Indonésia Bersama, Indonésia Bergema di Gedong Kasenian Rumentangsiang




“Tak pernah kau Cinakan aku
Di matamu aku Tionghoa
Di hatimu aku Indonésia..”

KITU cutatan sajak anu judulna “Ketemu di Jalan” karya Soeria Disastra, anu dibacakeun langsung ku panyajakna, sarta dimusikalisasi jadi hiji lagu nu matak kataji. Pembacaan sajak, lagu, tari, jeung rupaning kamonésan seni séjénna digelar di Gedong Kasenian Rumentangsiang, Jl. Barangsiang No. 1, Bandung (30/08/2007).  Tangtuna ogé, ieu acara nu jejerna “Ïndonésia Bersama, Indonésia Bergema” téh minangka salahsahiji pangbagéa 62 taun Indonésia Merdéka.

Acara “Ïndonésia Bersama, Indonésia Bergema” bias lumangsung ku ayana rampak gawé antara Komunitas Sastra Tionghoa-Indonésia (KSTI), Happy Vocal Grup, Paduan Suara Kota Kembang, Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda, jeung Yayasan Jendéla Seni Bandung.



Acara dibuka ku nyanyi Indonésia Raya babarengan, diluluguan ku Happy Vocal Grup. Sanggeus kitu, sababaraha lagu nasional dihaleuangkeun ku Happy Vocal Grup jeung Paduan Suara Kota Kembang. Sajabana ti éta, lagu-lagu Sunda ogé dipidangkeun ku Paduan Suara Kota Kembang, anu anggotana didominasi ku seniman jeung seniwati turunan Tionghoa. Aubna urang Tionghoa jeung Sunda dina hiji panggung kasenian, dipiharep sangkan bisa leuwih ngaraketkeun tali babarayaan, kitu ceuk Érwan Juhara, ketua umum Yayasan Jendéla Seni Bandung. Siga anu kabandungan dina sajak “Ketemu di Jalan”, mangrupa réfléksi tina pangalaman panyajak ngeunaan éndahna hirup babarengan kalayan henteu masualkeun ras atawa suku.

Masih kénéh dina acara “Ïndonésia Bersama, Indonésia Bergema”, sawatara panyajak Sunda jeung Indonésia macakeun karya-karyana, saperti Ayi Kurnia, Rinrin Candraresmi, Kéanan, jeung sajabana. Lain baé sajak jeung lagu, kaasup tari ogé teu tinggaleun dipidangkeun. Upama ti Tionghoa midangkeun tari Merak, mangka ti Sunda midangkeun tari Jaipongan, anu diwakilan ku grup Éga Robot. Pikeun leuwih ngeuyeuban tur nyegerkeun acara, kelompok lawak “Bawél Grup”ogé dipentaskeun dina éta acara.

Minangka puncak acara, dipidangkeun rampak kendang ti grup Éga Robot, kalayan meunang pangbagéa tin u lalajo nu minuhan gedong kasenian Rumentangsiang. Saréngséna acara puncak, nu lalajo masih kénéh betah dina korsina séwang-séwangan. Mungkas acara, babarengan nyanyi “Halo-Halo Bandung”.

Dina bintara pangbagéana, Suria Disastra ngarasa sugema ku bias lumangsungna acara “Ïndonésia Bersama, Indonésia Bergema” kalayan gawé bareng jeung sawatara komunitas anu titén kana seni budaya bangsa. Soeria anu ogé nyangking kalungguhan minangka ketua KSTI, miharep sangkan acara samodél kitu bisa lumangsung sacara kontinyu tur leuwih euyeub deui. Teu pati béda jeung Étty RS., pupuhu Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda. Dina pidato pangbagéana, Étty ogé ngarasa bungah ku ayana rampak gawé antara komunitas Sunda jeung Tionghoa. Étty ngararancang dina taun nu baris datang mah acara kolaburasi pintonan seni budaya “Tionghoa-Sunda”, bakal leuwih dieuyeuban deui.*** (DGP)



















0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post