Sajak keur Wanci





Sajak Dhipa Galuh Purba


I
Ieu sajak ditulis pikeun mapag balébat anyar
Balébat nu reumbeuy harepan
Sabada nyorang pirang-pirang tunggara, lara katalangsara
Di lemah cai loh jinawi nu leubeut lalakon kingkin
Tina jumerit nu kahuruan, kocéak nu kacaahan…
Tina jumerit nu kalaparan, kocéak nu hanaang
Tina jumerit nu dinyenyeri, kocéak nu dikakaya
Haling aling-aling nu mindingan karungsing!
Da geuning tiis jempling
henteu bisa nyingraykeun lalangsé éling

Ieu sajak minangka jengléngan cinta keur anjeun
Da bongan urang diguratkeun
pikeun silih udag tur paudag-udag
silih susul tur pasusul-susul
Sakapeung leumpang babarengan
silih teuteup binarung geugeut
Najan urang henteu kungsi paheut


II
Naha atuh anjeun téh mindeng ngapilainkeun?
Naha anjeun tara ngalieuk mangsa ngajaul ka jauhna?
Basa anjeun beuki jauh ninggalkeun
Aya timburu nyangkaruk ngarumeukan kalbu
Da bongan anjeun siga nu pilih-kasih
Najan sabenerna haté banget yakin:
Anjeun tara cueut ka nu hideung
tara ponténg ka nu konéng
tara pipilih ka nu beresih
tara ngalédot ka nu laledok

Réa nu ngudag-ngudag anjeun
Boa sakumna mahluk kabungbulengan
Hayang laksana réndéngan jeung anjeun
romantis
Sabab saréréa geus pada surti:
sing saha anu henteu bisa micinta anjeun,
mangka hirupna bakal rugi.

Tangtu ieu diri embung rugi.
Najan anjeun geus lunta leuwih tiheula
ieu diri mani yakin, yén anjeun tetep nganti
pikeun marengan muka tulak kabagjaan

Bray… wanci nu reumbeuy pangharepan!


Ranggon Panyileukan, 31 Desember 2007



写给时光的诗
Dhipa Galuh Purba


这首诗是为迎接黎明而写
那充满希望的黎明
历经了艰难   充满困苦的时光
在那到处都有伤心故事的富饶的祖国
从遭受火灾水患的人的啼声
从饥饿干渴的人的啼声
从受伤害受虐待的人的啼声
让那掩盖悲痛的阴霾消散吧
因为就是在寂寞中也不能掀开那掩盖醒悟的云雾

这首诗是送给你的爱的标志
那是因为命中注定我们要
相互追逐
相互争先
有时也走在一起
充满愉悦地相视
虽然都未曾相约


你为什么常常那么不在意
你为什么远离时也未曾抛我一眼
当你走得越远的时候
有种吃醋感污染着心灵
那是因为你好像有失公平
虽然心里确信:
你没有偏向黑颜色的
没有偏袒黄颜色的
没有优待白净的
没有奚落不干净的

那么多人在追逐你
也许,所有的生灵都在疯狂
想与你并肩
浪漫
因为所有的人都清楚::
无论谁没有爱惜你
他的生活都将亏损

这自身当然不愿亏损
虽然你早先已经远去
这自身十分确信,为开启幸福的门锁
你将依然等待

 闪亮  ...... 充满希望的时光


Ranggon Panyileukan,  20071231

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post