Sajak Sunda: Ema dina Sukma

Sajak Dhipa Galuh Purba

Lawas angin kahéman sumarambah
Di tungtung kalangkang kahayang
Naha enya sagalana sarwa anggang
Ema, anu minuhan kalakay sukma
Duka kedah kumaha, Ma

Aya dulag anu ngagedurkeun jajantung
Ngaguruh takbiran ti saban masigit
Ngamalirkeun susukan anu kiruh
Didieu, Ma, kiwari abdi ngancik
Na sukma anu teu sugema
Sukma nu teu weleh tunggara

Ema,  muga angin tingtrim ngaharewos
Pasti bakal aya méga-méga kamelang
Lebaran ayeuna, abdi teu tiasa mulang
Kalakay sukma tinggurawil
Dina dahan anu reunggas…
 Cipadung, 1 Syawal 1421 H



0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post