Anugrah Budaya Kota Bandung 2009





ANU kaopat kalina “Anugrah Budaya Kota Bandung” dihaturkeun ka para tokoh anu dianggap gedé jasana dina miara, ngamumulé, jeung ngamekarkeun kabudayaan sunda. Dina taun ieu, aya genep urang tokoh anu dilélér anugrah téh, diantarana Kang Ibing, Héndarso, Jéihan Sukmantoro, Purwacaraka, Iyar Wiarsih, jeung Éndo Suwanda. Dina taun 2006 ngalélélér genep anugrah, taun 2007 ngalélér 10 anugrah, taun 2008 ogé ngalélér 10 anugrah. Hartina, dina taun 2009, dikurangan opat urang. Padahal, dina sambutan tinulisna, Drs. Priana Wirasaputra, MM., Kepala Dinas Kabudayaan dan Pariwisata Kota Bandung, nétélakeun yén ajén anugrah budaya taun 2009 satékah-polah ditingkatkeun, boh kuantitasna pon pilalagi kualitasna.

Nilik kana komposisina , biasana anu dilélér anugrah téh diwengku ku tokoh jeung lembaga. Dina taun 2009 mah ukur tokoh-tokoh wungkul,


Tan Déséng henteu jadi dilélér anugrah. Padahal, dina daptar eusi buku panduan “Anugrah Budaya Kota Bandung 2009”, ditataan ngaran-ngaran anu dilélér anugrah budaya, diantarana aya ngaran Tan Déséng. Tapi, dina kanyataanna Tan Déséng mah henteu dilélér éta anugrah.

Acara pamasrahan Anugrah Budaya Kota Bandung 2009 lumangsung di Grand Pasundan Hotel, Bandung (10/12). Ngahaturkeun wilujeng ka Kang Ibing, Hendarso, Jeihan Sukmantoro, Purwacaraka, Mamah Iyar, jeung Endo Suanda anu dilélér Anugrah Budaya Kota Bandung 2009. ***(DGP)



0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post