dibeungbeuratan ku tumpukan undak-usuk. Keun baé maranéhna ngagunakeun basa Sunda saayana, sabisana, sanajan henteu "nyunda", batan henteu pisan mah.

Mémang jalma-jalma nu arogan jeung nganggap basa Sunda manranéhna pangbenerna, bakal nganggap ieu tarékah minangka awal tina ruksakna basa Sunda. Tapi ngarah generasi ngora kataji ku basa Sunda, diperelukeun hiji prosés, tangtosna kedah langkung ngartos jeung apal ka dunya aranjeunna. Ku ayana kitu, “Héy…dulur-dulur generasi ngora, hayu urang ngagunakankeun basa Sunda sabisana baé. Isuk  jaganing géto, tangtu bakal apal basa Sunda nu bener  jeung hadé,  sakumaha ngarti kana basa-basa séjén!

**

BRAS kana Peraturan Daerah (Perda) No 5 Taun 2003, ngeunaan “Pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Daérah”, anu réalisasina dilaksanakeun ku régréngan Disbudpar Jabar. Eusi Perna No 5 Taun 2005 téh di antarana mancénkeun tugas pikeun ngarojong kamajuan média massa basa Sunda. Tangtu baé kaasup majalah “BD”.  Komo deui “BD” minangka média basa Sunda anu eusina syi’ar Islam.

Kuring rada ngaranjug basa maca lalampahan hiji tulisan beunangna Cécép Burdansyah, anu “miheulaan taqdir” (nambut istilah Asép Syamsul M. Romli). Tulisan kritis ngeunaan larapna Perda, anu dialung-boyongkeun, tug nepi ka kalah kapiheulaan dibaca ku nu boga tanggung jawab pikeun ngaréalisasikeun Perda (Majalah Cupumanik, No.26). Écés, ngarempak kodeu étik jurnalistik.

Disebut “miheulaan taqdir”  jeung ngarempak kodeu étik jurnalistik, da puguh éta tulisan téh tacan dimuat dina média massa, malah can tangtu aya nu ngamuat. Kuring milu béla sungkawa ku paéhna ajén inajén média massa Sunda, anu dicacampah siga kitu. Lebah dieu mah, pihak Disbudpar ogé henteu bisa disasalah sagemblengna, da nurutkeun béja mah tulisan Cécép téh dianteurkeun ku oknum wartawan nu ngadeuheus—nginjeum istilah Kang Ajip—nyanggakeun méntal hayang kapaké.

Sabada tulisan Cécép dibaca ku “nu boga tanggung jawab pikeun ngaréalisasikeun Perda”, Kepala Disbudpar Jabar, H. Idjudin Budhiana, M.Si (satuluyna rék ditulis Idjudin) nyieun tulisan anu dimuat dina Majalah Manglé, kalayan dijudulan “Larapna Perda Basa, Sastra jeung Aksara Sunda” (Manglé  No. 2030)

 Dina tulisanana, Idjudin nétélakeun yén taun 2005, Disbudpar Jabar dipercaya nguruskeun anggaran anu gedéna Rp 512. 710. 000,- (Limaratus duabelas juta tujuh ratus sapuluh réwu rupiah). Ari nurutkeun tulisan Cécép mah, gedéna anggaran téh Rp 2.000.000.000,- (dua miliar rupiah), pikeun waragad taun 2004/2005.

Anu matak rada kerung, ongkoh Idjudin nétélakeun anggaran duit taun 2005, tapi anu didadarkeun téh kagiatan taun 2003, saperti anu kaunggel dina tulisan Idjudin alinéa katilu. Sakanyaho kuring, Idjudin kakara dijenengkeun jadi Kepala Disbudpar dina taun 2004, mun teu salah mah bulan puasa.

Masih kénéh dina alinéa katilu, Idjudin nataan kagiatan taun 2004, di antarana: Penyuluhan Bahasa Cirebon sawilayah Cirebon (Kab/Kota Cirebon, Kab. Indramayu, Kab. Majalengka, jeung Kab. Kuningan), jeung biantara seserahan Upacara Adat Pangantén Sunda, jeung ngalélér pangajén karya tulis widang basa jeung sastra Sunda. Hartina, tilu kagiatan éta méakkeun waragad Rp 1.487.290.000,- (samiliar opat ratus dalapan puluh tujuh juta duaratus salapan puluh réwu rupiah). Mangga baé étang deui, bilih lepat mah.

Tulisan Idjudin mémang teu leuwih ti ngadadarkeun kagiatan Disbudpar sakaligus muji bébéakan kana sakur kagiatanana. Cindekna mah, Kadisbudpar Jabar téh hayang nétélakeun yén Disbudbar geus suksés ngalestarikeun tur ngamekarkeun basa, sastra, jeung aksara Sunda; henteu nampi nampi ical-galeuh kritikan!****


Pondok Mustika, 1426 Hijriyah


0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post