Carpon DHIPA GALUH PURBA
“ASIH tos pupus!”
“Asih geus maot!”
“Asih tilar dunya!”
“Asih modar!”
“Asih jengker!”
“Asih kojor!”
Mani rupa-rupa, ceuceuleuweungan
jeung paharus-harus. Padahal ku sakecap ogé piraku henteu matak kaharti. Malah sanajan
ukur digerenteskeun dina jeroning ati, da bakal pada-pada surti ieuh. Pileuleuyan
asih, nu paturay jeung puseur dayeuh. Geus euweuh! Nu maneuh nyeuseup galeuh
dayeuh binarung kebek kadeudeuh. Euleuh-euleuh, saparat jalan dayeuh, éta kohkol
kuat teu reureuh ditarabeuh. Nu karuleuheu ngaleut ngangkeuy ngabandaleut bari leungeun ngagisikan
cileuh. Henteu diteureuy, tapi keukeuh geuleuh. Aya deuih nu reuneuh,
rumanggieung bari
nyekel iteuk kalayan pageuh. Nu weureu, nu keur kanceuh teu-teu bureuteu, paadu
teuteup. Weuh… éstuning matak sareukseuk deuleu.
Kandaraan tingserebeng tingsalebrut cadu
patanya, sakapeung silih ségag ku klakson nu matak ngarawingkeun ceuli. Di
satengahing pabuisna patalimarga, masih kénéh pagaliwota nu baramaén, tukang
ngamén, tukang peremén, jeung anu caman-cémén. Lebah parapatan Jalan
Gardujati-Kebonjati, opat lalaki keur ngagugulung pasaran. Teu jauh ti dinya, di
St. Hall, opat wanoja aduregeng manggul pasaran. Tétéla, di mamana nyayagikeun
pasaran. Tangtu baé ngahudang panasaran. Malah tadina rék ngahajakeun tumanya
ka éta wanoja, ngarah laluasa tur rada betah ngajak ngawangkong ka nu gareulis
mah. Tapi matak ngajenghok, da geuning kalah maranéhna nu nyampeurkeun bangun
rurusuhan.
“Sumangga, geura numpak!” ceuk wanoja
anu pangjangkungna.
“Numpak naon?” puguh ngaranjugna
mah. Kakara ogé jonghok, ujug-ujug nitah numpak. Leuheung basa lamun nitah numpak
kana mobil, motor, atawa komo numpak manéhna mah.
“Heueuh numpak pasaran! Ari heug
numpak naon deui atuh?” nu buukna galing nyorongot. Ih, ari rupa camperenik, tapi
omonganana mani gahiral, aéh garihal.
“His, teu kénging kitu, geulis.
Kieu-kieu ogé abdi téh hirup kénéh. Sawios badé mapah baé, da kiat kénéh…” témbal
téh kalayan satékah-polah nyabar-nyabar karep.
“Bedegong pisan mayit téh!” nu pangpendékna
nyelengkeung. Aéh, aéh, naha
bet ngaréken mayit? Sugan teu bisa dileuleuyan mangkeluk téh? Cacak lamun teu gareulis,
geus tatadi mula ditalapungan hiji-hiji. Tapi kakara ogé rék nyarita, ana rob téh
puluhan wanoja nu leuwih camperenik, nyalampeurkeun bari neuteup seukeut kalayan jajauheun kana
geugeut. Teuing ti lebah mana jolna. Nu écés mah kabéhanana ogé manggul rupaning
barang nu matak muringkak bulu punduk.
“Sok, geura
numpak kana pasaran!”
“Hayu, mending
kénéh numpak cikrak!”
“Mending numpak dongdang!”
“Bisi hayang kana ambulan, geus
disiapkeun di Rumah Sakit Iyén!”
Diriung ku puluhan wanoja nu geulisna tanding sélébritis, kalah araringgis.
Komo basa nu pangjangkungna ngusapan pipi ku… cokorna.
“Bangkawarah pisan siah,
geulis! Wani-wani nyurilam ka aing! Aing
téh masih kénéh walagri!” antukna amarah ngagulidag, méh baé teu
katadah.
“Nu matak, sok geura numpak!”
“Piraku aing kudu numpak kana
paranti mawa mayit!”
“Aéh, aéh, naha bet ngambek? Apan manéh téh mayit!”
kituna téh bari
srog ngaléngkah leuwih ngadeukeutan, éstuning bangun taya kasieun.
“Aing mah hirup kénéh!”
“Meunggeus lah, tong ngaborongkeun sagala. Kabéh ogé geus nyarahoeun,
manéh téh mayit!” pokna, kalayan dihaminan ku tingcikikik bari unggeuk kabéhanana. Taya hiji ogé anu gideug.
Basa maranéhna tingcikikik tur arunggeuk, bet ras inget ka sawatara diskotik
kelas kakap. Enya, asa beuki inget. Maranéhna pisan ungkluk nu sok marangkal di
wangunan agréng kalayan taya nu wani nyisikudi, komo ngabuburak. Wah… tangtuna
ogé kiwari maranéhna beuki mucekil. Boa-boa maranéhna nu ngadongsok sangkan pacabakan
Asih dibuburak, ngarah bisa mulut bati leuwih medah-meduh. Tapi… mémang lain
lawaneun nu kararieu mah. Walikota ogé pasti mikir sarébu kali lamun kudu ngalawan
nu kararieu.
Sakolébat sapasang panon néwak juringkang Si Malik jeung Si Darno. Duanana
aléprak semu nu atoh. Héab, amarah muncak kana embun-embunan.
“Déngékeun ku saréréa! Aing téh hirup kénéh! Naha perelu némbongkeun surat katerangan hirup?!”
“Euweuh gunanana. Sakali mayit, tetep wé mayit! Meunggeus, leuwih hadé
ngaku baé!”
“Moal! Nepi ka iraha ogé tetep moal ngaku, da teu rumasa! Bisi
hayang nyaho, nu maot mah Asih! Asih! Lain aing!” kapaksa nyentak deui,
bonganna mani kamalinaan pisan, teu bisa ngabédakeun nu hirup jeung nu paéh. Padahal
asa euweuh nu anéh tina papakéan ogé. Calana lévis belél anu keur ngetrén tur
ka kaluhurna maké kaos biru anu tulisanana: Demi
PERSIB Aku Réla Mati! Baju paméré ti babaturan kuliah.
“Hayoh geura naék! Geus lah mayit mah teu perelu mikiran maén bal
sagala!” pokna nu galing téa. Anéh, naha
manéhna bet bisa nyaho kana gerentes eusining haté?
“Sakali deui, aing mah lain mayit! Aing boga hak nyarita ngeunaan maén
bal, sabab aing masih hirup jeung sarua mayar pajeg! Nu maot mah asih! Asih!”
“Tah kitu, mayit jaman ayeuna mah. Geus jelas mayit, kalah ngaduduh ka
batur. Urang rarejeng wé ku saréréa!” ceuk nu pangbegangna bari ngarérét ka puluhan wanoja séjénna.
Aduh, cilaka anjir! Najan wanoja ogé, ari jumlahna puluhan mah
tangtu moal kuat ngayonanana. Hiji-hijina jalan nyaéta: beretek! Lumpat satakerna
tur sakulampat-lampét bari
teu nolih titincakeun, éstuning pager dirurug, lampu beureum dirumpak. Enyaan,
diudag-udag ku nu gareulis ogé kalah sepor jantung, ari rék diajakan numpak kandaraan
mayit mah.
“Ulah kabur siah, mayit!”
“Eureun euuuy! Pamali mayit lulumpatan mah!”
Nu ngudag teu eureun ceuceuleuweungan. Untung wé lumpat ogé ngadadak
tanding ucing ari dibarung kasieun mah. Sakolébat karérét aya gang sempit anu ditulisan
“Gang Buntu”. Teu loba mikir, blus baé
asup ka jero gang. Jep, anu tingceuleuweung téh ngadadak jempé. Panasaran, ngarandeg
heula bari
ngalieuk. Bréh, puluhan wanoja tingjaranteng lebah sungut gang. Taya nu wani ngudag
ka jero gang. Puguh baé haté rada ngemplong. Kakara nyaho, manahoréng gang buntu
téh mangrupa sorangeun keur sing saha baé anu geus buntu laku.
Tina gang buntu, bras ka jalan satapak sisi sawah. Ah, teu singna
buntu geuningan. Malah asa gancang naker anjog ka lembur. Padahal ilaharna mah
ti péuseur dayeuh téh kudu numpak beus, disambung ku angkutan padésaan, pleus sésana
numpak ojég. Lalampahan nu kuduna opat jam téh ukur memenitan ari ngaliwat ka
gang buntu mah. Kira wanci tunggang gunung, angin tingtrim pilemburan geus
mimiti karasa ngusapan sakujur awak.
Ké, ari di lembur geus arapaleun kitu maotna asih? Boa tacan
nyarahoeun. Kabeneran palebah pertélon aya pos ronda. Nu pangpentingna, di
hareupeun pos ronda ngagantung kohkol. Kop kana panakol, sarta dipaké nakol
kohkol, kentrong tilu. Urang lembur mah tangtu bakal surti, kentrong tilu téh hartina
aya nu maot. Tapi anéh, mani jempling. Biasana Mang Ahro, Bi Iroh, atawa Bi
Nasih, sok tuluy nyorowok tumanya: Saha nu maooot? Tapi boa maranéhna geus leuwih
tiheula nyarahoeun. Ana kitu mah kentrong tilu téh sakadar ngabéjaan bulu tuur.
“Héy, Cép Darma, geuning di dieu kénéh? Itu geus ngadaragoan di
imah! Hayoh geura mulang!” teuing ti lebah mana jolna, Hansip Baron geus ngajega
hareupeun.
“Éh, Mang Baron. Kumaha damang, Mang?” pok téh bari nyolongkrong ngajak sasalaman.
“Pangésto. Enya, heug, dihampura pisan. Sok ayeuna mah geura mulang!
Karunya nu ngadaragoan…” témbal Mang Baron bari leungeun katuhuna nampanan dampal
leungeun. Sasalaman téh asa béda. Naon maksudna leungeun kénca Hansip Baron ngusapan
sirah? Jeung deui, tadina mah réa anu hayang ditanyakeun ka Hansip Baron. Boh
ngeunaan anu ngadaragoan di imah, atawa kaayaan lembur salila lima taun ditinggalkeun ngumbara. Hanjakalna Hansip
Baron bangun ngarurusuh nitah balik. Antukna léos baé ninggalkeun Hansip Baron,
muru jalan ka imah anu réa robah.
![]() |
Dramatisasi Carpon "Angling Asih" oleh Laskar Panggung Bandung, Sutradara Yusef Muldiyana di Teater Terbuka, Taman Budaya Jawa Barat, 18 Agustus 2007 |
Teu karasa, dampal suku geus ngagaléntoran lemah pakarangan imah. Ké,
naha batur bet ngarumpul
di imah? Naha ? Jalma
mani ngagimbung tur ngantay lebah lawang panto. Mang Amanta leumpang semu rurusuhan
ka sisi jalan bari
mawa bandéra hideung anu ditalikeun kana suluh. Ceb, ditancebkeun sisi jalan,
teu patih jauh ti pakarangan imah. RT Lili nuturkeun bari mawa bandéra warna konéng. Srog, ka
hareupeun Mang Amanta.
“Ulah ku warna hideung atuh! Tangara nu maot mah warnana kudu konéng!”
pokna RT Lili bari
rada muncereng.
“His, di mamana ogé tangara nu maot mah kudu hideung. Bisi teu
percaya, hayu urang lalajo sinétron. Lamun adegan ngalayad anu maot, pasti maké
baju hideung!” témbal Mang Amanta.
“Lain! Salah kabéh ogé! Anu bener mah maké bandéra bodas! Bodas téh
apan lambang kasucian. Sok wé cirikeun, nu maot mah pasti dibungkus boéh. Ari
nu ngaranna boéh, tara aya nu rupana konéng!” teuing
ti lebah mana jolna, Kadus Ukar ujug-ujug ngaronghéap bari mekel bandéra warna bodas.
“Pa Kadus, di mamana ogé pami aya nu pupus mah sok nancebkeun bandéra
konéng…” RT Lili keukeuh kana pamadeganana.
Panasaran. Anu keur hog-hag téh disampeurkeun.
“Pa Kadus, Mang RT, Mang Amanta, kumaha daramang? Punten sakedap, dupi
anu maot téh saha?” tanya téh bari
solongkrong ngajak sasalaman.
“Enya, heug, dihampura pisan. Geus ulah loba tatanya. Tuh, anu
ngalayad geus narungguan ti isuk-isuk. Sok, ayeuna mah buru geura ngajepat di
tengah imah!” témbal Kadus Ukar.
“Kumaha maksad Pa Kadus téh? Asa kirang ngartos abdi mah…”
“Ilaing pan geus maot, naha
masih kénéh kulayaban?” pokna RT Lili bari
mencrong seukeut naker.
“Maot? Abdi mah teu acan maot, Mang RT! Nu maot mah asih! Sanés abdi…”
témbal téh bari
kerung. Teu di kota ,
teu di lembur, bet ngaduduh maot ka nu masih kénéh hirup.
“Enyaan, nu maot jaman ayeuna mah sok loba nyarita…” Mang Amanta ngagerendeng
bari ngusap
beungeut.
Rét ka lawang panto. Beuki teu hayang baé ngadeukeutan imah. Padahal
tadina mah geus diniatan rék munjungan ka kolot, ménta dihampura tina sagala
rupa dosa. Tapi naha
saréréa bet ngaduduh maot? Fitnah éta téh! Mangkaning fitnah leuwih kejem batan
henteu mitnah, aéh batan maéhan!
![]() |
Dramatisasi Carpon "Angling Asih" oleh Laskar Panggung Bandung, Sutradara Yusef Muldiyana di Teater Terbuka, Taman Budaya Jawa Barat, 18 Agustus 2007 |
Asa leuwih hadé nyalingker ka pipir, rék noong kaayaan di jero imah.
Tapi di pipiereun imah éstuning matak ngagebeg deui baé. Pangna kitu, aya sawatara
ahli ngaweredonan anu keur badami
ngeunaan téknis ngamandian mayit.
“Urang kudu nyiapkeun gayung jeung dreum anu badag…” ceuk Mang Sarkowi.
“Henteu perelu, cukup jambangan jeung
cérét wé!” témbal RW Uloh.
“Ké, ké, ari sabunna geus disiapkeun?”
Mang Dasmin nyelengkeung.
“Teu perelu maké sabun sagala. Malah hadéna mah dimandian ku salapan sumber cai
jeung diawuran tujuh rupa kembang!” kitu pokna Mas Tono.
“Ké, punten, dupi anu maotna saha?”
antukna ngawani-wani karep tumanya ka nu keur meujeuhna guntreng.
“Apan ilaing! Meunggeus, nu maot mah
ulah loba tatanya, kumaha anu hirup wé! Jig, geura asup ka imah!” témbal RW
Uloh. Enya, ti baheula ogé mémang RW Uloh mah kakoncara arogan, otoritér, hayang
meunang sorangan. Moal aya benerna ngadebat ogé. Leuwih hadé indit.
Ras inget ka Makam Jambu. Panasaran deui baé, hayang ngalongok
kaayaan di makam. Léos indit, muru jalan satapak anu brasna ka Makam Jambu.
Saparat jalan, kabandungan loba anu keur guntreng nyaritakeun nu maot. Angger henteu
jelas, saha nu maotna? Sanajan geus diécéskeun sababaraha kali, anu maot mah asih.
Anéh, saréréa tetep cangcaya. Matak, isuk jaganing géto, leuwih hadé ieu jalan téh
dingaranan Jalan Cangcaya.
Bras, ka Makam Jambu. Jang Among jeung sababaraha pamuda geus mimiti
ngali kuburan. Malah nu séjénna ogé aya nu keur nyieun tutunggul jeung maésan.
Aya ogé nu nataharkeun padung, dalika,
keteb, tataban tug nepi ka anu nataharkeun gegelu jeung gandu.
Teu lila, torojol Jang Ook jeung Si Aték kalayan langsung nyampeurkeun ka nu
keur digarawé.
“Ulah dikubur euy! Mending urang palidkeun wé ka walungan!” pokna Jang
Ook.
“His, naha
kalah dipalidkeun? Di mamana ogé, nu maot mah kudu dikubur!” témbal Jang Among.
“Tapi ceuk sayah mah asa alus kénéh disimpen di guha!” ceuk Si Aték bari nyerebungkeun haseup
udud.
“Ti jaman pendékar ogé, mayit mah alusna dimumikeun, disempen jero guha…”
Jang Ook keukeuh kana pamanggihna.
“Ayeuna geus lain jamanna atuh euy!” Jang Among muncereng.
“Ké, ké, saha sabenerna anu maot téh? Aing mah bingung tatadi mula.
Cik atuh béjaan aing lah…” bubuhan ka babaturan saentragan, nanya téh henteu
asa-asa.
“Aya wé… moal dibéja-béja!” témbal Jang Among bari ngiceupan ka Si Ook. Tétéla, Jang Among
ogé saruana pisan jeung nu séjén, pasti ngaduduh maot. Padahal manéhna téh
sobat dalit ti jaman keur budak.
Teu hayang lila di Makam Jambu. Komo bari teu diwaro ku babaturan. Nyeri pisan ieu
haté. Rék kumaha deui hirup, lamun babaturan baé geus henteu daék ngawaro! Kajeun
teuing kétang, kari néangan deui nu sakira-kirana daék ngawaro. Cik, susuganan
di warung Ceu Enung mah aya kénéh nu bisa diajak nyarita. Sasarina wanci
pasosoré pisan warung Ceu Enung keur meujeuhna haneuteun.
Teu salah tina ijiran, barang srog ka buruan warung Ceu Enung, loba
pamuda ngagimbung. Malah lain pamuda wungkul, da pakolot ogé siga nu embung éléh.
Cikopi jeung lalawuh buatan Ceu Enung mémang dipikalandep ku urang lembur.
Teuing pédah rasana anu ngeunah, atawa bisa jadi alatan Ceu Enung anu gumuleng
tur saumur-umur jadi randa. Kuwu Amas ogé sok ngersakeun ngopi di warung Ceu
Enung. Tuh, kabeneran ayeuna Kuwu Amas keur anteng ngaregot cikopi bari sakapeung maling rérét
kana imbit démplon Ceu Enung.
“Asih geus maot! Asih geus maot!” ngahaja nyelengkeung, ngarah saréréa
langsung ngadéngé.
“Naon? Saha nu ngomong asih geus maot? Jaga létah manéh siah! Aing
teu narima lamun asih diduduh maot! Asih masih kénéh hirup!” Kuwu Amas
tibuburanjat nangtung bari
tuluy nulak cangkéng.
“Kunaon abdi teu teu kénging nyebat
maot? Padahal tos jelas, asih parantos maot…”
“Jaga omongan manéh!Manéh
kudu buru-buru tobat! Manéh kudu nyaho yén asih moal maot, saméméh aya perang
campuh antara dua golongan rongkah anu kayakinanana sarua!” pokna Kuwu Amas.
“Abdi satuju, Pa Kuwu. Margi, perang téh ayeuna
nuju lumangsung. Kiwari urang keur ngayonan perang budaya, perang komunikasi,
perang ékonomi, jeung perang-perang séjénna! Asih geus maot. Tapi asih teu
perelu dikubur! Malah lamun bisa mah asih kudu dihirupkeun deui. Asih pasti
bisa hirup deui!”
“Meunggeus, ulah loba ngabacot siah!
Budak kamari soré manéh téh! Sangkilang geus jadi mayit, masih kénéh loba nyarita.
Hayu urang rarejeng ku saréréa!” Kuwu Amas
nyerenteng bari
hahaok.
“Hayu! Sok urang téwak mayit
kulayaban téh!” nu séjénna mani raéng. Taya kasempetan keur lumpat. Kabéhanana
mani napuk ngarejengan. Awak pasiksak mani hésé usik, mangkaning aya nu
marieuskeun leungeun sagala. Kocéak dengék geus taya nu miroséa.
“Ampuuun! Aing mah hirup kénéh! Aing
mah lain mayit! Hirupkeun deui asih! Asiiih…!”
Kaayaan ngadadak simpé. Nu ngarejengan mimiti laleupas. Nyéh, beunta
lalaunan. Panon ngulincer ka sabudeureun, nengetan hiji-hijina anu keur
ngariung. Méh kabéhanana ngadadak cengkat bangun nu kagét. Anu narangtung di
lawang panto tingburiak ka luar bari
semu nu soak. Ka mana Kuwu Amas? Ka mana Si Among? Ka mana Ceu Enung? Nu dariuk
ngariung téh geuningan aya ema jeung bapa, katut duduluran anu keur panonna
beueus kénéh ku cimata. Rét ka nu keur sarila di kéncaeun, aya Ustad Otong, Mama
Iking, Lebé Doya, Kadus Ukar, jeung RT Lili. Anu leuwih hémeng, naha awak téh ujug-ujug nangkarak
di tengah imah bari
disimbutan kaén bodas. Awak karasa pasiksak, teu puguh rasakeuneunana.
“Bapa-bapa, ibu-ibu, ogé para hadirin sadaya. Omat, sanés jurig ieu
téh Numutkeun pamendak simkuring mah, rupina Cép Darma téh ngalaman anu disebat
mati suri téa. Jadi, Cép Darma mémang teu acan pupus,” kitu pokna Ustad Otong.
Mati suri? Boa enya nu diomongkeun Ustad Otong téh? Ras inget basa
keur galungan jeung puluhan anggota Satpol PP. Mimitina teu niat riributan.
Tapi amarah ngahéab basa nyaksian Asih keur direjengan ku sababaraha urang
anggota Satpol PP. Euweuh kaéra pisan lalaki téh, wanina ukur ngahurup awéwé. Anu
keuheul pisan mah ka Si Darno. Sababaraha poé saméméh lokalisasi Saritem ditutup,
Si Purunyus téh kungsi nyaréan Asih. Jaba hayang meunang diskon salaku layanan
husus keur anggota Satpol PP. Kari-kari Si Kéhéd milu nyégel Saritem. Bener omongan
Ceu Rukayah, tukang kios di Alun-alun. Si Darno mah pagawéan méntaan udud,
dahareun, duit, pajarkeun téh ngarah teu dibuburak mangsa rajia PKL. Kanyataanana
mah tai pedut. Kios Ceu Rokayah diringkid jeung eusi-eusina, ditaékeun kana treuk
anu dibeuli jeung dibéngsinan ku duit rayat. Hanjakal maké jeung cangcaya kana lalampahan
Ceu Rokayah. Hanjakal, Asih! Hanjakal Si Darno henteu digampleng, basa ménta
gratis nyaréan Asih.
Deudeuh teuing, Asih. Di mana anjeun ayeuna, Asih? Mangkaning bapa anjeun
keur gering parna. Disalametkeun ku Si Malik kitu anjeun téh? Ah, pamohalan teuing.
Geus sababara poé ogé Si Malik mah teu katingali irung-irungna acan. Padahal
saméméhna mah teu sirikna pulang-anting ka Saritem, ngamar jeung Asih bari gratis. Enya,
gratis, da manéhna ngaku pulisi. Angkanan Asih, susuganan lamun mangsa
karerepet bisa dipuntangan tulung. Tapi tétéla, hésé dicepengna geuning omongan
jelema terhormat mah. Boa Si Malik ogé kalah milu jeung pasukan anu ngabubarkeun
Saritem. Salawasna Saritem bakal jadi saksi kamunapékan Si Darno jeung Si
Malik.
“Duh, Asih. Mayang Asih. Camperenik pisan ngaran anjeun téh. Rupa
anjeun, sikep anjeun, sagalana anjeun sing sarwa camperenik. Asih, ulang cangcaya
lamun ieu haté teu weléh micangcam anjeun. Aya cinta dina ieu sagara rasa.
Salaku lalaki, tangtu boga hak micinta wanoja nu kumaha baé satungtung luyu
jeung kereteg ciptaning ati. Sabalikna, anjeun ogé, salaku wanoja anu sarua manusa,
tangtu boga hak dipikacinta. Nepi ka iraha baé, ukur ngaran anjeun anu rék
dipiara dina ieu dada…” aya gerentes dina jeroning dada kalayan teu diréka-réka.
“Cép… Cép Darma! Sok geura istighfar, sanés molohok baé…” Ustad
Otong ngabuyarkeun rupaning sawangan.***
Ranggon Panyileukan, 1426-1428 H
Komentar