Sajak Sunda: Nun Nu Agung





Sajak DHIPA GALUH PURBA

Nun Gusti Nu Maha Asih
mundut widi abdi seja susuci
sumujud nundung laku lampah salah
sumerah salaksa bayah

dina amparan sajadah
panggugah hidayah
ka Anjeun masrahkeun diri
nyanggakeun sadaya-daya

galindeng kalam ilahi
ti saban munara masjid
meupeus simpé wanci janari
ngageuing ati ngahudang rasa rumasa

diri nu lamokot ku dosa
sadrah mundut pangampura Gusti
tina sagala lampah nu salah

duh… Gusti Robbul Izzati
mugi Gusti nampi tobatna abdi
detik ieu seja ngubur tapak diri
nu tos hilap ka temah wadi
nu teu tumut ka Nu Agung


ampun.... Gusti...


(Ranggon Panyileukan, 2009)




0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post